Tangkal Jati Tukangeun Imah

Pamajikan nu mimiti ngaributkeun sual tangkal jati tukangeun imah teh. Cenah aya buta hejoan. Ah, teu percaya. Piraku teuing aya buta hejo dina tangkal jati nu caang ku lampu ti sisi ti gigirna. Jurig mah sok ngageugeuhna di tempat nu poek meredong.

Carita Misteri

"Ih, Bapa mah teu percayaan."

"Memang henteu."

"Mun asup ka imah urang kumaha?"

"Moal mungkin da euweuh buta hejona ge."

Teu cukup ka kuring ngadongengna teh deuih. Ka tatangga-tatangga oge. Sok rajeun ngadedengekeun mun keur guntreng jeung ibu-ibu, bari nyarepengan hapena sewang-sewangan. Ibu-ibu ayeuna mah geus teu usum sigana ngobrol bari silih siaran teh. Duka saha-sahana mah, da sorana ampir sarua. Ukur apal ka sora pamajikan bae.

"Mas Ijan nu ngawitan ningal mah."

"Oh, muhun! Percanten ka Mas Ijan mah, da anjeunna mah tiasaan."

"Tiasaan kumaha?"

"Muhun tiasaan ningal nu karitu."

"Nu karitu naon?"

"Muhun, ningal nu goib-goib."

"Oh, muhun atuh Mas Ijan mah tiasaan ningal nu karitu. Da anjeunna mah sok yasinan unggal malem Juma’ah."

Naon hubunganana coba, sok yasinan unggal malem Juma’ah jeung bisa ningali jurig. Ah, ibu-ibu mah sok aya-aya wae. Sok disambung-sambungkeun nanaon teh. Bari jeung tara nyararambung.

Teu disebut nompo. Maksud tukangeun imah teh pedah katenjo ngajegirna upama muka panto tukang. Aya lima puluh meter mah ti imah. Da kahalangan deui ku sababaraha imah. Kapegat ku jalan satapak deuih. Teu kungsi milu riweuh nyapuan kalakayna nu maruragan. Salian ti tangkal jati, aya oge tangkal buah jeung tangkal kupa. Tangkal jadi ku maneh, da eta mah tanah batur nu teu kungsi apal saha nu bogana. Tara aya nu ngaku deuih ku saha eta tangkal teh dipelakna. Jadina ge paselang jeung ngajijimbrungna rungkun-rungkun.

Mun arek ge nu gujrud mah tatangga nu deukeut pisan kana eta tangkal. Imah Pa Adnan, satpam salah sahiji bank, nu nampeu pisan kana eta tangkal. Tapi manehna teu kungsi kabejakeun ngangluh. Adem ayem wae. Kalahka pamajikan nu ribut teh. Nyung-Nyong ka ditu ka dieu, ngadongengkeun nu can puguh benerna.

"Ulah waka heboh, ih. Hayoh ke dianggap hoak," cekeng hiji mangsa.

"Ah, ceuk Mas Ijan ge ayaan."

"Ari Ibu geus kungsi ningali buta hejona acan?"

"Acan!"

"Nya, enggeus atuh, ulah haliwu! Keun bae antep sina jongjon si jurig teh di dinya. Boa ketang harita mah Mas Ijan teh ningalina pas eta buta hejo keur ngadon istirahat di lebah dinya. Can puguh nu ngageugeuh," pok teh deui bari nyerengeh. Ngahaja we diheureuyan. Sauted oge kuring mah teu percaya.

Kungsi eta ge nanyakeun langsung ka Mas Ijan. Iseng we nanyakeun soteh bari hayang ngalonyeng.

"Bener dina tangkal jati teh aya buta hejo, Mas?"

"Leres Pa Burhan. Abdi ningali minggu kamari. Badak pisan," pokna. Ngomong ku basa Sunda tapi lebah huruf 'b' jeung 'd' siga aya nu bitu dina sungutna.

"Naha henteu dina tangkal kupa atawa tangkal buah?" tanya teh bari seuri.

"Duka atuh te terang. Ngan sigana mah bekina kana tangkal jati."

"Oh, enya nya, paingan awakna lintuh buta hejo mah, da teu beuki kana bungbuahan," cekeng deui, dibarung ku seuri deui. Sarerea nu ngadenge oge saleuseurian.

Mas Ijan mah ukur imut we. Teu ieuh ngambek diheureuyan kitu teh. Teu kasigeungan jelemana.

"Bentukna siga Hulk sigana mah nya, Mas," ceuk nu sejen. Ger deui saleuseurian, eak-eakan. Peuting harita mah ngaronda teh beak ku ngaheureuyan Mas Ijan.

Tapi da nya kitu tea. Beja ngeunaan tangkal jati nu digeugeuh ku buta hejo beuki sumebar bae. Jadi sabiwir hiji. Nepika imah Pa Adnan kungsi kadatangan tim uji nyali nu keur surpey lokasi. Ku Pa Adnan dibuburak.

"Euweuh nanaon di dieu mah. Percaya teuing kana dongeng!" cenah harita ka tim surpey uji nyali.

Nu boga dosana mah jongjon we nyebarkeun gosip: pamajikan jeung Mas Ijan.

-=oOo=-

Hujan angin ti sore mula can wae rek pileuleuyan. Nambah ketir teh diwuwuh ku dor-dar gelap. Padahal karek jam salapanan, tapi simpe kacida. Sarerea geus narumpi. Sora token listrik geus nit-nitan, totonden sakarat. Tadi mah rineh soteh pedah boga andelan, pamajikan sok deposit dina OVO. Ari pek keur kosong, cenah. Teu beakeun ketak, laju bae nga-Wa ka babaturan nu sok ngajualan pulsa. Tilu urang nyarita keur kosong. Nu saurang mah poksang pisan, "nu tiheula ge can dibayar!" Lebah dieu mah kuring kudu rada kapiasem nyaritakeunana.

Nungguan raat, lain tungguaneun. Listrik kaburu pareum. Kapaksa ieu mah kudu ka konter. Kencling bae. Ukur dibekelan payung, duit limapuluh lima rebu, jeung babacaan sabisa-bisa ti pamajikan indit teh. Sual babacaan mah kuring ge ngarojong pisan, ngan maksud du'ana nu teu pati sapuk teh, pedah ngaliwatan tangkal jati. Ah teu kudu kitu ceuk hate, rek ngadu'a mah nya sok bae, ngan nu jelas kuring teu butuh du'a pedah rek nyorang hal nu sorangan teu percaya.

Simpe pisan suasana lembur teh ari keur hujan mah. Angin nyeor nebakan tatangkalan. Tingkorosak. Plak-pluk babaraha pentil buah nu murag kana kenteng imah.

Gorobas...! Lebah rungkun teu jauh tina tangkal jati nu keur jadi sabiwir hiji tea. Reuwas. Lain, lain reuwas ku beja ngeunaan aya buta hejo lebah dinya. Kuring ngarandeg. Panon ngulincer. Taki-taki bisi aya bancang pakewuh. Ret kana tangkal jati. Panasaran we angger najan teu percaya oge. Euweuh nanaon. Gorobas...! Teu lila aya nu kaluar tina rungkun. Jangkung badag.

"Bade Ka mana, Pa Burhan?" tanyana. Pa Adnan kaluar tina rungkun.

"Euh...ni reuwas. Sugan teh buta hejo nu nuju piral," pok teh bari seuri. Pa Adnan oge milu seuri.

"Bade ka konter meser token."

"Sanes tadi ti siang atuh."

"Hilap," pok teh padu nembalan.

"Ieu nuju ngalereskeun paralon. Taweuran nguyumbang, bilih bocor ka patengahan," pokna, padahal can ditanya. Oh, cekeng bari tuluy amitan.

Lalampahan muru konter dituluykeun. Lumayan jauh. Ngan ku hujan mah asa leuwih jauh. Kukucuprakan, bari diwuwuh ku taki-taki, bisi aya kajadian nu teu dipiharep. Model tangkal nu rungkad atawa barangbang semplak upamana. Beuki jauh muru konter, asa teu nepi-nepi, asa can nepi-nepi. Boa sasab, ceuk hate. Tapi rarasaan mah teu salah jalan teh. Muru ka dieu. Ka lebah dieu.

Sababaraha imah nu kaliwatan paroek. Aliran kitu? Atawa sanasib jeung kuring beak pulsa token? Asa piraku mani kompak beak teh. Aliran alesan nu panglohisna. Apanan keur hujan angin kieu biasana gardu listrik sok aya masalah teh.

Kaduhung teu mawa senter. Angkeuhan teh rek ngaliwatan imah nu raang ku lampu tuda.

Kuring terus kebat ka jauhna. Teu nepi-nepi. Can nepi-nepi. Poek beuki meredong. Beuki jauh beuki poek. Poek.

-=oOo=-

"Tah geuning tos beunta!" ceuk hiji sora. Sora Ustad Didin.

"Alhamdulillah...!" Meh bareng. Kuring rarat-reret. Geuning keur dirariung. Titingalian ranyay. Tapi bisa keneh nempo pamajikan nu keur rawah-riwih.

"Aya naon ieu teh?" tanya kuring bari cengkat. Awak karasa beurat.

"Tadi teh Pa Burhan pingsan di jalan. Pas lebah rungkun caket tangkal jati. Untung ku abdi kapendak," ceuk Mas Ijan.

"Pingsan?"

"Muhun, Pa," ceuk Pa Adnan. Kuring rarat-reret deui. Asa teu wawuh ieu rohangan teh. Lain imah kuring.

"Bapa nuju di bumi abdi."

Sor cai. Duka saha nu ngasongkeun. Leguk kuring nginum. Ustad Didin ngusapan tonggong.

"Ulah seueur emutan, nya!" pokna.

Kuring bingung. Da rarasaan mah teu keur loba pikiran nanaon. Teu boga masalah nanaon. Ret ka Pa Adnan.

"Abdi teh tadi ningal Pa Adnan nuju ngalereskeun paralon dina rungkun," cekeng.

Pa Adnan kerung. Kerung teu rumasa. Kuring nelek-nelek waruga Pa Adnan, memang jangkung badag, tapi da teu sajalugjug nu katempo tadi waktu kaluar tina rungkun.

"Piraku ngalereskeun paralon dina rungkun?" ceuk Pa Adnan.

Sarerea silih reret. Pamajikan mah angger rawah-riwih. (*)


Rudi Riadi - Mangle No. 2730
Tangkal Jati Tukangeun Imah Tangkal Jati Tukangeun Imah Reviewed by Rupa Sundapura on 20.30 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.