Sasakala Reungit Disada Kana Ceuli

Jaman baheula aya hiji nagara reungit anu diratuan ku reungit awewe. Eta nagara pohara beungharna. Tentarana garagah, patihna satia. Sang ratu reungit oge kacida gindingna. Pakeanana hurung-herang, make geulang jeung suweng emas.

Dongeng Buhun

Dina hiji peuting, keur meujeuhna jemplang-jempling, aya jelema asup ka karaton ratu reungit tea. Kabeneran tentara anu jaragana sarare mani talibra, atuh jongjon eta jelema asup ka kamar ratu. Kabeneran ratu oge keur tibra deuih. Karayap eta jelema ngadeukeutan ratu reungit, tuluy suweng nu dipake ku ratu reungit dicokot. Tapi kakara oge dicokot sabeulah, ratu reungit kaburu hudang manten, tuluy gogorowokan, "Bangsat...! Bangsaat...! Bangsaaattt...!!!"

Eta jelema kaluar, terus kabur mawa suweng sabeulah. Tentara anu jaraga tea tuluy ngarudag, tapi eta jalma teu kasusul.

Isukna ratu reungit marentah ka tentara jeung rahayatna. Pokna, "Ti saprak ayeuna, sakabeh bangsa reungit kudu nareangan suweng anu dipaling tea! Tempoan dina unggal ceuli jelema!"

Ti harita, sakabeh reungit nareangan eta suweng. Nepi ka kiwari reungit-reungit teh masih keneh nareangan eta suweng, nempoan kana ceuli jelema-jelema bari disada, "Suengngng...! Suengngng...! Suengngng...!" (*)

Sasakala Reungit Disada Kana Ceuli Sasakala Reungit Disada Kana Ceuli Reviewed by Rupa Sundapura on 21.19 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.