Cinta Puspita (Bagian 2)
Loba nu kataji ku sikep Setio nu matak pikaconggaheun. Simpatik. Deukeut jeung papada pagawe sok sanajan manehna geus boga kalungguhan nu cukup lumayan. Sikepna angger sederhana, someah pisan, tapi angger dipikaajrih ku bawahanana. Batur mah sakur nu geus kapeto boga bawahan, marake dasi. Setio mah angger basajan, embung make pakean nu sipatna resmi. Teu bisa cenah digawe bari dasi ngambay, asa kacekek beuheung, karasa ari sakalieun ngaluuhan rapat tender. Ribed cenah. Dina waktu kabagean nyarita, tikoro sok ngadadak asa kapengpetan.
Pikeun Puspita, pantes arek ngarasa pangling ka Setio. Keur budak maha mani kuleuheu begang. Ari ayeuna? Pangawakanana rada jangkung semu sembada. Ayeuna mah hormateun. Tapi Puspita embung nyeueung ka baheula, hayang nyanghareupan Setio dina mangsa ayeuna. Mangsa kaliwat mah keun sina nganteng dina sawangan, dina sakalieun hayang nyoreang ka mangsa ka tukang. Mangsa ka tukang ngan ukur mangrupa panginditan pikeun ngalengkah naratas jalan kahirupan nu leuwih hade pikeun mangsa nu bakal datang. Kudu sanggup ngarobah kaayaan. Leber wawanen ulah mopo di tengahing jalan nu memeh dituju kahontal. Pantrang sumerah upama dilawungkeun jeung ujian hirup. Lain ukur nangkeup tuur, cinutrung di golodog bari diharudum sarung. Hirup Puspita embung salilana jadi bangbaluh kolot, atawa jiga mangandeuh. Kacontoan ku dulur-dulurna. Hirup masih gumantung ka kolot. Najan emas sagede gunung, ari hantem dikuyang ditugaran mah tangtu bakal beak. Puspita boga pamikiran nu jauh ngajaul, nu ku kulawargana mah dianggap patukang tonggong. Minculak. Naha arek jadi manusa awewe nu samodel kumaha, ceuk pamikir bapana.
Tapi Puspita teu endag kaanginan, bari jeung angger hormat ka nu jadi kolot katut ka dulur-dulur. Sakumaha peuheurna, kahirupan kudu tetep dipaju. Lain teu ngahargaan kana sagala kamelang kolot hayang hirup macakal teh. Karasa ku hate, ditarimakeun pisan. Da niatna oge lain seja joledar. Nu matak Puspita boga kayakinan nu kuat, engke dina hiji mangsa mah, kolot jeung dulur-dulur teh bakal ngarti. Moal enya pantar lanceuk-lanceukna nu baheula sok ngahina Setio. Nu sok ngarasa meunang, tapi ayeuna mah Setio geus lain tandingan. Setio nu geus sanggup ngukir karisma pribadi ku kakuatanana sorangan. Setio nu geus boga sebutan arsitektur. Setio nu geus boga gelar insinyur. Setio nu geus mampuh ngabagjakeun kolotna.
Teu karasa, dina hate nu paling jero, Puspita jadi remen muji Setio. Nataku, jadi ngawitan kataji. Mas Setio hebat!
Tina kataji ku sikep, laun-laun Setio jadi nyicingan taman hate Puspita. Puspita jiga nu teu sadar, yen mun dewa cinta mimiti sumarambah. Nyaliara dina sawangan. Memang salila ieu, Puspita tacan kungsi mukakeun lawang hatena pikeun lalaki. Setio nu kungsi dipikawanoh keur mangsa budak, ayeuna mah geus jadi lalaki tipe ideal. Sarua, Setio oge jiga kakara sadar tina ngimpina. Setio sadar, teu bisa salawasna hirup nyorangan. Kudu lumrah umumna kawas batur. Kudu boga batur hirup pikeun pakumaha, ambeh hirup aya nu maturan, aya nu ngawulaan. Setio jujur, yen Puspita geus nyicingan taman hatena.
Kawantu geus pada dewasa, dewasa umurna, dewasa pamikiranana, Setio hayang sagancangna balaka nepikeun eusi hate. Ti kolot geus meunang restu, indungna ngarasa bungah. Kacida nganti-ngantina sangkan Setio sagancangna boga pamajikan.
"Bawa atuh ka dieu picaloneun teh, Tio!" penta indungna daria.
Teu hese pikeun Setio ngajak Puspita ka imahna. Setio masih ngarusiahkeun Puspita saha kolotna.
Barang sok jeung Bu Sinem indungna Setio, Puspita langsung ngarangkul. Bu Sinem digalentoran. Puspita teu tahan ngabendung cipanon bagja bisa ditepungkeun deui jeung jalma nu kungsi ngurus dirina. Nu tulaten sok ngamandian ku cihaneut basa keur leutik. Malah sok nyecewokan. Ngahuapan dahar. Bu Sinem kacida gede jasana.
"Ibu parantos lali ka abdi, nya?" sora Puspita dareuda.
"Saha atuh nu geulis teh?" Bu Sinem malik nanya, sorana peura.
"Alloh tos marengkeun abdi kedah tepang deui sareng Ibu." Rangkulan Puspita beuki pageuh.
Setio jeung Pa Karyo, bapana, nyaksian adegan Puspita jeung Bu Sinem teh jadi kabawa sedih.
"Bapa oge poho deui Tio, saha atuh picaloneun teh?" tanya Pa Karyo ka anakna.
"Engke oge Bapa baris uninga, saha anjeunna," walon Setio.
Tuluy Puspita munjungan ka Pa Karyo, tuluy dirangkul dianteur ku cipanon nu angger murubut.
"Prak ku Enden ayeuna mah carioskeun. Saha atuh Enden teh?" ceuk Pa Karyo bari tuluy nuyun Puspita sina diuk dina korsi.
Puspita nyusut cipanon ku saputangan dina paneuteup leleb Bu Sinem jeung Pa Karyo.
"Rupina Mas Setio tacan nguningakeun saha ari abdi," ceuk Puspita sanggeus rada leler. "Ibu katut Bapa rupina parantos lali deui ka abdi. Tong boro nu sepuh, dalah abdi oge nalika nembean tepang deui sareng Mas Setio, nataku hilap deui."
"Muhun. Janten Enden teh saha tea atuh?" Bu Sinem bangun teu sabar.
Puspita ngarenghap leleb. Nyusut deui panonna ku saputangan.
"Mangga ayeuna mah uningakeun!" ceuk Setio halon.
"Abdi teh Puspita, nu ku Ibu sareng Bapa kantos diasuh. Tangtos bakal emut deui ayeuna mah," ceuk Puspita peura.
"Ya Alloh...! Geulis...teu sangka, geuning hidep teh Jeng Puspita. Ajeng...alhamdulillah Ibu bisa tepang deui," ceuk Bu Sinem, langsung ngarangkul deui Puspita. Silih galentor deui. Cipanon murubut deui.
"Jeng Puspita, naha kersa kitu upami dipihukum ku Mas Setio?"
"Insya Alloh, manawi diparengkeun," walon Puspita bari nahan ingsreukna. "Abdi bade nampi asihna Mas Tio."
Setio langsung ngarasa bungangang.
Sanggeus Bu Sinem jeung Puspita dariuk deui, Pa Karyo kaanjangan rasa cangcaya. Apan ari Puspita teh teureuh ningrat. Jeung deui Pa Karyo ngarasa kungsi jadi badegana. Naha bakal daek narima cintana Setio ka Puspita.
"Nanging nu janten sepuh bakal ngawidian upami diparengkeun Jeng Puspita ngarangkep sareng Mas Setio. Uninga ku anjeun, Mas Setio mah turunan somah murba," ceuk Pa Karyo anca.
"Pamugi bae cara berpikirna pun Bapa sareng pun Biang parantos robih," walon Puspita bari ngareret ka Setio.
Heuleut saminggu, tanpa mere iber heula Puspita ngahaja balik heula nepungan kolot. Hayang sagancangna nepikeun pamaksudan.
"Pikeun kolot mah bungah nu aya," ceuk Raden Mas Mangkuharjo bapana Puspita. "Tapi kade bilih salah pilih!"
"Ku pangrasa abdi mah, moal lepat pilih. Anjeunna tos kagungan padamelan tetep," Puspita ngeceskeun.
"Enya ulah asal lalaki. Da hidep mah arek dijodokeun, kalah ngejat. Piraku ari meunang milih sorangan mah," sambung indungna.
"Tapi ulah golojo, kudu puguh heula asal-usulna. Bisi lain ti turunan jalma hade. Eta penting," ceuk bapana deui.
"Tangtos. Abdi nyuhunkeun restu ti Bapa sareng Ibu," ceuk Puspita.
"Na lain diajak ka dieu atuh colonna?" ceuk indungna.
"Nuju sibuk. Tangtos engke mah ku abdi diajakan ka dieu," ceuk Puspita. Teuteupna paadu jeung panon indungna.
"Urang mana manehna teh?" tanya bapana.
"Kaleresan sami urang dieu keneh," walon Puspita hambar.
"Nya saha?" tanya bapana deui ngolongan.
"Set...Setio...! Putrana Pa Karyo sareng Bu Sinem."
"Hah...!" Raden Mas Mangkuharjo semu calangap neuteup pamajikanna, asa kabentar gelap. Puspita luk tungkul, geus bisa neguh eusi hate nu jadi kolot. "Naha teu bisa milih lalaki sejen?" Raden Mas Mangkuharjo nahan renghapna.
Sugan teh mawa beja pikabungaheun, kaya kieu mah jadi ngarudetkeun kolot, Raden Mas Mangkuharjo kutuk gendeng. Dasar budak bedegong teu beunang diurus. Geus sina ingkah deui ka kota! Hirup mawa maneh, kawas geus teu butuh deui pamuntangan kolot. Hidep teh awewe Puspita teu hade awewe kitu peta. Plak! Nepak tarang bari tuluy gogodeg, beungeut mani cakueum.
"Kumaha tah Jeng Puspa, kalakuanana angger minculak."
"Sabar Mas. Pasti Mas gaduh jalan nu paling sae," walon Raden Ajeng Puspasari. Panonna ngalimba.
"Urang ngariung sakulawarga!"
"Abdi ngiringan," walon sang istri dareuda.
"Ulah aya nu kaliwat, dulur Si Puspita kabeh bejaan, sina ngariung. Aya penting kitu!" Sora Raden Mas Mangkuharjo teugeug.
Teu diengkekeun deui, harita keneh Raden Ajeng Puspasari nitah lanjangna ngabejaan nu deukeut. Ari nu rada jauh ku sorangan ditelepon jeung dihape. Ampir kabeh ngarasa kareureuwasan. Aya nu nyangka eyang istri teu damang ngadadak.
"Aya naon, Mangku? Jiga aya nu penting?" tanya eyang istri, indungna Raden Mas Mangkuharjo.
"Memang aya nu penting, Bu. Ngalereskeun incu Ibu, Si Puspita," walonna asor tur halon sarta rengkuh.
"Arek gancang kawinan?" tarosna deui mani marahmay.
"Muhun. Engke Ibu bakal terang ku anjeun persoalanana," walon Raden Mas Mangkuharjo angger asor.
Puspita teu ngarasa galideur ngabandungan ketak nu jadi kolot. Ti memehna oge geus bisa ngajudi. (*)
Sambungan ti Bagian 1 | Nyambung ka Bagian 3 |
Ino Misno