Kabungbulengan

Fiksi Mini Basa Sunda

Keureut beungeut nu teu weleh kapicangcam, teu ingkah. Nineung ku delekna, sono ku ngajanggilekna.

"Eumh...geulis! Anjeun nu tumetep kapidangdung meulah sagara hate," Uhi neuteup. Carinakdak.

"Jangji urang miasih mo suda ku angkara, Duh gusti!" Gap buukna diusapan.

Regeyeng dipangku digulang-gaper. Geugeut.

"Hayu kakasih, panonpoe tos ngabageakeun geuningan. Tuh haneutna nyaliara na wening asih urang duaan." Belengeh diajak seuri.

Gek diuk ngarendeng, ngagalindeng tembang kameumeut.

"Kamana atuh kamana neang manehna metik atina sareret jeung saliwat sesah hilapna!" Gap deui ngusapan. Celengok diciuman.

"Bagja geulis! Dunya asa nu duaan, Akang kapentang asmara ku hidep beulahan kalbu." Melong. Anteb.

Itungan taun Uhi gumulung kasono. Kakasih ngiles ilang teu aya laratan.

Cag orok-orokan di diukeun dina bangku. Deku sinuku tunggal. Celengok digalentoran.

"Hayu ah cuang kalebet, waktosna rineh salira teh!" Ngabarakatak. Nulak cangkeng, beungeut tanggah nembus lalangit. (*)


nDod
Kabungbulengan Kabungbulengan Reviewed by Rupa Sundapura on 17.15 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.