Jenis Paribasa

Pangajaran Basa Sunda

Ditilik tina jenisna, paribasa Basa Sunda dibagi tilu, nyaeta:

1. Paribasa Wawaran Luang

Eusina ngebrehkeun pangalaman anu geus lumrah di masarakat sarta mangrupa bahan babandingan pikeun laku lampah urang.

Contona:

  • Adat kakurung ku iga. Hartina, adat atawa kabiasaan anu geus hese dipiceunna.
  • Mihape hayam ka heulang. Hartina, mihape atawa titip barang ka nu geus kanyahoan teu jujur.
  • Kokoro manggih Mulud, puasa manggih Lebaran. Hartina, mangpang-meungpeung.
  • Iwak nangtang sujen. Hartina, wani nyorang pibahayaeun.
  • Hulu gundul dihihidan. Hartina, nu keur untung tambah untung.

2. Paribasa Pangjurung Laku Hade

Eusina pikeun pangjurung milampah kahadean.

Contona:

  • Ari diarah supana, kudu dijaga catangna. Hartina, ari aya barang (banda) anu diala hasilna, kudu daek ngurusna.
  • Ambek sadu santa budi. Hartina, soleh hate
  • Cikaracak ninggang batu, laun-Iaun jadi legok. Hartina, upama dileukeunan bari junun sagala rupa nu hese oge bakal bisa.
  • Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal. Hartina, hirup kudu ati-ati jeung make itungan.
  • Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung. Hartina, nuduhkeun jelema getol digawe cape oge ngeureuyeuh we nu antukna bisa meunang pangupa jiwa.

3. Paribasa Panyaram Lampah Salah

Eusina mangrupa panyaram sangkan ulah migawe pagawean anu matak pirugieun, boh keur diri sorangan atawa keur batur.

  • Cul dogdog tinggal igel. Hartina, ninggalkeun gawe baku, terus migawe pagawean nu taya hasilna.
  • Meungpeun carang ku ayakan. Hartina, api-api teu nyaho, ngantep jelema anu migawe pagawean salah.
  • Kawas awi sumaer di pasir. Hartina, luak-leok pikir, teu puguh tangtungan.
  • Pupulur memeh mantun. Hartina, menta buruhan memeh prak digawe. (*)
Jenis Paribasa Jenis Paribasa Reviewed by Rupa Sundapura on 18.56 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.