Abrulan Nu Ngajingjing Sirah
Dipercaya ku emang teh purah ngawal barang dagangan. Ngirim-ngirimkeun urea ka unggal tempat nu pesen. Harita jaman keur hese ku gemuk urea. Teu kawas kiwari gampang da geus disadiakeun ku Bimas.
Ngawal teh ka Lemahsugih, kamantren nu tuluyna mah dijadikeun kacamatan. Indit ti Majalengka teh geus burit, sabab di tempat eta teh nurunkeun heula saton satengah. Sesana kakara di kirimkeun ka Lemahsugih.
Indit teh jeung supir matuh, Mang Umang. Ari kenekna Jang Sukri, si tukang suaban.
Najan indit geus reup poek oge teu ngarasa hariwang. Najan mobil kolot, kuat dipake nanjak. Dodge kitu weweg naker.
Di Padarek eureun deui. Nurunkeun satengah ton bari jeung minuhan radiator lantaran rek nanjak nu leuwih netek.
"Kulem bae di dieu, Jang! Enjing deui bae ka Lemahsugih mah," cek tukang warung, Bah Oji. Ditembalan teh kapalang hanca, da puguh sore keneh ieuh.
"Wantun kitu...?" cek Abah Oji teh deuih.
"Ari kitu masih keneh aya gorombolan, Bah?" cek kuring bari nampanan duit pamayar urea sesana nu dititah ditarima ku kuring.
"Teu aya ari gorombolan mah, mung..." Teu laju nyaritana kaburu Mang Umang nyalukan ku klakson.
Mobil maju bari ngeden. Wantuning jalan nanjak bari jeung galing ku batu mani taringgul. Galeong ka ditu galeong ka dieu, milihan jalan nu rada rata, bari muatan masih keneh pinuh.
Anjog ka nu dijugjug geus satengah sapuluh. Untung bae nu dikirimna keur aya di imah jeung tacan sarare. Ngan riweuh teh ku nu nurunkeunana. Ngadadak neangan heula. Atuh nurunkeun pupuk dua ton teh make meakkeun waktu kana dua jamna. Ku Kang Bandi oge diandeg mondok. Keun bae isuk deui mulang mah, pokna teh.
Keur kuring onaman nu lalagasan keneh teu jadi pikir. Ngan karunya teh ku Mang Umang. Adat boga bojo gede timburuan. Atuh geus peuting oge maksakeun mudun deui harita keneh.
"Heg bae ketang. Ngan kahade di jalanna sing iatna. Sakieu geus peuting. Komo lebah Padarek sateuacanna jambatan mah," cek Kang Bandi.
Deui-deui aya nu omat-omatan. Malah Kang Bandi mah make dibarengan ku ngabirigidig sagala.
"Sok aya naon kitu Kang lebah dinya teh?" kuring nanyakeun bari bengong.
"Tapi moal ketang da sanes malem Jumaah," pokna teh deuih.
Oh ngarti atuh, cek dina pikir. Moal salah sok aya jurig. Enya inget, samemeh asup ka lembur aya kuburan. Teu aneh jeung teu matak keueung. Di mana-mana oge aya kuburan mah. Komo ieu nampeu sisi jalan. Mindeng kagiridig ku anu lalar-liwat, najan arang keneh. Komo deui dina mobil aya tiluan. Moal matak keueung. Naha bet dipake sieun atawa hariwang. Jeung da mobilna oge jagjag ieuh.
Satengah dua welas miang ti pakarangan imah Kang Bandi. Panon oge geus hayangeun reureuh. Kaayaan simpe rehe wantuning geus dina kaayaan peuting pisan. Jang Sukri oge ari geuleuyeung mobil, ari lenggat-lenggut nundutan. Uyuhan Mang Umang mah sakitu geus peuting oge panonna tahan. Nyaring.
Duka kumaha mimitina, da asana teh kakara oge sakoteapan. Pedah eta kitu kuring oge sarua nundutan, sare salenyapan. Mobil ujug-ujug reg eureun. Dierem mani nyentok ngadadak pisan. Kaget. Setir ngagiwar ka sisi, karasa cicingna mobil nyempong. Lampu gede pareum. Duka pareum dipareuman, duka pareum sorangan. Kuring curinghak. Sukri palanga-polongo. Ari Mang Umang nyarita pegat-pegat arapap-eureupeup. Bari leungeun katuhu curukna nunjuk ka hareupeun mobil.
Panon digisik-gisik, laju neuteup ka hareup nuturkeun curuk Mang Umang nu nunjuk ka luar. Jang Sukri disenggol, kalah ka nyedekkeun. Karasa awakna ngeper ngadegdeg. Teu aya nu nyoara. Sarerea olohok mata simeuteun nempo adegan nu kajadian hareupeun. Awak ngabirigidig, punduk kukurayeun. Kawasna Mang Umang oge sarua, da salila-lila teu lemek.
Kaayaan alam nu remeng remeng poek. Caang saukur ku cahyana bentang nu baranang. Kaayaan di luareun kabin atra katingal najan remeng-remeng oge. Kadenge aya sora nyegor. Katembong aya nu baris saabrulan. Ditema ku sora gegerungan, sora ngorok lir munding keur dipeuncit. Geus kitu nu baris teh meuntas jalan liliwatan, muru kuburan.
Tiluan ngayekyek teu mangga pulia. Untung keneh bae jandela panto mobil ditutupkeun. Lamun henteu, beu boa mah ngorowot ka jero.
Anehna teh deuih nu baris saabrulan teh teu baroga sirah. Getihna ulaweran. Malah aya nu ngajingjing sirah sagala. Yeeey. Kakeueung ngawasa kaayaan.
"Lain, lain ngimpi jeung lain dina impian," cek Mang Umang kawas nu geus eling deui. Silih pelong sajongjongan. Meh bareng maca istigfar ngusap beungeut. Malah Mang Umang mah ngagerenyemkeun ayat kursi basa kadenge aya nu haharegungan teh.
"Lamun supirna lain Mang Umang," cek dina hate.
"Hiih...! Hiiih...!" Jang Sukri bibirigidigan. Sakitu nu sok suaban teh harita mah teu bisa ngomong.
"Untung urang teh Jang teu tiguling. Lamun Emang tadi teu rikat ngerem mah boa matak tigebrus lantaran salah. Inget rek ngaliwatan kuburan, tuter teh ditabeuh.
"Ari pek ningali nu kitu nya, Mang?"
"Heueuh...! Sia mah keur molor meureun nya bieu teh?" cek Mang Umang bari nyetarter, tuluy nincak kopling jeung ngasupkeun perseneling hiji.
"Da kuring oge milu nyaksian nempo nu barisna mah," tembal Jang Sukri. Reureuh tina kareuwas kakara inget kana ududeun.
Basa tadi keur di Bah Oji jeung di Kang Bandi diandeg mondok teh dicaritakeun ka Mang Umang. Mang Umang nganaha-naha bet teu bebeja tadi cenah. Nyaho aya nu nyarek mah kajeun dibelaan balik isuk, pokna teh.
Mobil nyemprung balik. Datang ka lembur geus kongkorongok hayam.
Panasaran basa dijurung deui ka Padarek, papanggihan teh ditanyakeun ka Abah Oji. Cek beja ti Abah Oji, aya nu kitu peta teh geus teu aneh deui. Nu matak harita diandeg oge. Di dinya teh tempat ngajagal sing saha nu diculik ku gorombolan basa jaman ririweuhan baheula. Samemeh ditugel jangga, nu dijagal teh sina ngali lobang heula keur eukeurna keneh. Keur nguburna.
Kamari sabada sakitu taun teu nyaba ka lebah dinya, ngaliwat rek ka Cipeundeuy Kacamatan Wado. Jalan angger garintul garinjul keneh. Aya tapak ngaspal mah, ngan geus ancur deui. Iwal ngulonna geus rada meueusan, malah ka Cipeundeuy keunana mah geus hade deui. Deukeut kuburan teh diadegan wangunan SD Inpres. Moal matak keueung lamun lumaku ti peuting sugan. (*)
Mitha Sas Edi