Hampura, Kang...

Naha teu ngelol-ngelol geuning SMS ti manehna teh? Keclak cimata mimiti maturan gerentes hate nu ngarasa kacida nineungna. Enya, asih munggaran teh geuning hese pisan ingkah tina rohangan hate, cacak-cacak tas puluhan taun kaliwat. Kamari teh bibirigidigan keneh basa babaturan ngobrol masalah 'cinta lama bersemi kembali'. Asa araraheng tuda kudu papacangan deui jeung babaturan baheula nu sarua kungsi silih mikanyaah. Malah lolobana mah kapan nepi ka pepegatan jeung salaki atawa pamajikanana alatan kitu teh.

Carita Pondok

Kamari masih omatomatan ka nu jadi babaturan perkara eta. "Yeuh, sobat kuring ayeuna keur urusan jeung pangadilan agama, pamajikanana kapanggih reureujeungan deui. Kade ah bisi siga kitu!" cekeng teh.

Da enya atuh, kuring nyaho pisan ka pamajikan ki sobat teh lantaran mindeng ngulampreng ka imahna jeung salaki. Titingalian mah kurang kumaha ajen ka nu jadi salaki. Salaki balik gawe, gura-giru nyieun cai kopi. Sut-set nyadiakeun daharna. Ngan memang manehna teh meusmeus ditinggalkeun ku ki sobat ka luar kota. Balikna rata-rata sabulan atawa dua bulan sakali.

Teuing kesepian tea meureun atawa naon lah teu ngarti. Ujug-ujug aya beja ti ki sobat yen pamajikanana kapanggih hahadean deui cenah. Kuring jeung salaki kacida ngilu kuciwa kana ketak pamajikanana.

Enya karek kamari kuring kakadean ka babaturan perkara eta. Naha ayeuna bet diri sorangan anu ngawang-ngawang ngaliwatan marcapada poho di bumi alam? Naha ayeuna bet diri sorangan anu teu bisa sare tibra lantaran mikiran manehna. Duh gusti, naha bet kieu? Ieu cimata nanahaon atuh anu ngeclak teh? Cimata kaasih? Cimata kasono ka manehna? Atawa cimata kaduhung bet kieu? Weleh teu kajawab.

Ngalelentuk nungguan SMS, ahirna disada oge hape teh. Gura-giru hape dibuka. Jentre ngaran manehna aya dina layar hape. Belenyeh seuri sorangan. Hate ratug tutunggulan muka 'message' teh. Bray teh, nyaan aya tulisan "I love you so much" cenah malah make "beib" sagala. Halah ieu hate beuki teu paruguh. Bagja kitu nu kieu teh? Maenya apan umur teh geus teu ngora deui, geuning masih ngarasakeun nu kararieu.

Inget keur ngora basa mimiti papanggih jeung bapana budak, apan kieu rarasaan teh. Baheula mah can usum hape, internet jeung sajabana. Kantor pos teh boga jasa anu kacida gedena keur nu papacangan mah. Asal manehna nyuratan make kalimah "aku sayang padamu" langsung mata teu bisa ngiceup. Melong kana naon wae nu teu perlu dipelong bari seuri sorangan. Terus we teu puguh cabak. Di mamana asa ningali manehna.

Geuning kaalaman deui rarasaan kawas kieu teh. Atuh bongan bet nyoba-nyoba siga batur ngiluan nyieun twiter jeung pesbuk sagala, jadi weh paparanggihan jeung batur-batur sakola ti jaman SD nepi ka paguron luhur. Teu tinggaleun papanggihan jeung kikindeuwan mangsa keur SD. Bray...aya budak satepak dina kongkolak mata. Ngabelenyeh seuri bari melong semu nu eraeun. Teu nyaho naon kahayangna eta budak sura-seuri unggal panggih. Puguh panggih unggal poe apan sakelas. Kelas 5 SD. EGP ceuk budak ayeuna mah. Tapi lila-lila sihoreng teu bisa EGP deui. Geuning kuring jadi era mun dipelong ku manehna teh. Teu puguh rasa, asa hayang nyampeurkeun tapi gede ku era. Antukna nyalingker ngajauhan bari angger we mata mah neangan manehna mun teu katingali teh. Hih naha bet aya kituna? Apan laleutik keneh atuh. 'First love' tea kitu? Asana teh.

Kitu jeung kitu we unggal poe. Nepika mangsana kuring paturay tineung jeung sakabeh babaturan SD, nya kaasup jeung manehna. Dasar barudak, pisah teh pisah we euweuh nu istimewa. Nepi ka hiji mangsa kuring muka pesbuk. Aya pesen asup. Netelakeun yen nu nyieun pesen teh aya patula patalina jeung kuring jaman SD. Manehna nu baheula sok ningalikeun kuring tea. Manehna 'My first love' tea. Ngubek cenah neangan ngaran kuring di pesbuk teh. Kapanggih oge. Gebeg, ujug-ujug dina hate aya Mang Syair nu sok ngadulag di masigit kuloneun imah. Gedebag-gedebug sorana teh. Asa teu asup akal. Naha kudu ngagebeg. Naha kudu deg-degan sagala, apan geus lain-lainna.

Mimitina ngobrol biasa wae di internet teh. Masalah kulawarga tea, pagawean, nepi ka kagiatan sapopoena di luar pagawean. Tetela manehna teh geus boga anak rumaja sarua jeung anak kuring. Lila-lila aya kasono nu teu bisa dijelaskeun. Ahirna ngobrolna ngaler-ngidul beuki deukeut nepi ka pada-pada wani mapatkeun kalimah sakti nu nyieun teu bisa sare tea. Puguh atuda kaasih baheula kasambung deui. Asa 'gayung bersambut' cenah ceuk si nyai mah. Kaditunakeun kuring jeung manehna silih tuker nomer hape.

Saban poe aya wae carita dina hape teh. Ngobrolkeun nu sabenerna mah teu kudu diobrolkeun. Kekembangan rarasaan teh pohara lobana dina ati. Nyaan alahbatan rumaja 17 taun. Na kumaha atuh ari geus kieu cara ngeureunkeunana?

Cimata ngeclak deui. Gustii, naha sono teh pabeulit jeung nalangsa? Nalangsa lantaran kuring jeung manehna sarua geus rimbitan kitu? Atawa nalangsa lantaran jeroning ati mah nyaho yen ieu teh teu meunang dilampahkeun.

"Sayang, kunaon hulang- huleng kitu?" Sora nu halimpu, leungeun nu pinuh kanyaah ngusap sirah muyarkeun lamunan. Katingali imutna ngagelenyu tina pameunteu nu payus.

"Socana baseuh?" Cenahna deui bari nyusutan mata kuring ku jempolna.

Kuring neuteup leleb ka manehna. Pameunteu nu beresih unggal waktu kawuduan. Unggal waktu sumerah ka Nu Maha Kawasa. Unggal waktu manehna ngahaleuangkeun asma Alloh. Unggal waktu narabaskeun kitab Alloh. Unggal waktu manehna nungtun kuring, ngabejaan yen waktu sumujud ka Nu Maha Welas Asih geus datang.

Cleb...asa aya nu nancleb kana jajantung. Salaki anu sakitu pantes, tegep, soleh, sopan, nyaah tur perhatian pisan geus diduahatekeun ku kuring. Pamajikan nanahaon ari kuring? Poho kana sagala rupa alatan asih nu teu jelas bari salah. Nu bakal nyuntrungkeun kana kabendu Alloh.

Curucud atuh cai mata nu tadi kaluar sakeclak dua keclak teh beuki murudul. Kuring nyegruk dina dadana. Manehna terus nangkeup bari ngusapan. Colohok teu ngarti sabab-musabab kuring ceurik balilihan.

Panceg dina hate, cacap kaasih kanu lian eureun ayeuna keneh. Ampun Gusti! Hampura, Kang! (*)


Deka Wimala
Hampura, Kang... Hampura, Kang... Reviewed by Rupa Sundapura on 20.52 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.