Misteri Gedong Sigrong (Bagian 3)

Cekas rada reuwas neuteup indungna nu bangun aya kahariwang.

"Ku naon kitu, Mbu?"

"Apan kasohor tukang nikah. Kade ah, Jang, bisi jadi omong batur. Ulah sagawayah narima pesenan teh. Bisi jadi geunjleung."

"Naha kitu, Mbu?"

Carita Nyambung

"Enya apan carogeanana teh sababaraha kali. Nu Embu apal wae anu tiluan. Tiluanana ge jalmi beunghar. Tacan nu samemehna, da can ngalih ka dieu. Pikiran heula we. Ulah pedah gede honorna."

"Kumaha, Pa?" cek Cekas.

"Lah nahaaaa...tarima we!"

"Ih ari Bapa," cek indungna.

"Enya da Si Ujang mah penulis. Saha we nu ngongkon. Make kudu pilih bulu. Ku daek mayar mahal ge, ciri jelema nu ngahargaan kabisa batur. Ngajenan kana basa Sunda. Bet sakitu batur lolobana mah tara wani mayar mahal. Komo nu ku basa Sunda mah. Ari ieu mani ngahargaan mahal."

"Bapa teh. Naha teu uninga kabeungharanana teh ti mana?"

"Apan ti salakina. Baleunghar apan salakina teh. Naha kitu?"

"Pedah we saur batur mah anu...anu...anu...!"

"Anu naon? Sok suudzon. Pan sidik usahana. Boga hotel, boga butik, boga rumah makan, boga mini mall, jeung nu sejenna. Acan bisnis propertina, acan kebon kalapa sawitna. Nya beunghar atuh, da kabeh usahana maju. Naha make kudu cangcaya."

"Muhun ti mana eta teh mimitina?"

"Nya ti salakina."

"Nu sababaraha kali tea nikahna?"

"Nya pantes we da geulis atuh. Maenya awet jadi randa."

"Emh Bapa ge resep, nya?" cek indungna bari ngajembel leungeun bapana.

"Nya enya atuh da Bapa mah normal. Dipaparin paningal ku Gusti Alloh, maenya dilalaworakeun nya, Jang," cek bapana. Ger sarerea seuri. Indungna ge seuri. Aya nu nyedet dina hate Cekas. Kagagas ku mesrana indung jeung bapana.

"Moal nanaon ka Si Ujang?" cek indungna deui.

"Moal atuh. Barina ge ayeuna mah geus nini-nini. Boro-boro Si Ujang, Bapa ge moal naksir. Da di imah ge aya nini-nini urut geulis mah," cek bapana.

"Kade we, Jang!"

"Jelema mah da nu ditempo teh cangkangna wungkul. Tara aya nu ngitung jasana Ibu Umyang. Sabaraha sakola swasta nu ku anjeunna disumbang pangwangunanana. Teuing sabaraha puluh, boa ratus barudak putus sekolah anu dikaryakeun di perusahaan anjeunna. Alus jadikeun we, Jang. Tulis sing alus. Ulah pengusaha batur wae nu diapungkeun teh. Urang Sunda ge aya nu gede jasana. Nu nonggerak teh ulah kagorenganana, eta ge kakara cenah jeung beja. Sok diduakeun ku Bapa, tulis sing alus."

"Muhun, pan ibu-ibu ge seueur anu diajakan ngiring keterampilan gratis. Tos seueur anu diajakan didamel di pabrik anjeunna," cek indungna.

"Tah geuning Embu ge apal."

Cekas cengkat. Reugreug hatena teh sanggeus ngadenge caritaan bapana. Anu dipikahariwang teh kolotna duanana nyarek, pedah loba kabejakeunana Bu Umyang teh. Sanajan taya saurang ge nu nyaho bener saha dirina tah pangusaha wanoja teh. Hartina kahariwang Titilaras teh moal kabuktian. Hatena teu mandeg mayong deui. Sabada ngadenge caritaan bapana, nu kacipta teh lain honor saratus juta geuning, tapi kalangkang wanoja perceka anu micinta ka Sunda-na. Hayang geura ngaguar, naon kasang tukang eta randa beunghar teh nepi ka jadi sabiwir hiji, caritaan balarea. Wanoja nu ajeg dina pamadeganana, ajeg dina usahana. Komo cek bapana geus loba jasana dina pangwangunan.

"Hebat Jang, kapilih ku anjeunna pikeun ngaguar sajarah hirupna," cek bapana.

"Pan ngaos panginten hasil karya abdi. Komo tos kenging pangleler kamari tea."

"Kade ulah nguciwakeun, Jang," cek indungna.

"Piduana we ti Bapa sareng Embu," cek Cekas. Jung nangtung. Tapi gek deui diuk, ngan ayeuna mah di handap, deukeut tuur indungna.

"Manawi Bapa uninga sakedik ngeunaan anjeunna. Ngarah abdi henteu poekeun teuing, bisi ditaros ku anjeunna. "

"Ah eta we, mimiti kasohorna teh taun salapanlas genepuluhan. Mojang geulis kawanti-wanti, kapilih jadi mojang panggeulisna. Tapi lain urang Kota Kembang. Bapa teu apal tah, naha ti daerah mana. Da eta atuh matak olohok. Aya istri taya cawadeunana pisan. Terus jadi ratu naon teh, Mbu?"

"Ratu Kabaya, Ratu Kacamata, Ratu Kecantikan," cek indungna.

"Tah enya eta."

"Apa kantos kenal?"

"Henteu. Maca tina koran we. Kungsi ningali mah. "

"Naon deui nu Apa uninga?"

"Nya kitu. Terus teu aya deui bejana. Kadieunakeun norojol bet geus jadi pengusaha. Geus kolot teh kalah tambah geulis, Jang."

"Kade kapincut, Jang," cek indungna.

"Maenya kapincut ku nini-nini," cek bapana bari seuri.

"Neng Yayas geus terangeun?"

"Atos, Mbu."

"Kumaha cenah?"

"Sami sareng Embu, manghariwangkeun."

"Ah awewe mah Jang, teu budak teu kolot sok baper."

"Naon kitu baper teh, Pa?" cek Cekas bari nahan seuri.

"Bawa perasaan," tembal bapana. Cekas seuri ngabarakatak. Atuda ti mana bapana apaleun eta istilah barudak ngora. Tukang banyol bapana teh. Ari indungna kaasup nu tara heureuy. Ngan someah ka sasaha.

"Geus timburuan, lebay deuih," cek bapana. Cekas ngagakgak deui seuri, nepi ka kabesekan. Buru- buru regot nginum.

"Dasar aki-aki genit," cek indungna. Ger deui sarerea seuri.

"Iraha ngamimitianana, Jang?" cek bapana.

"Enjing abdi ka ditu," tembalna. Jung nangtung, terus mawa tasna.

Leos Cekas leumpang muru imahna, nu mangrupa pavilyun imah kolotna, sabada uluk salam ka indung bapana. Isukan cenah manehna bakal dipapag ku supir Tanteu Umyang, lantaran teu meunang mawa mobil sorangan. Dina hatena buleud tekad, hayang ngaguar wanoja Sunda nu motekar teh saenyana saha? Mun samemehna manehna loba nulis riwayat hirup nu geus sidik profesina, ayeuna munggaran masih keneh tanda tanya. Hartina salaku penulis manehna kudu seukeut ambeu, seukeut panenjo.

Basa asup ka imahna, kasampak pamajikanana keur lalajo televisi. Biasa karesepna, acara renovasi imah. Gek Cekas diuk dina korsi gigireun pamajikanana nu keur nyanghunjar. Basa Cekas diuk, Titilaras ngalipetkeun sukuna, jadi emok. Terus ngageser jadi ngarendeng.

"Kumaha cenah, Ceky?" cek pamajikanana.

"Bokap en nyokap satujuuu," pokna bari terus nyaritakeun deui obrolan jeung indung bapana tadi. Titilaras unggeuk unggeukan. Taya basa anu bangun hariwang atawa curiga. Kalah ngacungkeun indung leungeunna.

"Memang wokee Si Tanteu teh," pokna.

"Cek saha?"

"Cek Google," tembalna bari terus malik ka Cekas.

"Geuning?"

"Prestasina wungkul, lain biografi. Ceky tingali mani bagus nya imah. Tadina sakitu bututna, direnov ku pakarna mah jadi wow."

Ukur nyebut heeh we Cekas teh, da teu pati ngarti kana nu disebut alus ku pamajikanana. Leos ka kamarna, rek nyusun rencana buku Umyang, badamikeuneun isukan. Diuk nyanghareupan komputerna, sabada dihurungkeun. Tapi teu lila pamajikanana asup ka kamar, terus ngagoler dina ranjang, bari ngemil kadaharan tina keler, nu dijingjing, sok dina luhur kasur.

"Mau?" cek Titilaras.

"Engke we," tembalna.

Nu ngetik jongjon nyanghareup kana pagaweanana. Basa ngareret ka nu nungguan di enggon, bet nundutan. Ukur imut, bari terus migawe hancana. Hayang anggeus poe ieu, ngarah isukan kari jung. Heug jangjina ge pukul dalapan isuk-isuk rek nyampeurna teh. Kudu beuki ati-ati lamun cek pamajikanana aya dina Google prestasina teh. Tangtu lain wanoja biasa.

Kuma isuk we, gerentesna, ukur kadenge ku angin nu nyelendep tina hordeng fitrase kamarna. Terus anteng nganggeuskeun hanca gawena. (*)

Sambungan ti Bagian 2 Nyambung ka Bagian 4

Aam Amilia
Misteri Gedong Sigrong (Bagian 3) Misteri Gedong Sigrong (Bagian 3) Reviewed by Rupa Sundapura on 12.00 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.