Misteri Gedong Sigrong (Bagian 2)

Tadina mah rek terus balik, tapi Titilaras nyebutkeun can nyangu di imah, mending dahar heula. Mobil eureun di hiji cafe. Dina plangna ngajeblag aksara Tiger Art. Cekas jeung Titilaras milih korsi nu rada di juru. Angkanan maranehna rek neruskeun obrolan tadi, ngarah salse. Da lebah dinya mah henteu loba teuing nu dahar. Kosong. Teu sabaraha lila jol pelayan ngasongkeun daftar menu. Cekas, nyebutkeun kumaha pamajikanana we, basa ditanya rek dahar naon. Teu lila pesenan datang, sangu bodas sasangku leutik, goreng lauk emas, sambel, lalab, oseng kangkung, jeung peuteuy. Citeh panas dua gelas. Am duanana langsung dahar. Komo Cekas mah mani ngalimed.

Carita Nyambung

"Terus?" cek Titilaras bari ngahuapkeun sangu jeung oseng kangkung.

"Enjing Deden dipapag nganggo mobil anjeunna ka bumi."

"Terus?"

"Tanteu Umyang hoyong tepang sareng penulis biografi terbaik."

"Percaya kitu?"

"Why not?" cek Cekas. Rada ngarandeg nyaritana teh, da tas ngahuapkeun lalab dicoel sambel, ladaeun. Rot heula nginum citeh panas.

"Hallaaah...!" pokna.

"Kade ceky, pan Tanteu Umyang teh istri misterius."

"Alaaah, eta mah gosip. Saha nu kungsi nalungtik sacara rinci kaayaan anjeunna nu sabenerna. Kakara cenah, kakara wacana. Kawas lain garwa wartawan, bet percaya kana beja. Urang coba we. Ari Cekas mah kabita ku saratusjutana we."

Titilaras jempe. Manehna sarua nginum citeh panas, ngaleungitkeun lada, sanggeus meakkeun lalab asak saayakan leutik.

"Kade bogoheun," cek Titilaras rada ngosom.

"Naaa ari Si Sweety. Piraku atuh Deden selingkong sama prameswari segini cantiknya. So imposible. Ulah hariwang, imanku kuat, kok."

"Geuning ku saratus juta ge kabita."

"Ih, atuda aya jalan pikeun boga mobil anyar."

"Ngan sakitu udaganana nya, Deden Gombal teh?"

"Aya deui!"

"Naon?"

"Menggali kemisteriusan seorang manusia."

Sanajan kasebutna sagala murah, tapi ieu cafe teh katenjo pinuh. Lolobana barudak ngora. Mun aya ge kolot, anu jiwana ngora wae, meureun. Cekas jeung Titilaras kabagean keneh tempat sanajan di juru. Tadi ge kakara gek dariuk, langsung ngurunyung nu ngalayanan, make papakean Enon. Ayeuna jol deui jajaka, make baju koboy, tapi sirahna diiket, henteu ditopi. Teu ngomong nanaon koboy teh, sok we daftar inuman, anu ditulis tangan. Ngaran kadaharan jeung inuman ge geus dihaja diheureuykeun. Aya lauk katirisan, daging sapi diet, kangkung bungbu kolek, sop sampean sapi, goreng tahu gembul, jeung rea-rea deui. Inuman kitu deui. Aya jus beling, aya sirop kaleked. Keur nu teu apal mah matak hayang balik deui. Tapi barudak ngora nu langganan mah geus arapaleun. Tadi Titilaras mesen kadaharan. Ayeuna ditawaran inuman, ukur pesen jus alpuket.

Jempe sakedapan. Duanana bangun ponyo dahar sangu haneut jeung sambel lada, dicoel ku lalab asak jeung goreng peuteuy. Lauk emas digoreng garing kari cucukna, oseng kangkung kari caina, sambel kari coetna. Urut dahar diakutan ku pramusaji, da teu lila kurunyung pesenan anyar, jus alpuket dua gelas. Titilaras masih keneh nginum citeh nu ayeuna mah geus teu pati panas. Manehna kawas hayang ngaleungitkeun pisan lada sambel nu tadi.

"Jadi kumaha eksit permitna? Aya?" cek Cekas.

"Meunang make sarat?" cek Titilaras.

"Naon saratna teh?"

"Mun aya gejala Tan-Gir, mundur, nya."

Cekas seuri ngabarakatak.

"Lain seuri! Daek teu aya sarat kitu?"

"Oke! Oke, lah."

Ayeuna mah Titilaras nu nyikikik.

"Neng tagihanana, punten," cek Cekas ka pramusaji.

"Bill kituh, lain tagihan," cek Titilaras.

"Di dieu mah sanes bill Teh, tapi onghar," cek pramusaji.

"Naon onghar teh?" cek Cekas,

"Ongkos dahar," tembal pramusadji bari imut. Cekas jeung Titilaras dibejaan yen dahar di dieu mah kudu mayar tiheula. Ku lantaran duanana can apaleun, dihampura. Terus duanana ngajugjug loket pembayaran. Ngan ngasongkeun duit ratusan salambar ge, dipulangan keneh.

"Murah pisan," cek Ceka.

"Ngaranna ge cafe tigerat, jadi keur jelema anu kurang duit. Ngarah gaya ditulisna weh Tiger-art," cek Titilaras.

"Ka mana ayeuna?"

"Pulang we," tembal Titilaras.

Beurang geus ngahaeub ka asar, basa dua nonoman teh ninggalkeun cafe Tiger Art. Maranehna langsung balik. Anu leuwih penting idin teh ti Embu jeung Bapa. Lantaran ieu nu rek ditulis teh jelema aheng. Naha moal jadi matak ka dirina jaga. Anu jelas lamun tea mah diterbitkeun, inggis loba reaksi ti masarakat. Sanajan ditulis ku basa Sunda, tapi bisa wae aya nu apaleun saha ari Umyang. Nu matak pamanggih indung jeung bapana kacida dianggap pentingna ku Cekas.

Basa tepi ka imahna, kasampak indung bapana keur dariuk hareupeun televisi di ruang tengah. Kawas sasari indungna langsung nawaran dahar. Cekas nyebut wareg bari nyokot goreng tahu tina meja makan. Ari Titilaras mah langsung ka paviliun, imah maranehna. Gek Cekas diuk dina korsi anu papahareup jeung bapana. Sok jeket jeung ranselna ditunda dina meja. Ku indungna langsung dirawatan, dibawa ka jero. Bapana anteng nyeuseup padudan nyerebung-nyerebungkeun haseupna.

"Pa, abdi aya nu miwarang ngadamel biografi deui," pokna. Teu lila indungna asup deui ka rohangan eta, gek diuk dina korsi gigireun bapana. Kop kana bordelan nu tadi ditunda dina luhur meja, terus ngahanca pagaweanana. Cekas neuteup bangun reueus nenjo kolotna sakitu bagjana. Salawasna katenjo duaan wae. Saumur hirupna tacan kungsi ngadenge pabentar paham, sok komo papaseaan. Sanajan tangtu wae barebedan mah aya, ngan tara kaciri ku anak. Ayeuna ge anteng we kana televisi. Duaan, nyaksian lalakon anu sarua.

"Saha, Jang?" cek bapana.

"Honorna sabaraha cobi, Pa?"

"Lain salawe juta nu kamari mah?" tembal bapana.

"Ieu mah istimewa, Pa."

"Sabaraha kitu?" cek bapana jeung indungna meh bareng.

"Saratus juta!"

"Wahh...!" cek indungna.

"Ti ibukota?" cek bapana deui.

"Sanes, ti Kota Kembang, Pa!"

"Ku basa Malayu?" cek bapana. Cekas imut. Biasa bapana mah nyebut basa Indonesia teh basa Malayu. Geus kajudi da dina basa Sunda mah moal sakitu gedena. Bapana ge apaleun honor tulisan dina Basa Sunda tara leuwih ti tilu ratus rebu, malah lolobana mah ukur saratus rebu sakali muat. Cekas seuri.

"Basa Sunda, Pa," pokna bari seuri.

"Saha jelemana?" cek indungna.

"Tanteu Umyang," cek Cekas.

"Ibu Umyang Yelownita? Nu beunghar? Nu kagungan Hotel Liuh Zsalamyna? Nu kagungan butik Sunda Moderen?" cek indungna. Sorana bangun kacida reuwasna. Cekas mimiti saregep. Nu tadina diuk nyangsaya ngadadak ajeg.

"Lain eta mah...eta mah...eta mah...?"

Bangun hayang nyarita sapok-pokkeun indungna teh. Tapi teu betus, ukur ngarenghap, jeung ngadelekan ka bapana. Cekas reuwas, alah boa-boa teu diidinan. Kumaha atuh nu saratus juta? Gerentes hatena. (*)

Sambungan ti Bagian 1 Nyambung ka Bagian 3

Aam Amilia
Misteri Gedong Sigrong (Bagian 2) Misteri Gedong Sigrong (Bagian 2) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.34 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.