What is in a Name? (Bagean 2)
Praktek fonestemika teh sipatna sakral jeung teu leupas tina ritual. Tangtu bae ngaran teh bisa dijadikeun salah sahiji istilah rujukan anu penting dina hirup jeung huripna hiji jalma. Pola mere ngaran unggal masarakat ngabogaan kaedah atawa rumus anu matok jeung maneuh. Hiji jalma kudu 'nyandang' dumasar kana urutan dilahirkeunana saperti kasus nu aya di masarakat Buang, Jawa, jeung Bali. Di urang oge pola samodel kitu teh nyampak ngan biasana patali jeung 'pancakaki'. Ngaran-ngaran nu nembongkeun fenomena pancakaki teh di antarana Aa, Aang, atawa Ceuceu. Eta ngaran teh pikeun ngaakangkeun atawa ngaeuceukeun hiji adi ka lanceukna. Kitu deui ngaran-ngaran Ade, Dede, Ayi, keur tujuan ngaadikeun hiji lanceuk ka adina.
Nilik kana kabiasaan baheula, dina praktek mere ngaran anu milu mikiran teh lain bae indung bapana budak, tapi ngalibetkeun oge nini aki ti dua beulah pihakanana. Malah teu mustahil ngalibetkeun jalma nu 'dikolotkeun' (biasana ajengan atawa kiai). Eta kiai biasana ngabogaan komara (kharisma), lantaran dianggap ngabogaan pangaweruh sarta kamampuh anu luhung (adikodrati) ngeunaan hirup-huripna hiji jalma. Kaasup mampuh noropong kana urusan palintangan (horoskop) sarta itungan. Tah lamun geus mercayakeun ka ajengan atawa kiai tea, biasana indung bapa eta budak biasana tara pipilueun. Samemeh mere ngaran, ajengan atawa kiaii teh sok nanyakeun heula budak teh awewe atawa lalaki jeung iraha dilahirkeunana. Sanggeus kitu mah sok dipeleng jeung diimpleng dibere ngaran atawa nulis sababaraha ngaran alternatif (biasana nu Islami). Ari indung bapana mah kari milih salah sahiji ngaran anu cop jeung lelembutanana.
Baheula mah cenah ngaran-ngaran Sunda ti kalangan urang reya (anu cenah tulen atawa cere) loba diparake keur ngaran lalaki di antarana Istam, Astim, Uslan, Tarlan, Misran, Sapan, Sapain jeung rea-rea deui. Nya kitu deui keur ngaran awewe oge nyampak saperti Rusih, Misnem, Jainem, Uminem, Jaitem, Ratem, Alikem, Astimah, Sarinah, Rumsinah, Jaimah, jeung rea-rea deui.
Malah teu saeutik ngaran anu diropea tina basa Sangsekerta saperti Citra, Sukarya, Jatnika, Santika, Ratnadi, Ningsih, jeung sajabana ti eta. Nalika obyagna pangaruh agama Islam ka urang, nya harita loba ngaran luyu jeung trend mangsa harita ku ngaran anu bau-bau ngaran padang pasir saperti Muhammad, Abdullah, Kodir, Ahmad, Siti Khodijah, Siti Aisah, Halimah, Siti Maryam, Salim, jeung sajabana ti eta. Kitu deui pangaruh Eropa (utamana Holandsche) loba ngawarnaan kana ngaran-ngaran Sunda saperti Eddy, Deddy, Elsa, Iceu, Betty, Anne (Mustapa, 1991). Ku kituna bisa diasumsikeun yen proses 'pemberian nama' bisa ngarepleksikeun ajen-inajen masarakatna. Dina harti nu spesifik ngaran teh bisa mere gambaran identitas sosial-budaya boh nu mere ngaran boh nu ngabogaan eta ngaran.
Nurutkeun katerangan, kira-kira taun 50-an sabada dewasa (utamana ngaliwatan atikan di sakola), ku alpukah guruna, ngaran-ngaran siswa teh sok digaranti atawa ditambah ku ngaran-ngaran nu diluyukeun jeung angkatan, biasana tina basa Sangsekerta. Tangtu bae eta ngaran teh ngabogaan ma'na anu alus saperti Raharja, Suryamiharja, Gandasaputra, jeung sajabana ti eta. Upamana ngaran Ubun terus dibere atawa ditambah ngaran angkatan Raharja ngajanggelek jadi Ubun Raharja, Agus jadi Agus Suriamiharja, jeung sajabana ti eta. Tapi teu saeutik deuih ngaran anu dirarobah jadi ngaran nu Islami sabadana ngalakonan ibadah haji.
Bagantina ngaran biasana aya patalina jeung profesi atawa prestasi, upamana ngaran Kanduruan nyaeta ngaran atawa gelar anu husus pikeun pangleler ka guru anu gede jasa jeung prestasina ka nagara. Cek sakaol, di masarakat Sunda anu meunang anugrah gelar kanduruan teh ngan aya sababaraha urang, di antarana nyaeta pangarang "Baruang Ka Nu Ngarora", oge salaku panaratas Paguyuban Pasundan, Daeng Kanduruan Ardiwinata.
Tapi aya kalana ngaran teh tara angger (baku) 'marengan' nu bogana. Lantaran salila 'marengan' nu bogana teh temahna sial jeung ririwit. Cenah beurat teuing ku ngaran. Nya pikeun palakiahna eta ngaran teh sok diganti ku ngaran-ngaran anu goreng, teu pantes atawa ngaran barang atawa sato saperti Kadut, Karung, Bangkarak, Betok, Bulus, Runtah, jeung rea-rea deui. Boa-boa salasurang jaro nu aya di Baduy nyaeta Jaro Runtah oge mangrupa conto kasus eta fenomena.
Patali jeung mere ngaran di urang oge aya anu disebut jujuluk. Nu dimaksud jujuluk nurutkeun kamus nyaeta ngaran atawa sesebutan tambahan. Ngaran jujuluk teh biasana ngabogaan ma'na anu positif jeung negatif. Ma'na jujuluk nu positif teh anu raket patalina jeung prilaku atawa sikep hiji jalma, saperti Oto Iskandardinata anu teuneung ludeung dina nepikeun aspirasi bangsa Indonesia dina sidang Volksraad. Ku teuneung jeung gede kawanina nya Oto teh dibere jujuluk "Si Jalak Harupat".
Di sagedengeun ma'na positif, patalina jeung prilaku atawa sikep hiji jalma, oge nyampak dina profesi jeung kalungguhan, sok dipatalikeun jeung tangtungan (fisiognomi) hiji jalma (Dananjaya, 1994). Nu patali jeung profesi atawa kalungguhan upamana Pa Guru, Pa Dokter, jeung sajabana ti eta. Sedengkeun nu raket jeung fisiognomi, saperti Si Cureuleuk, Si Lenjang, Si Demplon, jeung sajabana ti eta. Sedengkeun jujuluk anu tujul kana ma'na negatif patalina jeung kalakuan atawa pangadatan sok dilandih upamana Si Oray, Si Uling, Si Gebot, jeung rea-rea deui. Nu patalina jeung fisiognomi anu negatif sok dilandih Si Pesek/Si Demes Si Jeding, Si Kampeng, Si Rawing, Si Rancung, Si Dower, Si Nongnong, jeung rea-rea deui.
Dina budaya Sunda kiwari pola atawa rumus fonestemika teh karasa beuki ngalonceran. Ngaran nu nyampak jeung diparake teh cenderung ngaran "pop" bari jeung tara nyukcruk asbabun nuzulna atawa ma'na nu dikandungna. Nu penting ngalagena jeung endah karasana, saperti kasus Sarah jeung Sela (Cupumanik 14/2004). Pan di urang oge ka anak awewe loba nu mere ngaran Indah (Permatasari). Apan nurutkeun makna leksikal mah, indah teh hartina murus atawa mencret.
Tetela ku ayana eta realitas teh bisa ngebrehkeun ayana parobahan tatanan, hiji kecenderungan sosio-linguistik makro anu lumangsung umum tur serius (Labov, 2001). Lamun nitenan fenomena empirik nu lumangsung di masarakat Sunda kiwari, kecenderungan 'pemberian nama' (utamana di pakotaan) leuwih didominasi ku indung bapana tanpa ngalibetkeun ti sisi ti gigir. Aya kalana hiji kolot boh indungna boh bapana budak anteng milah jeung milih pingaraneun budakna. Ngaran nu dipilihna leuwih global, aya anu nembongkeun afiliasi kaagamaan (Islam) saperti Auzura Qatrunnida Rahmani, Husnul Khitami, Fatih Izuul Haq, jeung rea-rea deui. Tapi teu saeutik milih ngaran-ngaran anu 'unik' atawa nu 'menyiratkan' nuansa Kawi atawa Sansekerta, saperti Gumiwang Raspati, Murubmubyar Parangina, Genyas Katalinga, Mayang Setrawulan, Dwimantik Sekartanjung, jeung sajabana ti eta. Atawa lahirna eta budak teh dikaitkeun peristiwa bulan dilahirkeunana boh Masehi boh Hijriah saperti Gilang Ramadan, Safarudin, Neni Oktaviani (Oktober), atawa Agus (tina Agustus,) jeung sajabana ti eta. Anu leuwih 'unik' ayana kreativitas nu merena ku wancahan (akronim) upamana Gelara Julianarba (gelara tina gelar atawa lahir, Juli, jeung arba = 4). Hartina lahirna dina tanggal 4 Juli. (Retty) Isnendes tangtu bakal disangka ngaran nu bau-bau tokoh telenovela nu holna ti Amerika latin, singhoreng apan eta teh wancahan tina Isnen hartina 2 jeung des tina Desember. Kitu deui (Anthony) Barbo salasaurang dosen kuring, cenah Barbo teh mangrupa wancahan tina 'babar poe Rebo'. Proses pemberian nama oge raket patalina jeung tokoh atawa pribadi nu diidolakeun saperti Saddam (Hussen), Osama, Rosalinda, Anggraeni, jeung sajabana ti eta.
Nu holna ti kalangan selebritis, fonestemika biasana bisa kaidentifikasi tina kostim atawa lagu nu dipopulerkeunana, upamana Si Burung Camar pan ngarujuk ka Vina Panduwinata, Si Umar Bakri ka Iwan Fals, Tenda Biru ka Desy Ratnasari, Si Botol Kecap ka Upit Sarimanah, Kembang Gadung ka R.Hj. Euis Gartika, jeung sajabana ti eta. Malah anu leuwih unik deui ngeunaan usaha mere ngaran ka kalangan penyanyi (Pop atawa Dangdut), utamana rek mimiti ancrub kana dunya rekaman atawa show sangkan mawa hoki atawa populer, biasana sok 'dibaptis' ku ngaran nu leuwih 'keren' atawa gampang diinget, saperti Niki Nastiti jadi Niki Astria, Nike Ratnadila jadi Nike Ardila.
Aya deui ngaran anu 'monumental'. Kuring boga sobat keur mahasiswa ngaranna Tatang Ganefodin. Terus weh ditalengteng, ditatanyakeun alus cekeng teh! Naha make Ganefodin? Kieu cenah basa brol uing lahir, harita Presiden Soekarno keur mopulerkeun gerakan olah raga bangsa-bangsa Asia, nyaeta Ganefo (Games Asian Nation Emerging Forces). Kitu cenah asbabun nuzulna teh. Tah ku tina kitu, nya mungkin bae (da manasuka tea), hayang 'ngaabadikeun' eta peristiwa. Atuh palebah brol anak awewe, ninggang bapana harita keur pra-jabatan. Ulah bingung-bingung, ngarah 'monumental'. Gampang, ngaranan we Imas Prajabataningrum. Beres tah! (*)
Sambungan ti Bagean 1 |
Tina Mangle No 1993 - 1994