Cinta Puspita (Bagian 3)
Bada lohor teh dulur Puspita geus rempeg di patengahan, teu tinggaleun uwana katut emangna. Kabeh nyanghareup ka Raden Mas Mangkuharjo nu diuk sakorsi panjang jeung istrina. Disaksian ku eyang Istri nu diuk di korsi males beh juru. Ari Puspita nurut ka pamenta indung kudu diuk rada beh hareup ti dulur-dulurna.
Basa arek sidang sarjana oge asa teu kieu-kieu teuing, ceuk pamikir Puspita. Kacida! Ieu mah sarua jeung arek malikan deui ka baheula, ka jaman karajaan. Keun urang cokot hikmahna. Mangga teh teuing kuring arek dianggap terdakwa dina pasidangan, moal galideur, da rumasa teu boga salah. Atuh dianggap ngarempak aturan adat, ah da moal matak pidosaeun. Dosa soteh upama kuring geus ngarempak aturan agama. Tepi ka danget ieu oge kuring tetep hormat ka kolot, ka dulur. Kuring ingkah ka kota, da hayang diajar hirup mandiri. Pasualan jodo, ari angger kudu direremokeun mah ke heula, da lain jaman tikotok dilebuan. Kuring boga hak milih sorangan. Ngarenghap leleb. Puspita mepes haliwuna.
Ngadadak jep jempling, basa Raden Mas Mangkuharjo arek mimiti nyarita. Kabeh anakna diteuteup heula. Kabeh tarungkul. Kabeh saregep ngadengekeun maksud tujuan nu dicaritakeun. Ambeh sakali kaharti nyaritana ngahaja ancad, tapi mani imeut. Pasualan Puspita ditembrakeun kalayan jentre.
"Cik kumaha nurutkeun hidep, Eko?" Raden Mas Mangkuharjo nunjuk ka palebah anakna nu cikal.
"Kumaha bae oge, nu ngaranna anak teu meunang ngarempak papagon kolot. Komo upami tepi ka ngarempak cara aturan-aturan karuhun. Kudu sadar atuh, kapan Puspita teh manusa awewe, kudu nurut ka kolot. Eta teh tanda kanyaah. Kolot mah tetep kudu jadi pamuntangan urang sarerea. Kanyaah kolot piraku arek dimomorekeun. Ulah bisi tideuha. Da aya nanaon mah angger kolot milu tanggung jawab," ceuk Eko Pranoto, sorana mani ngoncrang. Ret ka Puspita, hatena jadi mentegeg.
"Matak naon atuh Teh diturut bae kapalay sepuh urang teh. Nu satata sareng kahirupan urang, teu kirang nu mikahoyong Teteh. eta sadaya tangtos kanggo kabahagjaan Teteh. Taya sepuh nu teu nyaah ka getih turunanana sorangan. Teteh mah sapertos nu mawa maneh. Tepi ka iraha bae, urang bakal tetep butuh panungtun kolot," sambung Dahlia mani daria.
"Bener pisan naon anu diucapkeun ku adi hidep, Pita. Ibu katut Bapa teh bakat nyaah. Ka hareup hayang nempo rumah-tangga hidep senang, wajar upama kolot milu merenahkeun teh. Naha Pita teu ngarasa salah milih Setio?" ceuk indungna halon tapi manggang kana hulu hate.
Renghap Puspita asa ngadadak beurat, tapi hayang geura pok ngomong. Pasti kabeh dulur bakal ngarentog, malah moal boa bakal aya nu ngajejeleh tepi ka bebeakan.
Dwi Satrio langsung cengkat tina diukna, arek pok, teup teuteupna dipentangkeun ka adina. Puspita males neuteup bari unggut.
"Kaharti langsung sakuduna mah ku hidep teh Pita. Teu kudu angger ajeg dina pamadegan nu kaliru. Urang teu meunang ngaleupaskeun tatakrama kulawarga. Lamun Pita neugtreug, hartina Pita arek ngaruksak wibawa kulawarga. Kabeh nyaraho, saha ari Setio? Wedus gembel anak turunan malarat!" Dwi Satrio ngarenghap leleb, nyaritana tandes. Keur leutik manehna kungsi ngarasa ceuceub ka Setio. Kungsi ngalayanan panangtangna, tepi ka der gelut, tapi manehna nu eleh.
Jep simpe deui. Geus lanceukna diuk deui mah, Puspita ngawanikeun cengkat tina diukna, picaritaeun geus asa nyelek dina tikoro. Untungna teh dibere angger tetep tenang.
"Hapunten abdi parantos kumawantun ngadeg, sanes maksad bade ngahulag naon-naon anu tos didugikeun. Hatur nuhun, sadayana ditampi ku kaweningan ati. Salam hormat utamina ka kangjeng sepuh sadaya. Rumaos abdi tos tambelar ka sepuh, ka sadayana. Dugikeun ka abdi tos kumawantun nganteur kahayang sorangan, teu tiasa nohonan kapalay sepuh. Tapi sing percanten ka diri abdi, abdi teu gaduh niat bade ngaruntuhkeun benteng kaningratan nu salami ieu masih mangrupi citra kulawarga. Oge teu gaduh maksad bade ngudar tatakrama. Ku raraosan, asa taya lepatna mun abdi micinta hiji lalaki pikeun pibatureun hirup. Muhun Setio anak jalmi teu gaduh, sepuhna kantos kumawula di kulawarga urang, nanging sanaos kumaha bae oge urang teu kenging ngukur darajat jalmi tina kamiskinan hirupna. Abdi yakin, upami abdi diparengkeun ngarangkep sareng Mas Setio, kaningratan nu tos pageuh maneuh di kulawarga, moal dugi ka pareum karismana."
"Geus heula Pita!" cegat lanceukna, Dwi Satrio. Beungeutna semu geuneuk. "Bet geus wani mere ceramah. Budak awewe geus wani nyangangang. Hasil sakola luhur teh bet percuma. Pangalaman ngumbara di kota teh bet kalah ngarobah tingkah laku jadi teu parok jeung kodrat salaku manusa awewe. Kuring embung boga dulur nu ngaranna Si Setio!"
"Hatur nuhun, Kang!" sora Puspita tetep tenang. "Mangga kanggo nu sanesna bilih aya nu hoyong ngabudalkeun ganjelan manah, ku abdi bade ditampi, ulah dugi ka janten gantar kakaitan. Memang dina hal ieu abdi peryogi kamandang ti sadayana. Abdi peryogi pamikiran ti sadaya dulur, rumaos abdi masih keneh seueur kakirangan."
"Naon pupurieunana sih ti diri Setio, Pita? Jiga geus keuna ku parabun!" Dwi Satrio ngabudalkeun deui katugenahna.
"Terus terang Kang, abdi teh kataji ku kapribadianana. Kataji ku perjuangan hirupna. Alloh parantos marengkeun nepangkeun deui diri abdi sareng anjeunna. Ulah nyawang kaayaan Setio kapungkur. Margi Mas Setio ayeuna mah sanes Mas Setio hinaeun. Tapi Mas Setio hormateun. Mas Setio nu tos sanggup ngangkat darajat hirup sepuhna ku kamampuhna sorangan. Mas Setio ayeuna, Mas Setio nu tos gaduh kalungguhan di hiji pausahaan. Anjeunna arsitektur. Anjeunna insinyur. Anjeunna ngokolakeun yayasan yatim piatu. Ngokolakeun pondok pasantren. Naha abdi masih dianggap salah pilih, upama Mas Setio dipiharep keur jadi batur hirup? Punten, sanes maksad abdi ngagul-ngagul anjeunna, ieu mah supados sadayana uninga," sambung Puspita tatag.
"Pokona abdi oge teu satuju Teh Puspita ngarangkep sareng Setio," ceuk Sayogo nu ti tadi balem bae.
"Enya abdi oge teu satuju," ceuk nu bungsu ngahaminan lanceukna.
"Jadi kacindekanana mah, Bapa sareng Ibu omat ulah masihan restu! Keun sina karasaeun. Kawin teh teu gampang, da kudu aya wali!" ceuk Dwi Satrio ngahegak bari ngangkat leungeun katuhuna. "Ulah neugtreug, cik sing hormat nyarita hareupeun kolot teh!"
"Geus! Geus! Ulah aya nu wani nyarita deui...!" Eyang istri ujug-ujug ngadeg. Raden Ajeng Puspasari mah ngarasa reuwas. Kabeh panon jadi museur mencrong ka eyang istri, mani pertengtang keneh enya oge yuswana arek maju ka salapan puluh. Cangker keneh, leumpang teu kundang iteuk. Awet jaya.
"Dengekeun ku sakabeh. Dibandungan teh kalahka beuki harengheng. Na teu nyaraho getreng jeung dulur teh goreng. Eyang satuju kana sagala pamadegan Pita, minangka incu eyang nu motekar. Pamikiranana geus maju. Teu kudu pada mentog, na Si Pita teh boga salah naon kitu? Kabeh jiga hayang nembongkeun bela ka nu jadi kolot. Naon rugina pikeun maraneh, upama Si Pita hayang ngarangkep jeung Setio. Bener, jaman kaningratan teu kudu dipake satuluyna!" Teuteupna jadi museur ka anakna, Raden Mas Mangkuharjo jeung ka minantuna.
"Dengekeun! Eyang sorangan saenyana mah lain turunan ningrat. Uyut maraneh leuwih sangsara batan Pa Karyo jeung Bi Sinem. Hirup kumawula. Ku kangjeng raden Eyang dipenta. Nasib Eyang dileyek. Eyang dijadikeun selir. Eyang wani mukakeun rusiah riwayat hirup asal muasal kulawarga, bongan jiga nu teu nyaraho kana purwadaksi. Harjo! Ema ngidinan Si Pita ngarangkep jeung Setio. Pikeun nu teu satuju, ayeuna keneh, prak ingkah ti dieu!" Eyang istri angger pertentang bari jeung pepeta sagala. Dwi Satrio nu tadi capetang teh lir bueuk beunang mabuk, ukur ret ka indungna, ret ka lanceukna. Sajongjongan simpe.
"Gancang indit ti dieu pikeun nu teu satuju!" ceuk eyang istri deui. Tapi saurang oge taya nu cengkat, taya nu ninggalkeun tempat.
Puspita teu kaampeuh nahan cipanon. Nyegruk.
"Alus! Hartina kabeh mere restu!" Sora eyang istri leuwih harus. Rikat Puspita muru eyang istri, nyuuh dina lahunanana bari sumegruk. Cipanon bagja.
"Hapunten abdi, Eyang...!" sora Puspita teu laju.
"Sok ku Eyang dido'akeun. Pamaksudan hidep sing tinekanan. Masing kakoreh hakekatna hirup. Masing kateuleuman kabagjaan hirup nu hakiki."
Sirah Puspita diambung, tuluy diusapan kebek ku kadeudeuh. Eyang istri oge ahirna mah teu kaampeuh ngeclakkeun cisoca.
Halimun nu meungpeukan hate Puspita, harita ngadadak nyingray. Cangra. (*)
Sambungan ti Bagian 2 |
Ino Misno - Sunda Midang
T A M A T