Cinta Puspita (Bagian 1)

Puspita ngarandeg heula hareupeun panto rohangan tempat wawancara. Arek ngetrok panto teh bet ngaranjug heula, antukna jajantung jadi rada ratug tutunggulan, teu bisa di teger-teger. Piraku tacan nyanghareupan anu arek ngawawancara geus kasima heula, mangkaning ari tes wawancara teh sakalian nguji mental. Padahal lain munggaran pikeun Puspita mah. Beda jeung arek nyanghareupan ujian sidang sarjana, asa teu kungsi ngadegdeg-ngadegdeg acan, tetep teger nyanghareupan tim penguji teh.

Carita Tilu Bagian

Bangun ati-ati pisan panto diketrok lalaunan.

"Mangga ka lebet!" Kadenge sora ti jero rohangan.

Lalaunan panto dibuka, sup ka rohangan. Embung katempo kaku. Langsung mere imut, ngagaris handapeun teuteupna nu linduk. Nu diteuteup males imut, pasemonna hegar marahmay, kumisna nyiripit.

"Nu dipanggil tes wawancara tea?" Teuteupna teu lesot ka beungeut Puspita, karasa aya nu ngagilisir kana kamalir hate.

"Muhun!" Sora karasa hambar. Luk tungkul.

"Mangga calik!" Teuteupna beuki anteb.

Puspita jadi samar polah. Tapi sadar, bisi keur langsung nguji. Nyoba tanggah males paneuteup. Setio, nu kapapancenan ngawawancara surti ka nu arek diwawancara.

Lain teuteup kurang ajar, tapi teuteup simpati, ceuk gerentes hate Puspita. Imutna oge, lain imut tipuan, tapi imut simpati. Sikepna oge lain sikep jijieunan, tapi sikep simpati.

"Hapunten. Sanes maksad teu sopan nanging abdi peryogi nelek-nelek saderek," ceuk Setio bari unggut-unggutan, tarangna mani ti kerung-kerung. Sajongjongan meureumkeun panon bari curuk diteueulkeun kana tarang. Sawanganana nyuruwuk ka mangsa lawas. Mangsa keur budak. Mangsa keur sok mantuan ngasuh, minangka mantuan pagawean indung upama pareng ngahunyud.

"Ke...ke...ke...! Urang dikawitan ku patarosan kahiji. Naha Puspita masih emut, nalika di SD, ka sakola sok dijajap dipapagkeun ku budak lalaki kuleuheu?"

"Emut keneh Pa. Kelas lima, abdi nembe ludeung sorangan ka sakola," walon Puspita bari rada hemeng. "Tampolana abdi sok menta diakod. Hawatos sok ngaraos beurateun."

"Naha emut keneh, saha nu sok ngasuh teh? Patarosan kadua."

"Tangtos emut keneh...eu...eu...Mas Setio."

Setio unggut-unggutan dianteur ku imutna, hatena ngarasa yakin yen awewe nu disanghareupan teh Puspita. Puspita nu kungsi kaasuh. Puspita nu kungsi diaanteur sakolana. Puspita basa keur leutik buukna sok diuntun dua, dipita. Atawa sok dibuntut kuda. Puspita wedalan ningrat, mun teu salah mah anak katilu ti tujuh sadulur, ti pasangan Raden Mas Mangkuhardjo sareng Raden Ajeng Puspasari.

Harita, indung-bapana Setio ngabdikeun diri bubujang. Kangaranan bubujang di turunan ningrat nu masih keneh tacan laas ti sipat peodalna, Pa Karyo jeung Bu Sinem remen meunang panyentak. Uyuhan ngadunungan bisa tahan rada lila. Ngan dina hiji mangsa mah Pa Karyo dicarekan laklak dasar ku dunungan lalaki. Tutuduh geus lain ku curuk tapi ku suku. Manah Pa Karyo boh Bu Sinem asa meunang panghina nu lain dikieuna. Nya ahirna ngejat. Eureun ti dinya, diajar usaha dagang leuleutikan di pasar, nya tepi ka bisa nyakolakeun deui Setio nu kungsi kandeg tepi ka kelas opat. Najan bari seuseut-seuat, bisa namatkeun lanjutan pertama. Teuneung ludeung teu keueung, nekad lumpat ka kota. Kungsi sare di emper toko. Milu nyiruruk di masjid. Jalan hirup mimiti muka pantona, basa dirina mimiti aya nu mercaya jadi loper ku hiji agen koran jeung majalah. Rengse nganteur-nganteurkeun koran atawa majalah ka langganan, sok rajeun bunta-bantu di restoran, tepi ka daek dititah gegeroh sagala. Teu nanaon. Nu penting mah rijkina halal. Tepi ka ahirna mampuh ngiriman ka kolot. Mampuh nuluykeun sakola. Setio panceg hatena, hirup dipangumbaraan ulah tepi ka gagal. Iwal ku sakola, darajat pribadi bakal kaangkat, kaasup darajat kolot di lembur. Katalangsaraan kolot dijadikeun eunteung, yen kahirupan jalma leutik mah, kawas taya ajenna.

Setio antukna mampuh ngarawel ijasah perguruan tinggi. Kaanteur ku milikna, Setio bisa nyepeng hiji kalungguhan nu lumayan di salah sahiji pausahaan swasta jugala di widang property.

"Upami patarosan tadi nyabit-nyabit pangalaman saderek, eta mah mung sacara kaleresan bae," sambung Setio bari nitenan berkas lamaran dina map. "Pangalaman kerjana cekap lami, genep taun langkung. Urang teraskeun kana patarosan nu katilu. Naha saderek dugi ka dilirenkeun damel? Naha aya kasus pribadi? Naha memang kirang dedikasi? Atanapi aya hal sanes?" Teuteup napel deui ka beungeut Puspita.

"Abdi liren, jalaran pausahaan ngalaman pailit dugi ka tutup total lajeng nyobi ngalamar ka dieu," walon Puspita halon.

"Nu bakal ditampi di pausahaan ieu, calon karyawan-karyawati anu sayogi masihan kontribusi maksimal, kalayan etos kerja nu daria." Bari maca biodata nu ngalamar. Geuning manehna teh lalagasan keneh. Hate Setio mimiti ngawih.

"Saupami ditampi, pamugi kinerja abdi sing luyu sareng harepan pausahaan."

"Sae. Nanging peryogi komitmen anu tandes, supados gaduh tekad bade meruhkeun tanaga katut pikiran kanggo ngaronjatkeun kamajengan pausahaan. Sayogi?" Potong Setio nembongkeun wibawa.

"Insya Alloh...!" Males paneuteup nu nanya. Hayang nuluykeun nyarita tapi kapegat deui.

"Yah...saderek tos rengse diwawancara..."

"Janten...?" Teuteup Puspita nu linduk jadi semu bolotot.

Setio ngadeukeutan Puspita. Nu dideukeutan semu olohok. Rada hemeng ku sikep nu ngawawancara, komo barang Setio ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman.

"Mangga calikna tiasa ngalih!" ceuk Setio bari tuluy gek dina korsi tamu. "Teu kedah kaku, wawancara tos dianggap rengse. Ayeuna mah urang ngobrol santei we heula. Urang sami-sami bernostalgia. Kaleresan aya waktos kirang-langkung sajam deui," sora Setio mani antare.

Bernostalgia, ceuk pikir Puspita bari gek diuk. Asa geus teu diwawancara. Teu karasa resmi. Jiga nu ukur formalitas wungkul. Atawa memang jalmana nyentrik.

"Ibu-rama masih aya?" Setio mimiti nanya deui.

"Alhamdulilah masih keneh lengkep."

"Di dieu sabumi?"

"Abdi di ieu kota, diajar ngumbara. Ngontrak pavilyun."

"Sami, abdi oge ngumbara. Mung tangtos benten alesanana. Abdi mah datang ka ieu kota teh estu seja kokoreh nyiar kipayah. Kajurung ku kaayaan sepuh di lembur kaayaanana kekerehet. Ngarasa boga kawajiban, abdi kudu bisa ngarobah nasib kulawarga. Indit ka pangumbaraan kalayan bekel ijasah SMP, tapi tekad ngagedur. Tara kungsi kaimpleng bakal nyakuan ijasah arsitek, lulus insinyur. Ngarasa hirup di pangumbaraan sieun katalangsara kadungsang-dungsang, tangtos kedah gaduh udagan nu pasti, kedah wantun berkompetisi. Pikeun ngawujudkeun komitmen, tangtos urang katangtang kedah hirup cingceung, ulah ngagaduhan mental cengeng. Tangtos Puspita mah ngabogaan lalakon nu benten pangpangna dugi ludeung ngumbara ngantunkeun banjar karang pamidangan. Abdi yakin, Puspita ngalengkahna ka ieu kota sanes alasan kasangsaraan sepuh. Leres, pan?" Angger jeung imutna.

Puspita unggut.

"Cobi carioskeun lalakonna!" penta Setio.

Euleuh, kudu ti mana mimitina kuring nyarita. Jadi bingung. Puspita ngabetem. Setio jiga nu teu bosen neuteup beungeut Puspita.

"Mangga ngemut heula!" ceuk Setio tenang.

"Leres saur Bapa tadi, abdi lugayna ti bali geusan ngajadi teh benten lalakonna sareng Bapa. Margi abdi mah nyasatna meclengkeun maneh. Bongan ku lingkungan kulawarga tos dianggap mahiwal. Bedegong mawa karep sorangan. Teu tumut kana adat tatakrama. Nu mawi tos tamat kuliah teh abdi dibere gede hate pikeun ninggalkeun lingkungan kulawarga anu sagala rupina masih kabeungkeut ku aturan-aturan cara hirup. Abdi hoyong kabebasan, alim ka kungkung ku aturan nu dianggap aturan mati. Dunya asa sempit mun abdi teu wani misahkeun diri. Sanes so Kartini. Sanes! Ngan abdi boga pamadegan, yen abdi kudu ngarobah cara hirup nu diluyukeun sareng lengkah jaman. Abdi geus buleud ngadamel putusan, rela ngudar gelar nu salamina dipupusti ku karabat lingkungan kulawarga." Puspita nyaritana teu rundag-randeg.

"Pamadegan anu kawilang wantun, cacak saderek teh wanoja. Luar biasa. Salut. Lumayan, nambihan poin tes wawancara. Ha...ha...ha...!" Setio mani nyakakak. Puspita oge jadi kapancing seuri.

"Teu nyambung Bapa mah ah...," ceuk Puspita bari nyingraykeun buuk.

"Puguh supados janten nyambung. Tina paparan saderek abdi tiasa narik kacindekan, sareng leuwih yakin, yen saderek teh turunan menak. Turunan ningrat. Sakuduna mah abdi oge tetep mikahormat. Saderek teh kapan Raden Ajeng Puspita."

"Ah Bapa mah bet tambih teu nyambung bae," cegat Puspita.

"Sidikan bakal langkung nyambung. Sabab saderek mah jiga nu leres tos hilap deui ka jaman keur leutik. Ti barang gok tadi, abdi bet langsung inget deui ka mangsa ka tukang, dina mangsa sok ngabantuan indung nganganteur sakola anak dunungan nu menak bolongkotan. Alhamdulilah, abdi masih keneh dibere inget kana keureut beungeut Raden Ajeng Puspita leutik. Tapi hanjakal Raden Ajeng Puspita dewasa, bet geus pohoeun deui ka abdi. Budak leutik kuleuheu nu kungsi janten tukang jajap sakola, nya abdi kapan Mas Setio tea!"

"Hah...?" Puspita taker ka calangap sajongjongan.

"Teu percanten?" Setio ngayakinkeun.

"Mas Setio, abdi hapunten...!" Bakat ku bungah Puspita nyaritana teu laju. Basa Setio cengkat, langsung ku Puspita dirangkul.

Di dua hate manusa nu keur nyacapkeun kasono, aya nu gumulung rasa bagja jeung kabungah, malah aya rasa nu hese digambarkeunana ku ciptaan. Lir tepungna deui adi jeung lanceuk nu geus lawas pisah.

"Mas Setio seja ngahanca nu lawas katunda, bade ngawitan jajap sareng mapagkeun Jeng Puspita ka sakola deui. Upami Jeng Puspita teu kaabotan. Jeng Puspita ditampi damel di dieu!" Halon sora Setio nyulusup kana hate Puspita. Rangkulan beuki pageuh.

Bubuhan geus pangalaman digawe, dina poe munggaran oge Puspita teu ngarasa ngawagu, langsung mampuh nyaluyukeun diri. Ku Setio diwanohkeun heula ka sakabeh staf. Puspita sadar, digawe di tempat anyar kudu bodo alewoh, ambeh ditungtun heula ku senior. Setio taliti naker, bisa nempatkeun Puspita di bagian nu sakirana luyu jeung pangalaman gawe ti heula.

Tina anteng neuteup maket anyar rencana perumahan elit, ret pindah kana arloji. Teu karasa, geuning geus tabuh opat kurang lima menit. Gidig ka rohangan tempatna Puspita, bisi kaburu balik ti heula. Puspita keur ngadeluk keneh nyanghareupan komputer.

"Tos waktosna mulih, Bu. Atos heula, Jeng!" ceuk Setio di gigireun meja kerja Puspita. Teu weleh imut. Puspita rada ngagebeg, teu nyaho datangna. Jadi jiga nu geumpeur.

"Aeh Bapa...ieu kapameng nuju ngaakses data proyek," ceuk Puspita males paneuteup Setio.

"Abdi ti payun, Pa Setio. Mangga, Bu!" ceuk Bu Diah jiga nu surti, dituturkeun ku karyawan sejenna.

Puspita maehan komputer.

"Kumaha?" tanya Setio.

"Tos kapelajari," walon Puspita antare

"Hayu mulih!" ajak Setio pinuh harep.

"Mangga!" Bari jung nangtung.

Ka luar ti kantor leumpang ngarendeng.

"Mulihna nganggo naon?" tanya Setio.

"Nanggo sampean."

"Nganggo kandaraan umum?"

"Muhun."

"Hayu urang sareng. Mas hoyong terang panganjrekan. Teu kaabotan?" ceuk Setio daria. Puspita teu nolak, nuturkeun lengkah Setio. Rikat Setio mangmukakeun panto sedan. Tepi ka sedan ngageleser maju, Puspita balem, jiga aya nu dipikiran.

"Mas Tio ngaraos bagja. Hirup asa malikan deui ka baheula. Mas Tio bet diparengkeun deui jajap Jeng Puspita," ceuk Setio bari nyetir.

"Alloh nu marengkeun urang kedah tepang deui di pangumbaraan. Abdi oge teu kinten kacida ngaraos bagja. Duka kedah kumaha nganuhunkeunana kana sagala kasaean Bapa nu parantos ngabantos abdi. Rupina pami taya Bapa, abdi bakal apruk-aprukan milari padamelan enggal."

"Punten Jeng Pita, ulah nyebat Bapa ah!" ceuk Setio bari ngareret heula ka nu diuk gigireun.

"Jiga kapungkur deui, raos disebat Mas. Asa tos kajiwaan. Satuju?"

Puspita unggut bari imut. (*)

Nyambung ka Bagian 2

Ino Misno
Cinta Puspita (Bagian 1) Cinta Puspita (Bagian 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 23.00 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.