Titimploekan

Roesdi djeung Misnem

Barang geus deukeut ka sisi waloengan, baroedak laloempatan, paheula-heula datang ka sisi tjai. Baroedak awewe katinggaleun, tingdjarĕrit menta didagoan.

Roesdi gĕgĕroan, "Kop djurig tjai, pĕgat boedak awewe!"

Baroedak awewe beuki tarik galĕgĕroanana. "Toeloeng! Lalaki, toeloeng! Aja noe ngoedag pandeuri!"

"Kop bae, lĕbok," tjeuk boedak lalaki teh. Teu lila baroedak geus nĕpi ka sisi tjai.

"Oerang mandi heula," tjeuk Bakri.

"Ah, Ä•ngke bae tas oelin!" omong noe saoerang deui.

"Oelin naon, tadi teh Roesdi?" tjeuk Djahri.

"Apan titimploekan, euj!" tembal Roesdi.

"Koemaha titimploekan teh? Ngaranna ge kakara ngadenge dewek mah. Oelin model mana eta?"

"Model dewek bae," tjeuk Roesdi. "Bareto nendjo baroedak oerang lemboer Tjigentur, aroelinna kitoe."

"Na koemaha pĕtana, Di?"

"Heug Ä•ngke koe dewek dipapatahan."

"LÄ•bah dieu silaing njieun goegoenoengan koe keusik, sing loehoer, lebah ditoe silaing njieun hidji deui. Dewek rek njieun bobolaanana, adoekeuneun."

Si Roesdi Njieun bobolaan koe keusik sagĕde-gĕde hoeloe. Bakri djeung Djahri njarieun goegoenoengan.

Misnĕm djeung baroedak awewe noe sedjen maroeloengan harĕmis, keur doedoeitan.

Tjeuk Roesdi, "Hajoe oerang titimploekan tea, tah bolana hidji sewang, meunang mangnjieunankeun dewek. Barawa koe silaing hidji sewang, ka loehoer goegoenoengan. Ti loehoer, koe sarilaing gorolongkeun, sina diadoe, saha-saha noe peuraj bolana, eta noe eleh. Dewek noe njaksian dihandap, Ä•ngke saha-saha noe peuraj bolana, eta noe giliran jadi saksi. Kaharti?"

"Poegoeh bae euj, hajoe atoeh!"

Pek baroedak teh aroelin, pilih gĕnti noe naraek djeung noe jadi saksi. Baroedak awewe laladjo bari njoerakan noe peuraj bolana. Barang keur rame-rame aroelin, ger tjaah gĕde nakĕr teu kanjahoan lĕbna. Baroedak laloempatan, paheula-heula ka darat. Goegoenoengan pasir tea beak kabawa tjaah.

"Hajoe oerang baralik, bisi ditjarekan koe Ä•ma." Broel baroedak teh baralik, ajang-ajang goeng, bari kakawihan, kieu kawihna:

Ajang–ajang goeng, goeng,
Goeng goongna rame, me,
Menak Ki Mas Tanoe, noe
Noe djadi wadana, na
Naha mana kitoe, toe
Toekang olo olo, lo
Loba anoe giroek, roek
Roeket djeung kompeni, ni
Niat djadi pangkat, kat
Katon kagorengan, ngan
Ngantos kandjeng dalĕm, lĕm
Lĕmpa, lĕmpi, lĕmpong!
Ngadoe pipi djeung noe ompong.

Titimploekan Titimploekan Reviewed by Rupa Sundapura on 22.27 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.