Cerewed

Barakatak

Budak: "Ema, bener kitu Ujang teh urang Sumedang?"
Indungna: "Bener pisan!"
Ujang: "Geuning ayeuna aya di Bandung?"
Indungna: "Kapan urang teh geus pindah da Bapa maneh digawena di Bandung."
Ujang: "Ari Bapa kitu urang mana, Ma?"
Indungna: "Aslina mah ti Garut!"
Ujang: "Ari Ema enya nyah asalna ti Cianjur?"
Indungna: "Enya bener. Ku naon bet tatanya wae?"
Ujang: "Puguh bingung Ma. Naha nya ayeuna bet karumpul di dieu?" (*)

Cerewed Cerewed Reviewed by Rupa Sundapura on 21.19 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.