Misteri Gedong Sigrong (Bagian 1)

Cekas keur jongjon ngawas-ngawas piagam penghargaan, nu kakara minggu kamari katampa ku manehna. Telepon imahna ngirining. Na saha nu nelepon ka imah, jaman kieu? Pasti nu teu wawuh. Da nu wawuh mah tangtu nelepon kana HP-na. Lain ku nanaon, manehna keur genah diuk, horeameun cengkat. Heug kakara pisan reureuh. Satengah lumpat muru telepon. Basa dihalowkeun manehna nanyakeun naha ari Cekas aya. Cekas nikukur. Kaleresan cenah, aya nu hoyong nyarios. Jep jempe sakedapan. Ngan kadenge hawar-hawar sora musik klasik. Titahan kawasna mah lain jelemana.

Carita Nyambung

"Abdi ngaos koran minggu kamari. Saderek Cekas dileler hadiah utama penulisan Biografi ti Komunitas Jurnalis Sunda. Dunungan abdi hoyong kenalan sareng saderek. Tiasa?" pokna.

"Mangga!"

"Ke atuh, mangga sareng Tanteu. Sakedap...!"

"Sareng Umyang," pokna. Sorana anyar deui. Ieu mah leuwih halimpu ti nu tadi. Umyang? Naha ngaran teh asa aneh. Sorana mah awewe geus aya umur. Tapi saha? Moal kitu nu salah sambung? Tapi sidik pan tadi ge hayang nyarita jeung manehna cenah. Kawasna pedah telepon jempe wae, manehna nyoara deui. Ayeuna mah leuwih teges nyebut ngaranna.

"Umyang Yelownita, ti Hotel Liuh Zsalamyna," tembalna.

Cekas ngorejat ngadenge ngaran eta mah. Pikeun urang kota tempat cicing Cekas, ngaran hotel jeung nu bogana ge moal aya nu bireuk. Sanajan reputasina loba anu nyaritakeun. Kabeungharanana mah hese neangan bangsana sakota ieu mah. Tapi nya eta kakayaan nu jadi carita teh. Aya nu nyebut manehna teh tukang kawin, gunta ganti salaki, jeung rupa-rupa deui. Cekas ngarasa teu kudu percaya, da eta mah lain hasil panalungtikan. Taya data nu kongkrit. Ngan rek naon nelepon kuring? Gerentes hatena.

"Tanteu hoyong tepang, tiasa?" pokna.

"Mangga!" tembalna saengangna. Padahal hatena rumandeg. Asa sararieun teuing wawawuhan jeung jelema beunghar kitu. Komo tukangeun mah sok jadi bukur catur, malah bahan diskusi. Ngan arek naon atuh nyarita ka manehna.

"Tanteu hoyong dipangdamelkeun biografi!" pokna. Hag siah, cek hatena. Nyieun biografi? Kumaha ketakna? Ditolak sieun kasigeung hatena, ditarima sieun deuih. Naha moal pada ngomongkeun? Cekas nu kungsi nulis riwayat hirup para tokoh beken, seniman jeung para ilmuwan wungkul. Ari ieu? Tokoh misterieus. Tapi apan manehna mah penulis, teu meunang pilihan, teu kaci pilikasih. Singsaha nu menta dibukukeun riwayat hirupna ka manehna, kudu ditarima. Dina nolakna ge, alesanana ulah matak nyeri hate.

Komo sanggeus Umyang nyebutkeun sanggup mayar saratus juta pikeun honorna, Cekas olohok. Padahal manehna geus nyebutkeun honorna teh saparapatna.

"Dupuluhlima juta mah uang mukana, ti Tanteu mah," cek Umyang.

Cekas ukur bisa nyebut muhun. Telepon ditutup sabada Umyang ngajangjian hayang tepung pageto di imahna. Cekas bakal dijemput ku mobilna, isuk keneh kira pukul salapan. Biasana mah atoh pisan lamun aya nu hayang dipangnuliskeun riwayat hirupna teh. Ari harita mah kalahka bingung. Tokoh nu teu jelas, kaasup kana komunitas naon Umyang teh? Da ari sakadar nyaritakeun nu beunghar mah lain ge biografi pilihan manehna. Naon meureun perjuangan hirupna. Tapi eta honorna. Hartina manehna bakal bisa meuli mobil anyar. Tinggal nambahan sakitu puluh juta deui. Eta mah bisa nginjeum ka sobatna. Bisa dicicil ieuh mayarna. Jaba dina tabungan ge aya di manehna nu weuteuh keneh. Tadina mah hayang nyarita rada panjang, tapi kaburu ditutup.

Nu munggaran kudu dibejaan Yayas Titilaras, pamajikanana. Tangtu bakal bungaheun ngadenge ieu beja. Saratus juta, Geulis, saratus juta. Saha pijalmaeunana anu wanieun mayar sakitu gedena pikeun tulisan dina basa Sunda. Apan manehna nulis carita pondok atawa artikel dina basa Sunda mah panggedena ge ukur tiluratus rebu. Sanajan cenah loba nu nyebutkeun basa Sunda teh hese, tapi ari lebah muruhan mah, umumna ukur saratus rebu. Pajar cenah basa Sunda teh kudu dihirupkeun. Ari majalah jeung koran Sunda seret ku nu langganan.

Basa ditelepon, HP Titilaras keur dipake wae, atawa di luar jangkauan cenah.

Keur ngudag konsumen atawa nyieun laporan keuangan kitu? Atawa keur ka mall? Tepi ka hese narima? Cekas terus nga-SMS, sangkan pamajikanana nelepon manehna. Enyaan ukur heuleut memenitan, Yayas nelepon. Pananyana mani kawas kacang ninggang kajang. Rek naon, aya naon, cenah keur kagok 'direbonding' di salon. Paingan atuh hese dihubungi. Tapi keun bae, pan manehna ngageulis ge keur aing, gerentesna. Terus we ngajangjian rek disampeur ka eta salon, moal lila deui, sanggeus ngoncian panto imah.

Teu hayang asup Cekas teh. Hoream pagaliwota jeung awewe. Para mojang, tanteu-tanteu, jeung eyang-eyang anu keur ngarawat rambut. Titilaras di-SMS, nyebutkeun Cekas geus aya hareupeun buruan salon. SMS dijawab, sakedap nuju mayar cenah. Horeng mayar ge antri meureun, da Cekas geus aya lima menitna nu pajar kantun mayar teh can embol-embol. Tapi rada kabangbrangkeun, da nu ka luar ti salon teh kaburu datang. Manehna imut bari ingguk.

"Lapaaar!" Pokna bari asup kana mobil. Panto mobil kadenge ngagebrug tarik.

"Mani kudu kawas nu ambek bae, nutup mobil teh," cek Titilaras.

"Sebentar lagi, ada mobil baru," cek Cekas. Ras kana caritaan Umyang, cenah saratus juta honor nulis biografina dina basa Sunda. Hartina, bakal kabeuli mobil nu hargana saratuslimabelas juta mah. Mobil ieu rek dijual ka lanceukna. Harga dulur, sapuluhjuta mah wanieun. Moal dimahalkeun, da pamere bapana.

"Angin surga atawa omdo ieu teh?" cek Titilaras.

"Omnar," tembal Cekas.

"Naon Omnar teh, asa kakara ngadenge."

"Ari omdo mah omong doang. Omnar mah omong benar."

Titilaras seuri ngagakgak. Kop leungeunna kokodok kana tasna. Kadenge ngeresek, basa ngaluarkeun bungkusan leutik. Horeng peremen. Peremen teh dibuka hiji, lep dihuapkeun ka Cekas. Nu hiji deui dihuapkeun ku Titilaras.

"Geus lah tong ngimpi, urang makan we," cek Titilaras rada ngosom.

"Di mana?"

"Urang ka cafe babaturan Yayas. Cafe Tiger Art. Can kalongok."

"Ke pageto mah urang makan di Steak Cikruh."

"Rek mayar ku bulu panon?"

"Eta sok sadis. Hese atuh nyabutna ge. Ieu mah ku duit."

"Duduitan?"

"Duit enyaan atuh."

"Cekas...Cekas suamiku, kawas nu teu apal, di dinya mah sakali dahar teh tiluratus rebueun duaan. Steak jeung kentang, nginum citeh sateko leutik."

"Mun jeung jus wortel, jus alpuket, kopi aduhai, sabaraha?"

"Gandeng, ah."

"Balikna ka mall. Pan Yayas palay meser HP anyar."

"Gustii, ku naon ieu salaki abdi?" cek Titilaras bari ngantelkeun puhu leungeun katuhuna kana tarang Cekas. Duaan saleuseurian tuluyna mah.

"Ieu mah lain gombal, lain ngimpi. Tadi siang Deden nampi telepon. Aya nu rek ngadamel biografi. Honorna saratus juta, Yas."

Can parat Cekas nyarita ditempas ku Titilaras.

"Deden...Deden...! Deden gombal!"

"Telepon teh langsung ti Tanteu Umyang, mundut dipangnyeratkeun biografina. Kunaon milih Cekas? Kumargi teu acan lami anjeunna nampi pangleler ti Komunitas Jurnalis Sunda, salaku penulis biografi pangsaena."

"Hah! Tanteu Umyang nu beunghar tea. Ngimpi, nya?"

Cekas Unggeuk. Karasa ku manehna Titilaras neuteup anteb naker. Bangun aya kacangcaya dina jero hatena. Tapi piraku salakina ngabohong, meureun cek hatena. Reg mobil eureun di buruan hiji cafe.

"Yayas angger cangcaya," pokna. Tapi Cekas kalahka dangah, nembongkeun kadariaan. (*)

Nyambung ka Bagian 2

Aam Amilia
Misteri Gedong Sigrong (Bagian 1) Misteri Gedong Sigrong (Bagian 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 18.08 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.