Bubuy Sampeu, Gula Kurud

Fiksi Mini Basa Sunda

Liwat sareureuh budak. Paneker geus dicekeskeun. Gundukan kararas mimiti ngelunkeun haseup ipis, laju ngabebela, dihakan si jago merah.

Regang rambutan, pangpung jengkol, dahan peuteuy, kalakay, nu gararing, nu dikumpulkeun samemehna, ditumpukeun, di luhureunana.

Seuneu, beuki ngabebela. Disongsongan angin peuting, nu liwat, ngiwat silalatu.

Raray beuki kaheab. Panas saawak-awak.

Sarung geuwat disolempangkeun. Iket jadi sulampe, nyusut kesang nu mimiti ngagarajag.

Teu meunang ngejat. Ngemit seuneu, kudu angger hurung. Terus ngaduruk. Age-age ngaruhak, ngalebu. Sangkan gancang muruhmuyna beuti sampeu. Sabab, gula kawung geus dikurud. (*)


Diropea tina Grup Fikmin Basa Sunda di Facebook
Bubuy Sampeu, Gula Kurud Bubuy Sampeu, Gula Kurud Reviewed by Rupa Sundapura on 21.06 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.