Hanjuang

Ditundung kapeurih. Renghap-ranjug hegakna satengahing seuseukeut eurih. Iket jeung pangsi leuseuhna geus lences. Teu kalis menerkeun gembolan. Bari pageuh ngaranggeum sagagang hanjuang. Anggang. Narabas ka mumunggang. Ret. Ka tukang. Lembur remeng-remeng dina lamur teuteupan. Ngelemeng dina arileu baladah proyek jalan tol. Lir oray demit neureuyan umyang pare jeung runggunuk padumukan.

Fiksi Mini Basa Sunda

Kapireng deui mangpirang inghak.

"Olot, tulungan! Uing kabongroy, horeng tanah dibeulina murah!" Sora Karta.

"Olot, sawah dewek lapur!" Jorowok Mang Sunta.

"Olot, anak parawan kami digadabah pagawe proyek!" Jerit Bi Acih.

"Olot, ka mana urang nyiruruk?" Sora balarea.

"Olot, wayahna kudu meper amarah urang lembur, tenang persenan moal ka saha..." Serengeh Lurah Dayat.

Ret deui. Kana hanjuang. Meunang nilas luhur kuburan pamajikanana nu teu kaburu dipindahkeun. Kiwari sakabehna rata disaeur.

Lengkahna. Anjog ka penclut pasir.

Tutas nancebkeun hanjuang. Gek. Kunyam-kunyem. Mapatkeun parancah. Laju ngudar gembolan. Breh. Tarawangsa. Leungeunna. Gumeter. Gap. Lalaunan. Dikeset. Melas-melis. Lagu panen nyereset dina angen jeung kakangen. (*)


Ari Andriansyah
Hanjuang Hanjuang Reviewed by Rupa Sundapura on 13.29 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.