Babango

Ramena sunatan jaman baheula, antarana, dicaritakeun ku Ahmad Bakri dina Ronggeng Sajajagat (2013). Balandongan keur narima tamu ge aya dua, lalega. Cek nu rahul mah nepi sawidak deupa panjangna. Encan ubug, sasaungan keur nu digarawe reureuh, aya sababaraha hiji. Teu tinggaleun kebon alas, iimahan leutik nu pinuh ku dahareun jeung bubuahan diruntuykeun digantung gantung, dihias dialus alus. Dina der na disunatan, rebun-rebun budak sunat geus dibawa ka walungan sina mandi, sina ngoyok dina cai tiis, sangkan baal. Sanggeus rada lila, memeh kabulusan, regeyeng budak dibawa ka imah deui, dibajuan nu anyar. Tuluy sina diuk dina dulang nangkub atawa jubleg nangkub, ngadangkak dicekelan ku kokolot. Gog bengkong (paraji sunat) ngajogo hareupeun budak, gereyem mapatkeun parancah, sangkan budak berekah salamet. Bengkong ngaluarkeun babango, alat keur ngeureut kulup. Ngan sakiceup, paling lila memenitan, kalan-kalan teu kaciri kumaha prakna ngagunakeun babango, saking ku geus tapisna.

Rohang Kalam

"Kasep...!" cek bengkong. Eta teh tandana geus beres dikeureut. Geus kitu der deui tatabeuhan leuwih ngageder, leuwih rame. Nu sejen buru buru meuncit hayam jago nu gede, disebutna bela. Hayam terus dibakakak, diteundeun hareupeun budak panganten sunat. Sok nyandingkeun bokor ditutupan ku lawon bodas deuih, keur nyimpen duit panyecep. Sanggeus rerep ngagetihna, budak nu disunatan sok sina make sarung ditambahan kujugang nu dijieun tina tapas kalapa, ngarah sarung mudugdug ka hareup, teu ngagasruk kana kulup nu can cageur. Bengkong nu dianggap tapis jeung alus mun nyunatan, budak panganten sunat tara ceurik nepi ka gogoakan sarta babari cageur. Dina harti, kulup nu dipotong babari garing atawa teu ngagetih loba jeung lila. Cenah ngarah teu ngagetih loba sok dilampud ku endog bobodasna.

Pakakas keur nyunatan teh aya tilu rupa nyaeta sumbi, peso, jeung babango. Ngan nu mindeng disebut ku masarakat umum mah babango. Sumbi teh solobong nu liangna bungbas, panjangna kira kira 10 cm atawa 15 cm, ari diameterna kurang leuwih 10 mm, dikira bisa asup hulu rarangan budak. Sumbi dijieunna aya nu tina kai, awi, tanduk, atawa tulang, dihampelas nepi ka lemes. Gunana keur misahkeun antara kulit kulup jeung hulu rarangan ulah napel pageuh. Ari peso keur ngeureut kulit kulup. Kumaha bae pesona mah, asal seukeut. Mimindengna peso cukur nu sok diasahna dina kulit munding nu heuras semu hideung. Memeh prak make peso cukur, nu dipake teh ku hinis, dijieun mangrupa peso. Peso hinis mindang keneh dipake dina abad ka 19 katompernakeun. Babango, luyu jeung ngaranna, dicokot tina rupa pamatuk bango, nu kuat jeung tara nyalahan nyapitna. Gunana keur nyapit kulit kulup nu rek dikeureut. Babango ge antarana aya nu disebut babango sopa jeung babango belek. Cara makena euweuh nu nyaho iwal ti bengkong sorangan. Tong boro budak, dalah kolot ge teu meunang ningali. Majarkeun pamali, bisi baluas ningalina.

Babango dijieunna tina awi, kai, atawa tanduk. Dialus-alus, malah aya nu diukir sagala. Wangunna bisa jadi di unggal wewengkon beda jeung deuih gumantung ka bengkongna sorangan. Siga babango ti Cianjur beda pisan bentukna jeung babango ti Bandung atawa ti Tasikmalaya. Komo babango belek mah teu katingali cara nyapitna. Mun ningali babango, sigana cara nyunatan teh ukur diturih atawa disudat (incision) lain diteukteuk kulupna (circumcision). Luyu jeung eta, cek Akip Prawirasuganda (Upacara Adat di Pasundan, 1964), neukteuk kulup teh geus dipigawe ku urang Sunda memeh Islam datang. Disebutna disudat atawa disundat, hartina diturih kulit kulupna. Sanggeus Islam asup robah jadi disunat, diteukteuk buleud kulit kulupna.

Pangaweruh urang Sunda lebah nyundatan atawa nyunatan katut wangun alatna sahenteuna kudu dihargaan. Najan kiwari geus taya bengkong atawa paraji sunat nu make babango, disunat leuwih percaya ka dokter make alat-alat moderen nu leuwih dijamin kasehatanana. Nu sipatna tradisi angger kudu dipieling. (*)


Mamat Sasmita
Babango Babango Reviewed by Rupa Sundapura on 20.47 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.