Kecap Rejekan
Kecap rajekan nyaeta kecap anu disebut dua atawa tilu kali, boh engangna atawa wangun dasarna. Salian ti dirajek engang atawa wangun dasarna, ilaharna aya oge nu ditambahan ku rarangken, boh rarangken hareup atawa rarangken tukang.
A. Kecap Rajekan Dwilingga
Kecap rajekan dwilingga nyaeta kecap nu engang atawa wangun dasarna disebut dua kali. Kecap rajekan dwilingga dibagi jadi sababaraha jenis, nyaeta:
1. Dwipurwa
Dwipurwa asal kecapna tina 'dwi' hartina dua jeung 'purwa' hartina mimiti. Jadi harti sagemblengna nyaeta kecap anu engang mimitina disebut dua kali.
Conto: Tetempo, cacabok, popolotot, tatajong, popolah, bibilintik, jeung rea-rea deui.
Dwipurwa nurutkeun hartina:
- Lain nu boga: lalakon, bubuntut, jeung sajabana.
- Barang nu siga: sisiku, babantal, jeung sajabana.
- Nuduhkeun alat: kakait, cocolok, jeung sajabana.
- Nuduhkeun kecap semu/samar: pepetek, papagon, pipiti, ririwa, jeung sajabana.
- Nuduhkeun kecap abstrak: papayung, bebenteng, kokojo, jeung sajabana.
Dwipurwa ditambah rarangken
Dwipurwa bisa dirarangkenan ku rarangken -an atawa -eun. Nurutkeun hartina dwipurwa nu dirarangkenan bisa kabagi jadi:
- Leuwih ti sakali: seuseurian, gogorowokan, totojeran, jeung sajabana.
- Barang tironan: momobilan, kokorsian, iimahan, paparahuan, bebedogan, jeung sajabana.
- Rupa-rupa: bubuahan, kekembangan, pepelakan, beubeutian, jeung sajabana.
- Babagian badan: mumuncangan, cacariuan, peupeuteuyan, jeung sajabana.
- Mindeng makena: sasapedahan, momotoran, kakaretaan, jeung sajabana.
- Asa: singsireumeun, seuseuneueun, jeung sajabana.
- Kasakit: jeungjeuriheun, sisidueun, jeung sajabana.
- Kalakuan: pupujieun, beubeulieun, jeung sajabana.
2. Dwimadya
Dwimadya asalna tina dua kecap nyaeta 'dwi' nu hartina dua, jeung 'madya' nu hartina tengah. Jadi kecap rajekan dwimadya nyaeta kecap anu dirajek engang tengahna.
Conto: sabaraha jadi sababaraha, ngalakon jadi ngalalakon, jeung sajabana.
3. Dwilingga
Dwilingga nyaeta kecap nu dirajek sagemblengna. Aya nu robah sorana, aya oge nu henteu. Nu robah sorana disebut dwireka, sedeng nu teu robah disebut dwimurni.
Conto kecap rajekan dwireka nurutkeun hartina.
- Nuduhkeun rupa-rupa: unak-anik, tulang-taleng, babak-bubuk, jeung sajabana.
- Leuwih ti sakali migawena: luak-lieuk, tumpa-tempo, kubat-kobet, jeung sajabana.
- Nuduhkeun leuwih ti hiji: jul-jol, cug-ceg, sur-sor, jeung sajabana.
Conto kecap rajekan dwimurni nurutkeun hartina.
- Nuduhkeun loba: bangku-bangku, samak-samak, meja-meja, jeung sajabana.
- Rupa-rupa/sarua sipatna: amis-amis, haseum-haseum, pait-pait, jeung sajabana.
- Lila milampahna: nimbang-nimbang, mikir-mikir, jeung sajabana.
- Nuduhkeun siga: siku-siku, kuda-kuda, jeung sajabana.
- Nuduhkeun kahanjakal: geulis-geulis, kasep-kasep, pinter-pinter, haji-haji, jeung sajabana.
4. Dwisasana
Dwisasana nyaeta kecap rajekan nu ngan engang panungtung wungkul nu dirajekna.
Conto: pudigdig, pudugdug, cikikik, cakakak, jeung sajabana.
B. Kecap Rajekan Trilingga
Kecap rajekan trilingga nyaeta kecap rajekan nu diwangun ku cara nyebutkeun tilu kali wangun dasarna, bari jeung ngarobah sorana. Biasana wangun dasarna ngarupakeun kecap anteuran atawa tiruan sora.
Conto: dag-dig-dug, hah-heh-hoh, pak-pik-pek, dar-der-dor, jeung sajabana. (*)