Diajak Ku Buta Hejo

Surat tugas pikeun ngajar geus katarima. Mimiti dibenum ka basisir kaler, ka SD Kalentambo Hiji. Tapi teu kungsi ngajar didinya, tulusna mah di SD Sukaseneng, Kacamatan Pusakanagara. Rada gimir oge ditugaskeun ka daerah basisir teh, komo mun seug inget kana nu kaalaman ku babaturan sakola. Manehna digawe di Ciba, ditugaskeun ka tempat anu ku kuring kiwari kudu ngajar. Aya pacogregan saeutik, alatan hutang nu kudu dibayar ku patani. Teu kungsi lila mulang ngababatang, utah getih.

Carita Sunda Misteri

Carita-carita ngeunaan kaayaan di daerah basisir, anu sifatna masih keneh percaya kanu mistik jadi cekelan keur kuring. Kuring kudu hirup ati-ati, kudu siap lahir jeung batin, kaasup dina ngatik ngadidik barudak. Tina asalna haok hamprong jadi kudu nahan amarah mun kabeneran aya budak nu rada beda ti batur.

Jalan nu rek disorang amblongan, urut treuk nu biasa ngangkut pare. Tapak ban lolobana jarero, kituna teh lain sameter-dua meter panjangna, ieu mah ampir sapanjangna jalan. Luhureun jalan aya jalan satapak ngagalengan, sok dipake nu leumpang atawa ojeg sapedah keur nyingkahan jalan nu ruksak. Sarua ieu ge teu mulus, arula-arileu, sakapeung legok matak picilakaeun. Mun usum halodo jalan ngalalombang, komo usum hujan jalan kalah mingkin amblongan. Teu kasawang titadina, ditugaskeun ka tempat nu hara-haraeun.

Ojeg sapedah nu ditumpakan ku kuring, lajuna semu nu beurat nambag angin. Angin karasa ngagelebug, nambag kana beungeut. Kapaksa beungeut nu nampeu kana tonggong tukang ojeg disusupkeun, geus moal boa pasti kana bau kesang. Arula-arileu, gejlok ojeg nincak jalan nu legok, belenyeng deui rada tarik, da nincak jalan nu rada rata.

Asa lila pisan di jalan teh. Sanggeus ngaliwatan pasar, jog ka hiji tetewang. Di dinya aya bangunan leutik tina bilik awi. Barudak keur arulin di buruanana, diantarana aya nu make seragam sakola.

Disebut sakola sotenan bubuhan aya plang sakola. Ari ningali kana kaayaanana mah teu payus disebut sakola. Sisina tina bilik awi barolong teu sirikna asup munding, kentengna sawareh geus marurag, tihang-tihangna ge umumna tina awi. Kelasna ngan tilu rohangan, antara kelas jeung kelas disekat ku bilik. Handapna taneuh, teu dipelur-pelur acan.

Jrut turun tina ojeg. Buriak barudak nu keur arulin lalumpatan. Lain nyalampeurkeun, ieu mah kalahka lalumpat nyararumput ka kelas, bari pokna teh, "Ana tukang suntik...! Aya tukang suntik...!" ceuk barudak mani reang. Beu disangka tukang suntik meureun. Eta pedah make baju bodas jeung tas bodas, kuring ngagerentes dina hate.

Mimiti datang, sanduk-sanduk ka kokolot lembur. Geus puguh ka kapala sakola mah. Kapala sakola atoheun pisan kadatangan kuring salaku guru nu anyar diibenum. Kurang guru lain bobodoan, opat kelas diajar ngan ukur ku sorangan, kadua guru agama.

Di imah kapala sakola kuring ditempatkeun di kamar hareup. Tempat sare tina kai, ngan pangsareanana dijieun tina palupuh awi. Kamar handapna acan dipelur, masih keneh taneuh. Mun sakalieun rek solat di imah, kapaksa di luhur dina palupuh pangsarean. Imahna mah tembok batu bata beureum, ngan pedah acan diteplok.

Sabada solat Isya, masih keneh diuk menekung nyanghareup kiblat neneda kanu Kawasa supaya dipikanyaah ku dunungan. Tasbe dicekel ku leungeun katuhu, dipake wiridan.

"Jang...! Jang...! Jang guru...!" Di luar sora nu nyalukan.

"Hayu mending ngilu jeung kami, hirup pinasti senang, moal kurang nanaon," ceuk manehna deui, kituna teh bari sup ka kamar kuring. Kerewek nyekel pigeulangan, terus nungtun kuring. Pigeulangan dicekel pageuh pisan hese dilesotkeun.

Kuring dibawa teu sirikna disered, teu bisa kukumaha, ku hiji jelema make calana satuur, bajuna kampret pulas hideung. Rarasaan asa disered. Asa leumpang, asa henteu, asa-asa hiber disered ngaliwat ngaliwatan tetewang, ngaliwatan walungan gede, ngaliwatan sawah nu upluk-aplak. Palebah sisi laut, bras ka hiji guha nu dijaga ku dua buta nu samagreng ku pakarang, awakna sarua galede, lintuh bayuhyuh. Leungeun jeung sukuna digeulang tambaga, nu hiji ceulina dianting sabeulah, ampir katutup ku buuk nu jawidig, panjang sahandapeun taktak.

Jleg, lalaki nu mawa tadi teh pindah rupa, salin jinis jadi buta hejo nu sarua jeung nu diluareun lawang saketeng. Awak lintuh bayuhyuh, huntu rubak ranggeteng, rada kahalangan ku biwir nu jeding. Tina sungut kaluar leuleueur, kawas cai aci rupana semu koneng, ngacay. Sup awak disurungkeun, kana biwir guha jeroeun lawang saketeng. Rarat-reret, ka sisi ka gigir, ka luhur ka handap. Sing sarelap jelema, aya awewe aya lalaki. Aya nu dijieun ganjel, aya nu dipake tihang, aya nu dipangkek dihijikeun dijieun meja. Maranehna ngarelel bangun nu nahan kanyeri.

Ku kangaranan sabangsaning mahluk lelembut nu aya oge onjoyna. Awak nu sakitu gedena jleg ngaleutikan jadi pantaran kuring. Kuring teu talangke, ngamangpaatkeun kaayaan, teterejelan, terejel ngajaul, ngaleupaskeun leungeun nu titadi dicekel pageuh. Leungeun lesot. Jleg manehna ngagedean deui. Siet manehna rikat ngulangkeun leungeun rek newak kuring. Gajleng kuring ngagajleng, cle dina taktakna nu rubak. Gerewek urat beuheungna digegel satarikna, koceak manehna ngoceak. Daligdeug...daligdeug manehna dadaligdeugan. Getih nyebrot tina urat beuheungna, muncrat nyalawura. Manehna hudang deui, rek ngarawel cangkeng.

Lenyap kuring ngalenyap, ngagebeg, kahudangkeun. Kesang tiis ngorolok tina awak. Kuring masih keneh diuk, tasbe masih keneh dicecekel teu lesot. Kuring istigfar sabaraha kali. Kuring tumanya kadiri sorangan, "Naha neneda kanu Kawasa, ka Gusti Nu Maha Suci, hayang dipikanyaah ku dunungan, ari torojol bet satengah ngimpi, kaalaman saperti bieu?"

Sakumaha biasa, isuk-isuk pisan, samemeh indit ka sakola sasapu heula di tengah imah, geus puguh lamun di kamar sorangan mah, terus ka buruan, itung-itung mihapekeun maneh pikiran teh. Sabada beberes, geus siap rek ka sakola, gek diuk hareupeun kapala sakola nu rek bareng indit.

Kuring nanya ka kapala sakola, nu harita keur make kaos kaki.

"Punten Pak, dupi di dieu aya buta hejo nya?" ceuk kuring tumanya ka kapala sakola.

"Dimana, Yi?" tembal kapala sakola bangun nu heraneun.

"Itu di payun," jawab kuring bari nunjuk imah haji nu teu jauh ti imah nu dicicingan, ngan ukur kahalangan ku jalan jeung solokan wungkul.

Kapala sakola ngahuleng sajongjonan, gorolang nyaritakeun kaayaan haji tea. Kuring unggut-unggutan. Teu karasa geus waktuna kudu indit ka sakola, ngajar barudak nu geus lila narungguan.

Kuring ngucapkeun syukur ka Gusti Nu Maha Suci, do'a kuring dikabul, sanajan kudu heula ngaguar muka siloka. (*)


Maman Rachman
Diajak Ku Buta Hejo Diajak Ku Buta Hejo Reviewed by Rupa Sundapura on 20.41 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.