Neangan

Rebun-rebun hudang, moro pukul tujuh...digawe. Pukul dua mulang, dahar...reureuh. Reup peuting...sare. Isuk-isuk hudang deui. Kitu jeung kitu, bulak-balik saban poe, dua puluh opat jam, saban minggu, saban bulan, mangtaun-taun. Kudu hudang, kudu moro pukul tujuh digawe, kudu dahar, kudu sare, jeung sababaraha kudu deui, lalakon hirup jero sapoe sapeuting. Hirup tungkul kana kudu, disengker ku waktu.

Carita Pondok

Kuring nanya ka kuring, "Naha kitu kuduna hirup kumelendang di dunya teh? Bet hirup diured ku waktu, dihalangan, teu yasa sakarep ingsun. Tuh manuk, hiber kakalayangan di buana pancatengah, sakahayangna, sakarepna. Mun eunteup di mana clegna, mun nyayang di mana daekna. Euweuh nu geureuh, taya nu nyaram, taya nu open. Merdika!"

Kuring indit sanggeusna diidinan perlop.

Rek ka mana? Duka teuing. Incah teu diajam ti tadina, teu puguh nu dituju, rek ka mana bae anjogna, sugan mah rek nuturkeun indung suku bae cara nu pundung.

Rek naon? Duka teuing. Kawasna mah rek nurutan manuk.

Sarung polekat, kopeah, make milu diasupkeun kana rangsel. Kabeneran make boga keneh rangsel urut berjoang bareto. Jaba ti eta teh, make dijejelan ku bebekelan dahareun, di antarana kornet, sardencis dua kaleng, malah roko mah make mawa aya lima bungkusna. Termos wadah cai teu tinggaleun.

Pamotretan disorendang cara wartawan potret.

Jog anjog ka setatsion, meuli karcis, sarta teu kungsi lila kareta api teh geus ngaleong. Kereteging hate, barang kuring nepi ka pangeureunan kareta api leutik, di tengah-tengah antara pasir jeung pasir, sanggeusna kareta api ngaliwatan jalan nu pungkal pengkol, bet hayang turun.

Sanajan karcis tacan nepi ka tempat nu dituju oge, da harita hayang turun, da hayang nuturkeun kahayang tea, ah, turun bae.

Jut turun manggih jalan satapak ka tonggohkeun, kuring leumpang mapay-mapay jalan suni. Leumpang antara kebon jeung kebon, nanjak mudun mapay reuma ngurilingan pasir.

Panonpoe rek nengahan, nongtoreng nojo kana beungeut, kesang luut-leet. Bet ngarasa beurat babawaan sakitu teh, moal leuwih ti sapuluh kilo. Di tengah-tengah reuma nu harita keur meujeuhna digarap, kuring nenjo tangkal ngarunggunuk bangun iuh. Kuring reureuh, diuk nyanghunjar lambar, ngarasakeun hareudang katebak angin ngahiliwir, tiis nyecep sumarambah saluar awak.

Nenjo ka tonggoh, pasir bulistir. Leucir kawas tonggong nu keur tungkul macul. Rentul di dieu di ditu nu keur digarawe. Nu jauh jiga tunggul hirup, buligir teu dibaraju, di alam nu sakitu nongtoreng panasna. Kesang ngucur, nyakclakan, kaluar ti saban bulu badan, nyiraman taneuh, nambahan gemuk mun engke tapak pacul geus waktuna dipelakan. Jongjon tengtrem ayem, teu hoream ku lega, teu sungkan ku panas, ngecruk tungkul teu galideur ku kaayaan sakurilingna.

Sakali, pamotretan kuring dicetrekkeun.

Kuring kurah-koreh muka bebekelan, sasarap ku lelemper. Ana torojol teh barudak aya limana, nu panggedena kira-kira umur sapuluh taun, malah nu saurang mah ngais budak nu kakara sataun umurna. Manehna ngariung ka kuring sanggeusna digupayan supaya dareukeut. Arulutud, ngan nu panggedena nu make calana teh, nu mawa budak leutik tea. Cenah mah keur ngasuh, da emana keur mantuan bapana ngarag jukut.

Sanggeus ku kuring dibagi roti sakeureut sewang, eta barudak teh dipotret, ngajajar. Nu saurang mah dipotretna teh meungpeunan beungeut.

Kesang geus tuus, rangsel diberesan, kuring indit demi dituturkeun ku barudak. Henteu terus nonggoh, tapi mipir pasir, sarta waktu kuring ti mumunggang turun ka lebak, barudak teh teu terus miluna, tapi ngajajar nyalengir nenjo kuring sosorosodan dina lamping.

Di antara pasir jeung pasir nu bulistir, ngocor walungan leutik, caina canembrang herang. Sapanjang walungan teh ngampar sababaraha kotakan, umpak-umpak, nu harita parena keur gumunda. Dina tepungna suku pasir jeung pasir, kokocoran walungan tea, katenjo ku kuring aya batu gede namprak, sarta deukeut eta batu gede teh aya tangkal loa ngarunggunuk.

Kabita bangun genah, jiga nu hayang didiukan eta batu lempar teh. Kuring eureun, gek diuk, atuh rangsel dilaan, diteundeun di sagigireun.

Lega nenjo alam narawangan, teu cara di kota, asa heurin, asa leutik, sundek-sundul, deukeut deudeuleuan.

Tanggah, da kapindingan ku tonggong pasir, katenjo jauh ngalumbuk, gunung semu paul. Narilik ka gigir, ka sisi-sisi walungan, galengan tingraringkel, racung tuturus kacang jeung jaat. Beh tonggoh saeutik, kira-kira aya lima welas meter anggangna aya pancuran caina ngagelenggeng, diauban ku tangkal nu ngaroyom ngiuhan tampian. Ana disidik-sidik, bet aya nu keur mandi. Ngoyok, ngucur kana pancuran. Sorangan, nangtung sakadar dituruban ku samping, ti luhur nengah tonggong, ti handap luhureun tuur. Pernahna ka kuring mah nukangan. Mekprekan dangdaunan, kawasna mah daun kamalandingan. Pek dikasaykeun kana saluar awakna, meureun minangka sabunna mun cara urang kota mah. Kabeh, ti luhur ka handap nepi kana dampal suku dikosokan ku daun meunang mekprekan tea.

Jongjon nu keur ngoyok, atuh kuring jongjon nu nenjo. Pangawakan lenjang, ngeusi pepel, munel. Tetela lain lalaki da buukna ngagebay panjang. Nenjo kulitna, rada teu kaharti, naha di tengah-tengah antara mumunggang jeung mumunggang bet aya kulit kitu. Kulit sari, bodas lain, hideung lain, hideung jeung bodas diadonan, diaduk dijadikeun hiji, kulit naon pingaraneunana. Nilik kana rampingna badan, dilapis ku kult naon pingaraneunana tea, ras inget kana dongeng, "Boa ieu teh ipri ngadon mandi."

Pamoteran ku kuring dicetrekkeun. Beres motret, bet hayang nyaho beungeutna, piraku mun awak sampulur kitu, ngabogaan beungeut goreng patut.

Manehna, sanggeusna beres mandina, tuluy ngisikan, sarta sanggeusna ngisikan, bari terus make samping baseuh, nu ngan semet tuur tea, ngalangkang gambar cangkeng, bujur, terus kana pingpingna. Baju kabayana henteu dipake, tapi disampaykeun dina taktakna. Jung indit, teu luak-lieuk, leumpang mapay galengan sawah nu legana ngan 30 sentimeter, ngelek boboko.

Sanajan kuring ngabandungan ti mimiti keur mandi, nepi ka inditna, malah nepi ka keur leumpangna dina galeng, ari hayang nenjo beungeutna jiga naon mah teu kasorang, ngan sakadar nenjo ti gigirna, kitu oge rada kahalagan ku buukna, da terus dirumbaykeun, meureun ngarah tuhur.

Nenjo pipi ti gigirna saeutik, rasa geus bisa ngagambarkeun yen eta ipri geulis. Panasaran, hayang sina ngalieuk, kuring ngbaledogkeun taneuh kana galeng deukeut nu ditincakna. Teu disangka bakal kitu, na ari soledat teh, atuh labuh ragrag tina galengan luhur, reuwas meureun, dumeh aya nu ngagorobas, nya eta taneuh anu ditenggorkeun ku kuring.

"Aduh...!" manehna ragrag kana kotakan. Boboko nu dieusian beas meunang ngsikan teh lesot tina leungeunna, beasna awur-awuran. Kuring buru-buru luncat, rek nulungan.

Kasampak teh keur ugil-ugilan bae tacan bisa hudang. Ku kuring dipangku dijungjungkeun sina nangtung. Ret manehna nenjo ka kuring, atuh kuring nenjo ka manehna.

Ayeuna mah kuring nenjo sidik kana beungeutna. Lain bae awas kana beungeutna wungkul, tapi sidik sapuratina sakur nu aya dina beungeutna, panonna, irungna, biwirna, sungutna pipina jeung gadona. Teu jauh ti sangkaan, caturangga kolot teh tetela bener, lamun pangawakan kitu, kulit kitu, moal salah beungeutna oge kitu.

Mojang ngora keneh pisan geuning, mun lele tea mah keur meujeuhna kumeuheur, kakara lima welas taun kawasna.

Manehna ngabetem, kuring pireu.

Bari ngosokan leungeun nu pinuh ku leutak, manehna tungkul, tuluy luak-lieuk, meureun neangan bobokona. Ku kuring boboko dipangnyokotkeun. Nyeh manehna imut saeutik, bari nampanan boboko. Leos indit, teu basa teu nyarita, sumawona nganuhunkeun mah, malah leumpangna teh gagancangan. Kuring olohok mata simeuteun.

Kira-kira geus rada jauh, beh tonggoh, manehna ngareret nyeh imut deui, leos, les duka ka mana nyalingkerna.

Kuring buru-buru balik kana batu lempar urut nyerangkeun tadi tea, top rangsel, top pamotretan, gajleng, leos rek nuturkeun.

Mapay jalan satapak nu lidig, nepi ka tempat waktu tadi teu kanyahoan ka mana leosna tea, terus dipapay tepus, ana anjog teh geuning aya lembur dina lengkob.

Dipapay unggal imah, kabeh kosong, meureun tacan daratang ti pagaweanana.

Kabeneran imah di lembur eta teh teu loba, sabelas imah, atuh kukurilingan unggal imah sugan aya nu muka pantona, sugan kapanggih jeung nu tadi, tapi weleh rek ka saha nya nanyakeun, taya budak-budak acan. Tungtungna kuring diuk di hiji tepas, nyarande kana tihang, teu puguh ngaler ngidulna.

Imah nu didiukan tepasna teh, imah nu panggedena. Satukangeun imahna aya leuit, beh dituna aya kandang munding.

Ku bawaning teu puguh cabak, maksud teh rek ngabaheuhay nangkarak, na ari ngareret, bet nu tadi datang, tapi sampingna nu jeblog ku taneuh urut labuh tea, ayeuna mah ngan baseuh wungkul, kawasna mah nyalingker terus balik ka cai ngumbah nu jeblogna.

Manehna kageteun nenjo kuring geus aya di tepas, terus ka pipir imah, asup ka panto dapur imah ieu pisan.

"Nyi...! Nyi...!" cek kuring. "Ieu teh bumi Nyai?"

"Sumuhun!" bari terus asup ka dapur.

Kuring teu wani terus ngudag, nya balik deui bae ka tepas, gek diuk deui.

Teu kungsi, lila panto ti tepas ka imah di buka. Jol manehna kaluar mawa samak, terus diamparkeun.

Ayeuna mah geus nyisiran, dibaju sagala, atuh sampingna make nu tuhur.

"Angkat ka mana Bapa?" cek kuring.

"Ka sawah!" Terus asup deui ka imah, teu kadenge sora-sorana deui.

Sabot ngarep-ngarep sugan daek ngelol deui, jorojoy hate kuring nanya, "Naha ieu budak awewe teh parawan, atawa randa, atawa boga salaki?" Pertanyaan nu moal bisa dijawab ku kuring, da puguh budak awewena oge bangun ngadedempes bae di jero.

Udud geus sababaraha kenyotan, geus beak sigaret aya tiluna, bet teu daek ngelol deui budak teh. Ari kurunyung teh aya lalaki kolot, calana sontog hideung pinuh ku taneuh, sukuna baraseuh, kawas nu tas beberesih, sarta diiring ku budak awewe tea.

"Moal salah bapana, da piraku ari salakina mah sakitu geus kolotna," gerentes teh.

Kuring buru-buru nangtung, nyampeurkeun manehna.

"Bapa, abdi teh kumawantun teu aya nu kagungan bumi."

Tacan kungsi tamat kuring ngomong, bapa teh geus ngajawab, "Nuhun bae, kersa linggih mah, Bapa!"

Kuring hareugeueun, naha jelema nu sakitu kolotna bet nyebut bapa, da meujeuhna mah nyebut ujang.

"Bapa teh santara?" manehna ngomong deui.

Sajongjongan kuring ngahuleng, naha nu matak disebut santara, tapi kuring kaburu inget, nyeh kuring imut.

"Abdi mah sanes, jelema biasa bae," cek kuring.

Eta meureun pedah kuring make papakean sarwa hejo cara tentara, padahal papakean kuring mah harita teh drill sepe tea, henteu hejo-hejo teuing.

Manehna asup ka imahna, sarta teu kungsi lila jol datang deui bari mawa gelas nu dieusian ku bako mole katut daun kawungna.

"Nyai, geura naheur cai buru-buru, haturan tamu!" manehna nitah.

"Bapa teh reuwas aya atoh aya katatamuan teh. Bade aya pikersaeun naon sumping ka lembur singkur teh?"

"Ah teu kedah reuwas-reuwas, abdi mah seja ulin bae hayang terang pilemburan."

"Ti mana atuh panglinggihan teh?"

"Abdi teh ti kota," bari ngereret kana erloji, geuning harita teh geus pukul opat sore. "Kumaha Bapa, abdi teh tangtos kawengian."

"Atuh nuhun bae nu aya Bapa mah, kersa rurumpaheun make kulem sagala mah, mung nya kitu..."

Budak awewe tea datang nyodorkeun panimbal jeung cacangkir.

Kuring ngereret ku juru panon, gerentes hate ngomong, "Geulis, tapi aya bedana jeung geulis kota tea. Ari Si Nyai mah, kawasna dasar budak gawe, ramona teh teu marecut cara ramo geulis kota."

"Nyai, Ema geus datang? Ieuh, bejakeun ka Ema, nyayagikeun tuangeun jeung meuncit hayam kituh!"

Ayeuna kuring nyaho, tetela yen eta budak teh anakna, tapi naha randa atawa parawan?

Jol awewe kolot nyampeurkeun, harempoy diuk, pok ngomong, "Aeh haturan, Bapa!"

Eta geus pok deui nyebut bapa, atuh bari kalamas-kelemes kuring ngajawab, "Nuhun, Ibu!"

Manehna diukna teu lila, terus pamitan deui, rek ka dapur cenah. Babawan kuring, kornet jeung sardencis tea dipasrahkeun ka Ema. Basana teh, "Euleuh lauk kaleng!"

Loba pertanyaan si bapa ka kuring, babakuna nanyakeun kaayaan di kota, malah make nanyakeun keur usum naon cenah di kota teh.

Kuring permisi rek ka cai. Geuning caina teh salembur eta mah ka tampian urut tadi tea. Saban imah katenjo ngarebul, sarta kadenge ayeuna mah sora rea jelema di imah-imah teh, malah barudak oge di buruan arulin, atuh nu ka cai ngabrul.

Peuting geus mimiti reupreupan, sarta waktu kuring datang ti cai, kasampak Si Nyai jeung Emana sasayagian dahareun. Di tengah imah, dina samak rubak, ngajajar sababaraha piring, ti antarana aya goreng daging hayam, sambel jeung lalab kacang, jeung kicipir teu tinggaleun. Rupana ari babawaan kuring mah henteu disuguhkeun.

"Tuang oge, Bapa, malum di kampung, mangga atuh nyanggakeun," cek Ema.

Teu kungsi ngaduakalian, kedemek kuring dahar, da atuh poe eta mah dahar sangu teh kakara harita. Kuring dahar teh dibarengan ku Bapa.

Rengse dahar kuring pindah deui ka tepas, sarta teu kungsi lila, saurang-saurang tatangga pada daratang. Lain bae lalakina, tapi awewena oge katut anakna dibawa. Datangna teh henteu lengoh. Aya nu mawa beuleum sampeu jeung gula kawung, aya nu mawa cau ambon, aya nu mawa buras. Kabeh disodorkeun, basana teh hayang katuang ku tamu.

Kuring dirariung. Atuh teu bisa-bisa oge, da tara ngobrol lila-lila teh, harita mah maksakeun maneh. Tangtu mun dibandungan ku tukang nyarita mah, obrolan kuring teh moal ngaler-ngidul. Mimiti nyaritakeun kaayaan di kota, leos kana agama, terus kana tatanen, pendekna sagala dicaritakeun. Sanajan kitu, duka kumaha kaanggapna, kabeh pada ngabandungan, jigana teh taya nu teu resepeun.

Nepi ka pukul sawelas kuring ngobrol teh, sarta sanggeusna tatamu tatangga marulang, kuring diangkir ka jero imah. Di jero imah, di sisi bilik, kuring nenjo kasur ditilaman ku samak sulam jeung angel galede teu disarungan.

"Geura kulem, Bapa!" cek Emana, bari nunjuk kana kasur tea.

Teu ngaduakalian deui, kuring terus ngagelehe.

Sajeroning ngagelehe, hate kuring nanyakeun Si Nyai, naha geus sare kitu atawa ka mana. Bet terus rasa, teu kungsi lila jol mawa samping kebat. "Ieu keur kampuh!"

Bari ditampanan, kuring rada lila mencrong, tapi budak teh terus balik deui ka kamar, teu embol-embol deui.

Bareto jaman ngungsi, kuring ngalaman mondok di kampung. Ti harita mah kakara ayeuna ngarandapan deui. Tiis ceuli, jempling, taya dedengean saperti di kota. Nu kadenge ngan sora jangkrik jeung bangkong.

Nangkarak bengkang sakitu tas cape, naha bet teu geura reup sare. Lelembutan bet asup ka kamar leutik nu aya di jero imah eta, kumalayang kana panenjo tadi ti beurang di cai. Keur mandi, keur leumpang dina galeng, labuh tigubrag ka kotakan, dipangku, imut.

"Nyaho ayeuna mah," cek hate kuring, "Si Nyai teh teu boga salaki."

-=oOo=-

Tina sela-sela bilik ranteng cahaya panonpoe asup ka jero imah. Ari ret kana erloji sihoreng teh geus pukul sapuluh beurang. Kuring kabeurangan.

Di imah sepi waktu kuring hudang teh. Naha pribumi sarare keneh kitu? Ditenjo panto ka tepas masih keneh ditulakan, ngan panto ka dapur tulak kaina geus nangtung gigireun panto, sarta barang kuring ngadeukeutan panto bet aya sora nu keretak-keretek di dapur. Ana breh teh Si Nyai nyorangan.

Manehna ngalieuk, ku kuring ditanya," Ari Bapa jeung Ema ka mana, Nyai?"

"Tos ka sawah tadi oge enjing-enjing."

Kuring rek ngomong deui, tapi teu tulus sarta teu kaharti nu matak teu terus ngomong, da kalah ka balik deui ka deukeut urut sare, gek diuk sila tutug.

"Nya buruh, nya patani, geuning isuk-isuk teh bet arindit ka pagawean. Hirup keur digawe atawa digawe keur hirup?" timbul gerentes hate kuring bari ngenyot udud. "Aya bedana, ari buruh mah digawena teh dikurung ku waktu, ari patani mah sadaekna."

Si Nyai datang mawa tetenong, diasongkeun ka kuring.

"Naon eta teh, Nyai?" cek kuring.

"Tuangeun," jawabna.

"Tuang?"

"Sumuhun."

"Acan sibeungeut-sibeungeut acan atuh," cek kuring bari terus nyokot anduk rek ka cai heula.

Pukul sapuluh geus rek dahar, da biasana entas mulang ti pagawean pukul dua tea. Kapan dahar oge aya waktuna, mungguh kaom buruh mah. Sabalikna patani mah daharna teh lain make waktu, tapi kawasna teh di mana lapar di dinya dahar.

Enya bae, lain di imah Si Nyai bae geus sepi teh, tapi salembur eta mah geus taya budak nu ceurik-ceurik acan, kawasna mah tinggal Si Nyai bae sorangan di lembur teh, kitu oge dumeh aya semah, nya kuring.

Di pasir geus rentul deui bae cara kamari, jelema-jelema pada digarawe, sarta di saung-saungna ngelun haseup diriung ku barudak jiga nu keur barangbeuleum.

Balik ti cai kasampak Si Nyai geus ancemon sisi bilik nungguan tetenong dahareun tea.

Bari nyicikeun cai tina poci kana cangkir, kuring ngareret ka Si Nyai. Manehna tungkul.

"Ari Nyai geus boga salaki?" cek kuring asa-asa.

Teu ngajawab, kalah ka kulumas-kelemes.

"Lamun teu ngajawab tandana teu boga," cek hate kuring.

"Nyai atos ka kota?"

"Parantos."

"Sabaraha kali?"

"Dua kali."

"Resep di kota teh?"

Manehna ngabetem.

"Nyai daek upama ngumbara di kota?"

Ngabetem deui bae.

Ditilik dibulak-balik, sepi budi, taya ulat nu katembong bogoheun. Boh ucapna boh tingkahna estu sawajarna, beda jeung gambaran jero hate kuring, estuning sabalikna. Nenjo nu teu bangun sono, sipat nu taya guam, beda jeung talajak mojang kota, bet matak nambahan sari geulisna, ati beuki kataji. Raga jiwa Si Nyai pindah kana wangwangan pikiran kuring.

Katenjo ku kuring, tina ku bawaning sakeudeung-sakeudeung direret, polahna teu puguh. Leungeunna nyoo tungtung baju, biwirna rapet, beungeutna semu beureum, jiga nu ambek, tapi lain ngurangan manisna, kalah ka nambahan cahaya nu saumur kuring rarasaan kakara harita nenjo sipat-sipat wanita nu pahareup-hareup jeung pria.

Kuring remen, malah sok ngahaja di kota, manggihan wanita, gok paamprok, pajonghok, pahareup-hareup, tapi ari nenjo sipat mojang kampung nu geulis mah, kakaraeun teuing.

Tetenong ku kuring dibuka. Ayeuna mah lain goreng hayam deungeun sanguna teh, tapi pais lauk emas, angeun combrang, lalab seupan teu tingaleun.

Kuring rarat- reret bet naha taya kobokan.

Si Nyai rupana ngarti, terus indit, sarta teu kungsi lila mawa kobokan dieusi cai.

Waktu keur nyodorkeun kobokan katembong ku kuring manehna imut.

"Hayu atuh urang dahar bareng!" cek kuring.

Manehna gogodeg, kalah ka gek emok deui sisi bilik urut tadi. Kakara oge kuring ngahuapkeun sakeupeul sangu, manehna ngolesed terus ka tukang.

"Rek ka mana Nyai teh?"

Manehna teu ngajawab.

Ku kuring dituturkeun, bet terus diuk dina jojodog hareupeun hawu. Ari geus kanyahoan teu indit jauh mah, kuring balik deui nuluykeun dahar.

Nenjo talajak Si Nyai kitu, kuring bet leutik hate, asa ambon sorangan. Nu hayang teu dilayanan, tungtungna timbul napsu murugul, angkuh ku kalalakian. Teu kaharti, teu pira mojang kampung nepi ka teu bogoheun ka bujang kota. Keur tengah-tengah dahar teh buru-buru kokocok, terus ka dapur. Gek diuk dina jojodog gigireunana.

Manehna rek ngejat, gancang ku kuring dicekel puhu leungeunna. Cek kuring, "Calik, Akang rek nanya!"

Manehna mencrong sakeudeung, terus tungkul deui.

"Nyai, kumaha lamun Nyai jeung Akang ka kota?"

Manehna melong sakeudeung. Tungkul deui bari ngoreh-ngoreh parako ku songsong.

"Kumaha, Nyai?"

Bungkem, ngan ngareret saeutik.

"Kumaha?"

Tilu-opat kali kuring nyebutkeun kumaha, malah panutupna mah make dibarengan ku nyampaykeun leungeun dina taktakna.

Ku kuring kadenge lalaunan pisan. "Kumaha Bapa Ema," cenah.

Sugan ngan sakitu pibasaeunana, tapi kuring geus ngarasa bungah. Sakali deui kuring ngucapkeun "kumaha" bari ditompokeun lalaunan kana ceulina.

Aneh, bet ayeuna mah dijawabna teh ku gogodeg. Kuring bingung. Dicoba sakali deui ngucapkeun "kumaha", kalah ngabetem. Kuring beuki bingung mangkaning hate bet jadi ngageter.

"Nyi, Akang ayeuna kudu mulang ka kota, hayu atuh anteur ka sawah ka Ema jeung Bapa!"

Na manehna atoh atawa teu atoh kuring rek balik teh, kuring teu bisa naksir, da kalah manehna terus ka jero imah, sarta katenjo ku kuring manehna ngentepkeun tetenong tea dituruban, terus ka enggon bet nyokot karembong, ditiungkeun. Ku kuring kaharti, meureun ngajak ka sawah tea. Terus maen pireu, sagala hal ngan ku kira-kira nenjo ulat jeung kedep mata. Manehna kaluar, atuh kuring nuturkeun.

"Engke atuh, ulah gancang teuing leumpang teh!" cek kuring.

Manehna ngan ngareret, terus deui bae leumpang, sata lamun kasusul, manehna eureun jeung nyimpang, nitah kuring ti heula.

"Pek bae ti heula, ngan ulah gancang teuing!" cek kuring.

Manehna indit deui, kuring pandeuri. Leumpangna gancang sakitu dina galeng leutik teh, jojorelatan bari ngajingjing samping.

Kira-kira geus saparapat jam, ti kajauhan keneh katenjo bapana keur jongjon macul, ari emana duka keur naon da keur kurah-koreh sisi galengan.

Jog anjog ka saung, kuring eureun, da Si Nyai oge eureun di dinya, sarta sanggeusna kuring diuk, manehna indit deui ngabejaan bapana. Teu kungsi lila bapana datang nyampeurkeun ka saung, malah emana oge datang diiringkeun ku Si Nyai.

"Parantos tuang?" cek Emana.

"Parantos, Ema!" jawab kuring.

"Nuhun atuh."

"Abdi teh bade pamitan, Ema, Bapa!" cek kuring.

"Bade uih?" Entong uih ayeuna kagok, sae enjing bae enjing-enjing."

"Kagok kumaha, Bapa?"

"Ayeuna tos tengah dinten, kapan ti Legoknyenang ka jalan ageung teh tebih, lalakon tilu jam angkat, atuh ka halteu nya kitu keneh, jadi emutan Bapa mah sae enjing bae, saperkawis supados aya nu jajap, da moal uninga jalanna oge. Kaduana atuh nyandak-nyandak cau kangge oleh-oleh ti kampung."

Kuring ngahuleng, kawas enya kituna teh, malah babakuna mah, ku ayana pangandeg bapa teh, bet atoh asa diaku. Tangtu ku sapeuting deui ngendong, sapeuting eta jeung namatkeun poe ieu kuring bisa nenjo Si Nyai.

"Upami kitu mah sumuhun!"

"Sumuhun kitu, sae kulem deui bae. Upami enjing bade mulih atuh bapa bade ngajurungan Si Aspian ngajajapkeun ka halteu atanapi ka jalan ageung bilih bade kana beus mah."

Si Nyai ngadenge kuring rek ngendong deui, ngadak-ngadak ngalieus miceun beungeut. Naha atoheun atawa kumaha, kuring teu bisa nerka.

"Jung atuh Emana geura mulang bae ka dituh, cau nu dipeuyeum mangkukna di pipir tea ludang, candakeun ka kota."

Emana diiring ku Si Nyai terus mulang, ari kuring mah jongjon bae di saung, da sanajan diajak oge ku emana, kuring mereketkeun ninggalkeun maneh. Atuh bapana leos deui ka sawah.

Ngajentul di saung sorangan, kesel tina diuk terus nangtung, nenjo sakuriling sampalan nu dipelakan ku tangkal cau jeung tiwu, selang-selang heuleuran sampeu jeung taleus.

"Bekel hirup bapa tani. Hasil kesang bapa tani. Ti barang ceb dipelakan, sanggeusna dipacul, ditungguan, dipiara, dilongokan, mangbula-bulan, kakara bisa kaala. Sesana dijual ka kota. Ladangna dipake meuli baju jeung samping atawa meuli uyah jeung tarasi, sakur nu teu jadi dina taneuh. Dibandingkeun jeung hirup kuring, digawe tempo-tempo teu kudu ngaluarkeun kesang, sabulan sakali geus narima hasil tanaga jeung leuwih rea pangajina diukur ku duit. Bapa tani...tukang nyipta dahareun tapi masih rea tina rupaning kadaharan nu tacan ngarasa kadahar. Urang kota, di pasar tempat pangumpulan kadaharan mangrupa-rupa ti mana-mana bisa meuli jeung bisa ngadahar.

Kuring nyampeurkeun ka bapa Si Nyai nu keur jongjon macul, rek pamitan balik ti heula ka lembur.

"Mangga bae atuh geura uih, Bapa mah ieu kapalang," cek Bapa.

Kuring leumpang mapay galeng. Ras inget kana kaayaan hirup patani, bet paingan teuing barudak patani sanggeusna sakola embung balik jadi patani, da geuning kitu kaayaanana.

Datang ka lembur, kuring diuk di tepas, sarta teu kungsi lila Si Nyai mawa teko jeung cau mani ngarangkadak, cau ambon sasikat. Mun di kota meureun sbarahaeun mah.

Bari ngarongkong nyokot cau, kuring nenjo ka Si Nyai, bet teu imut-imut acan. Ku sakitu, dina hate geus jadi pikiran, sagala laku kuring bet dianggap "sepi" bae. Manehna teu basa teu carita, ka imah deui.

Kuring ngagelehe, bet teu kanyahoan deui Si Nyai mawa angel sadua-dua. Sot angel, les deui bae. Bari ngalamun ngaler ngidul teu kanyahoan bet kasarean, da ari inget teh bet geus deukeut ka magrib.

Reup peuting deui. Teu beda cara peuting tadi bae dirariung ku semah tatangga, padahal ari mungguh hate mah ngarasa teu genah dikitu-kitu teh. Leuwih ngeunah lamun harita ngariung teh sakadar Bapa, Ema, jeung Si Nyai. Atuh ku kituna, sanajan bari teu purun, kapaksa ngobrol deui bae, tapi harita mah lolobana ngan narima pananya bae. Aya nu nanyakeun kumaha harga beas di kota, kumaha ti peuting ramena, kumaha kaayaan toko-toko, pendekna sagala ditanyakeun.

Kabeneran pukul sapuluh teh tatangga geus pada mulang.

Teu kuat sila lila-lila, tungtungna kuring ngagelehe, bari nyebut punten ka Bapa.

"Bapa sareng Ema teh, kedah angkat ka kota. Ka abdi!" cek kuring.

"Mangga, manawi pareng, engke upami parantos panen," jawab Bapa.

"Har atuh lami keneh, mangkaning ayeuna nembe macul."

"Moal lami, genep ka tujuh oge panen. Kapan ari parantos panen mah atuh ngintun-ngintun beas ketan sareng leumeungna."

"Entong kedah kikintunan bae atuh, Bapa."

"Hih, atuh parantos kitu lumbrahna urang kampung mah."

"Beh dieu bae entong ngantosan panen heula, keun bae entong kikintunan. Tah abdi teh di jalan Guntur nomer 76, gampil turun ti statsion teh kana beca bae, tukang beca mah tangtos terangeun."

"Catet Nyai ka dinyah bisi urang ka kota!"

Si Nyai asup ka kamar meureun rek nyokot kertas jeung patlot.

"Geuning Si Nyai teh biaseun nulis," cek dina jero hate kuring.

"Punten bae supados gampil naroskeun, saha jenengan teh?"

"Abdi? Pun Andria."

"Tah, Nyai pek catet sakalian jeung jenenganana."

"Teu aya patlotna," jawabna.

Kuring nyokot blocknut, tret kuring nulis adres sorangan sarta dipasrahkeun ka Bapa. Ku Bapa ditampanan, bet terus disina diampihan ku Si Nyai.

Si Nyai maca tulisan kuring, sarta terus diselapkeun dina bilik.

"Kumaha...aeh, sanes Santara?"

"Abdi mah sanes ten...Santara," kuring imut.

"Sumuhun! Kumaha parantos sabaraha hiji putra?"

"Alhamdulillah Bapa, abdi mah teu acan gaduh indung budak-indung budak acan."

"Geuning! Naha atuh?"

"Teu acan pareng bae panginten, Bapa."

"Atuh sareng saha bae di bumi teh?"

"Dikawulaan ku indung keneh bae abdi mah, Bapa!"

"Sumuhun! Dupi rama jumeneng keneh?"

"Aya...berekah sadayana araya keneh."

Si Nyai, ngadenge wangkongan kuring jeung bapana teh, katenjo panonna buringas, duka kumaha pihartieunana.

"Atuh da ari urang kota mah, komo pameget," cek Emana. "Di istri oge tara laki-rabi anom-anom."

Mimiti Si Nyai ngolesed asup ka kamar, ditumbu ku emana, sarta teu kungsi lila bapana oge ngagoleah di tengah imah. Kitu deui kuring, sora beuki leutik, meh teu puguh nu diwangkongkeun, tungtungna saimah eta jempe teu kadenge naon-naon. Inget-inget isuk geus pukul tujuh deui bae. Kuring buru-buru ka cai, sarta sanggeusna terus dangdan. Ari kaluar kasampak Bapa, Ema, jeung Aspian katut tanggungan geus sayagi, kitu oge cenah kudu dahar heula, da Si Nyai keur sasadiaan.

Saberesna dahar, kuring pamitan bari sasalaman ka Bapa jeung ka Ema.

Kuring indit. Tapi sajeroning indit, panon duanana teu weleh luak-lieuk. Hate tumanya, naha ka mana ari Si Nyai, ti tadi ti barang tas nyadiakeun dahareun teu katenjo deui. Sajeroning leumpang kitu keneh bae, terus mudun mapay jalan huma, tetep jadi ingetan.

Kira-kira geus leumpang saparapat jamna, kuring ngareret ka tonggoh, bet Si Nyai katenjo ngajanteng sorangan nenjo ka kuring handapeun tangkal kai.

"Mang, mangga bae ti payun, abdi puguh aya nu katinggaleun," cek kuring ka Mang Aspian. "Tapi angkatna lalaunan nya, Mang!"

Kuring ka tonggoh deui, sarta kira-kira sapuluh meter deui anggangna ti Si Nyai kuring masangkeun potret, terus dicetrekeun. Katenjo ku kuring Si Nyai nyarande kana tangkal kai, ku kuring disampeurkeun. Barang geus deukeut, Si Nyai ngalinggek, leungeunna ngahalangan tarangna.

Bet bingung piomongeun, naon atuh nu kudu diomongkeun, kalah ka leungeun kuring nyabak taktakna.

"Ka mana Nyai tadi teh?" cek kuring.

Teu ngajawab.

Kusiwel kuring ngodok saku calana, nyokot notes. Inget dina jero notes teh aya potret kuring. Eta potret ku kuring dibikeun.

"Tah ieu potret Akang, pek ampihan, itung-itung panyangcang."

Ngadenge kecap panyangcang, bari nampanan eta potret, manehna melong kana eta potret, bari siga aya nu dipikiran.

"Naon atuh, Nyai?"

Manehna ngareret kana beungeut kuring, sarta teu lila tungkul deui.

Kuring ngahuleng, manehna ngahuleng, da ari mungguh dina hate mah hayang nurutan cara dina bioskop, geuning ari rek papisah, tapi bet teu tega. Sakadar tanda papisah. Leungeun Si Nyai duanana ku kuring dicekel. Cek kuring, "Nyai ditinggalkeun, Akang tangtu moal lila bakal ka dieu deui!"

Kuring ngaleos, bari ngalesotkeun leungeunna, saban-saban sababaraha lengkah, kuring ngalieukan ka manehna, nu harita teu beda jeung arca, anu terus mencrong ka kuring.

Ti kajauhan, barang kuring rek panutupan nenjo beugeut manehna, katenjo ku kuring manehna ngagupayan.

Mang Aspian ngadagoan.

"Mang," cek kuring. "Eta budak teh saha ngaranna?"

"Nyi Warsih, Agan!"

"Ari bapana?"

"Katelahna di lembur mah Bapa Warsih bae, nya katelah ku anak, ari saenyana mah Bapa Alwasim. Anakna teh kabeneran ngan hiji-hijina awewe, da aya oge lanceukna lalaki, maot alit keneh."

"Geus boga salaki bareto eta Nyi Warsih teh?"

"Hih, ari Agan, sanes randa, masih parawan."

"Sugan geus boga papacangan?"

"Teu gaduh. Sareng Agan, di kampung mah tara aya papacangan, hartosna bobogohan sakarepna, kumaha indung bapana bae, malah wartosna Nyi Warsih oge parantos dipundut ku Pa Lurah, bade dikawinkeun ka putrana, nu jadi jurutulis desa."

"Kumaha Nyi Warsihna? Daekeun?"

"Daek teu daek, cek nu jadi sepuhna kedah kawin ka dinya, budak awewe mah kedah nurut bae ka kolot."

"Kitu, Mang?" cek kuring.

Kuring teu ngomong deui. Nyaah lamun Si Nyai dikawinkeun meunangkeun ka nu teu dipikabogohna, ngan sakadar kudu nurut ka kolot. Tapi, naha ka kuring oge Si Nyai teh bakal bogoheun kitu?

Tungkul bari mudun, terus nanjak bari tanggah, jongjon leumpang jeroning mikiran diri batur, da bongan make terus cumantel dina hate, mangkaning geuning Si Nyai teh bet rek dikawinkeun ka anak Pa Lurah. Kapiheulaan.

Jog anjog ka setatsion, atuh tanggungan teh dihijikeun ku Mang Aspian supaya bisa dijingjing.

Ku kuring Mang Aspian sanggeusna dinuhunkeun diperesen duit. "Tah ieu mah keur budak, lumayan. Engke sugan kuring ka dieu deui."

Teu kungsi lila kareta api datang, kabeneran lowong, atuh diuk teh tumaninah, sabangku nyorangan.

Bari nyarande, ngalenyepan lalampahan dua poe dua peuting, neangan lowong tina hirup nu pinuh ku kudu, breh kalangkang Si Nyai keur imut handapeun tangkal kai.

Neangan teh ngan ukur nepi ka meunang nineung, teu luput dikurung waktu antara senang jeung bingung. (*)


Caraka (Dimuat dina Cupumanik No. 15)
Neangan Neangan Reviewed by Rupa Sundapura on 17.04 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.