Soang Cilaka

Barakatak

Pikeun lalaki anu bobogaanana salawasna nguyung mah tangtu apal kana sakur ubar anu ditaksir bisa nimbulkeun kakuatan. Ti mimiti Viagra, Irex, Irexin (keur budak), jeung rupa-rupa ramuan nu dioleskeun, pasti pada-pada apal.

Hiji mangsa aya nu cocorowokan dumeh manehna nempo aya soang eueuleugeugan. Eta soang anu dipikameumeut teh siga-siga nu kacekek, beuheungna ngadadak heuras sarta tuluy eueuleugeugan.

Horeng simanahoreng eta soang teh kalawan teu ngahaja geus ngalodok...Viagra anu ragrag tina saku nu bogana kana tempat nyatu eta soang. Ku mujarabna Viagra, beuheung soang ge bisa ngadadak heuras. (*)

Soang Cilaka Soang Cilaka Reviewed by Rupa Sundapura on 17.26 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.