Misteri Gedong Sigrong (Bagian 4)

Panonpoe kakara meletek, basa Cekas nenjo mobil sedan hideung meles eureun di hareupeun imah indung bapana. Tangtu nu mapagkeun manehna, titahan Umyang tea, da teu lila supirna turun tina mobil. Manehna ingguk bari nyebut ngaran Cekas, semu tumanya. Cekas ngaenyakeun, bari nyampeurkeun.

Carita Nyambung

"Mangga lebet heula, Kang!" cek Cekas ngabageakeun.

"Sawios diantos di dieu we."

"Ke atuh sakedap nya!"

Cekas asup deui ka imahna. Sabada amitan ka pamajikanana, manehna asup ka imah indung bapana. Kitu deui manehna amitan, bari nyium leungeun indung bapana. Dianteur ku panon anu mangmelangkeun, Cekas ngajugjug mobil. Leungeunna nyekel map nu rada kandel, taktakna nyalindangkeun tas leutik, wadah unak-anik.

"Mangga, bade teras wae?" cek supir basa Cekas geus diuk dina jok gigireunana.

"Muhun, mangga!" tembal Cekas.

Biur wae mobil sedan hideung meles teh maju melesat.

Kahayangna mah Cekas nanyakeun kumaha kaayaan atawa sipat Tanteu Umyang teh ka supirna. Tapi ras deui asa teu merenah, kakara ge wawuh.

Ras kana obrolan jeung kolotna kamari ieu. Cek bapana, Tanteu Umyang teh wanoja nu geulisna kawanti-wanti, perceka jeung parigel. Mun tadina Cekas geus nyipta-nyipta uang muka nu salawe juta, ayeuna mah leuwih kana hayang geura ngorek, saha atuh ieu awewe teh. Cek bapana loba jasana, cek indungna kitu deui. Cek sawareh, awewe misterius cenah. Rajakayana teu kaitung, usahana kabeh maju. Tapi taya saurang ge nu apal, anak saha, ti mana lemburna, jeung kumaha kasang-tukang kahirupanana. Cekas nu kapapancenan, tur dipercaya ngali lalakon hirupna. Tangtu bakal loba nu hayang nyaho kumaha lalakonna. Ret kana kalender, geus rek pareum geuning bulan ieu teh. Ngan tilu bulan deui weuteuhna tepung taun anyar teh.

Tadi peuting manehna maca deui rarancang buku biografi Umyang nu geus diketik teh. Ti mimiti mangsa budak, nema kana mangsa dewasa, terus numbu kana riwayat pendidikan jeung karirna. Cenah loba jasana. Naon wae? Naha kungsi meunang penghargaan ti saha wae? Bisa dipapay usahana teh naon wae, terus ditulis kalawan gemet. Lantaran asa langka aya awewe sukses dina usaha. Naha ieu teh dibantuan ku lalaki. Saha?

Dina riwayat kulawargana, bakal katulis, jeung saha wae manehna kawin, tur kunaon mindeng gunta ganti salaki. Cek pikirna tangtu eta awewe bakal nyokot hiji tina dua pilihan. Naha bakal balaka, atawa loba nu disumputkeun. Pangalaman Cekas dina nyieun biografi, nu sok disumputkeun teh mun neumbag kana picacapekeun. Naha manehna ge bakal kitu? Cekas geus ngararancang pertanyaan nu bakal diasongkeun. Lebah nu rek dipenta kamandang atawa testimoni ngeunaan manehna, saha nu bakal diasongkeun. Cek indungna sing ati-ati.

Tangtu manehna ge bakal ati-ati pisan. Bisi di antara salakina teh aya nu jumeneng keneh. Tada teuing meureun bakal keuheuleunana. Tapi lamun dipuji mah piraku sugan. Poe ieu manehna dipapagkeun ka imahna. Nyebut sawios bade kana mobil sorangan ge dicarek. Entong cenah dijemput bae. Enyaan ngahargaanana ka penulis teh. Bener cek bapana, mana wani mayar mahal ge cingcirining ngahargaan ka penulis ku basa Sunda. Apan cenah basa Sunda teh beunghar. Apan cenah basa Sunda teh hese. Apan cenah langka nu bisa nulis alus dina basa Sunda teh. Tapi naha atuh ari lebah honor?

Ari ieu saratus juta? Moal kitu bohong mah? Moal kitu nipu mah? Hanas dekal-dekul nulis, ari taeun teh celeketek mayar saayana. Atawa dicicil. Tapi hate Cekas ujug- ujug bungah. Aya nu leuwih mahal batan honorarium, nyaeta sejarah hirup eta wanoja. Pengusaha wanoja anu langka tea. Bener cek bapana, maenya pengusaha batur wae anu diapungkeun teh. Naha urang Sunda euweuh nu pantes dikaluhurkeun? Hanas eta misterieus, atuh sing bisa we ngagambarkeunana. Kangaranan biografi, moal enya rek ngasongkeun nu gorengna. Manasina di nagara deungeun anu geus dewasa narima sagala kaayaan, saayana, moal dituding ngagunasika kana hak manusa. Kari kumaha engke.

Harita teh geus karasa bener, terus hasil ketikan teh diprint, dua lambar. Hiji keur Umyang, hiji keur manehna. Terus wae komputerna dipareuman. Manehna ngagoledag gigireun pamajikanna. Tapi duanana ge teu lila ngorejat, basa kadenge adan Asar ngalanglaung ti masjid komplek. Siligenti ka cai, terus solat Asar. Basa kadenge beuteungna ngurubuk, Cekas menta dipangnyeplokkeun endog. Saenyana kahayangna mah lumpat ka imah indungna. Tapi kapok basa kungsi menta deungeun sangu ti indungna, Yayas baeud. Pajar teh mani teu ngahargaan pasakan pamajikan. Atawa dasar anak Mamih, sagala menta ka indung. Terusna ngabaeudan, hese diupah apehna.

"Kacirina mah Embu tadi ngoseng kangkung jeung sambel," cek pamajikanana.

Jol uruy we ngadenge pamajikanana nyarita kitu. Pasakan indungna mah taya nu ngelehkeun, cek rarasaan Cekas. Tapi saur Embu, ayeuna mah geus boga pamajikan, tong hayang dipangmasakkeun ku Embu, karunya Neng Yayas. Caritaan Yayas nu harita, ku Cekas asa nyungkun. Bet ras kana caritaan bapana, cenah Umyang teh mindeng gunta-ganti salaki. Kumaha tah caritana. Da meureun unggal lalaki teh boga sipat masing-masing. Enya asa kailhaman, hayang ngobet kumaha carana nyanghareupan salaki, nu lain hiji.

"Sakedap deui dugi," cek supir nu ti tatadi papada ngabetem, teu ubral obrol.

"Oh, muhun," tembal Cekas.

"Engke upami parantos bade mulih, ku abdi dipapag," pokna deui.

"Ah sawios wangsul sorangan we," cek Cekas.

"Ih, ulah, atuh abdi dibenduan ku Ibu."

Cekas ukur unggeuk bari mesem.

Nu majar geus deukeut teh, horeng jauh keneh. Da ti dinya teh ngaliwatan sababaraha pengkolan, bras ka hiji imah nu nenggang. Memeh anjog teh ngaliwatan jalan pribadi nu panjang jeung leucir. Di sisi gigireunana rajeg pepelakan kembang warna koneng, ngabaris paselang jeung nu hejo. Di tengahna jukut ngemploh, mani kawas lapang maenbal di stadion. Di tengah amparan jukut nu ngemploh hejo, aya balong badag. Di tengahna aya sababaraha patung lauk. Tina sungutna aya air mancur nu muncratkeun cai herang ka tengah balong. Sakilat ge kaciri loba kembang tarate.

Sanggeus nguriling, anjog ka teras imahna. Cekas olohok. Ieu teh imah atawa hotel? Tapi da suhunanana mah potongan julang ngapak. Cek bapana mah ciri arsitektur Sunda. Sakabehna dipulas bodas nyacas. Ngan aya nu diantep bata buligir, lebah tengah panto. Dina sakurilingna dipager ku batu templek, hideung meles. Supir kalawan sopan nitah Cekas turun. Cenah Ibu ngantosan. Cekas mani asa-asa. Sanajan imah kolotna ge henteu leutik, tapi da sarua we jeung nu lian. Ari ieu imah mani gede-gede teuing.

Basa Cekas dibageakeun ku mojang diuntun dua, make baju suster bodas-bodas, rada ngaheunggeu. Tangtu susterna. Apan cenah teu boga budak? Naha make ngukut suster. Tapi teu loba mikir, sup wae Cekas teh asup. Basa gek diuk, manehna geus ngarasa heran deui wae. Atuda nu diwalah-walah ku Cekas bakal diuk dina korsi kulit buatan luar negri, nu sok katenjo dina film, ieu mah bet korsi hoe. Enya ari jokna mah alus tur tangtu mahal, ngan naha bet korsi hoe. Terus Cekas nenjo sakurilingna, ukur dipapaes ku wayang golek, Lima Pandawa, di jero erak kaca.

Tapi basa panonnna neuteup potret badag sagede panto satangtung, hatena ngajenghok. Umyang keur ngora. Gustiii, paingan cek bapana, geulisna kawanti wanti. Aya awewe geulis kitu. Dikabaya beureum jambu, sampingna rereng coklat. Nyahoeun soteh pedah Cekas kungsi nenjo indungna make samping kitu. Aya taun di handapna. Tapi leutik pisan teu kabacaeun ku manehna. Rek ngadeukeutan sieuneun nu boga imah kaburu jol. Paling oge saumuran anak bibina, ABG alias mojang kakara gede. Tapi mani matak uruy. Ras ka Titilaras pamajikanana. Awas, lamun aya nanaon, tong diteruskeun cenah. Maenya atuh kudu bogoh, najan dina potretna sakitu aduhaina oge.

Sok Cekas nunda mapna dina meja, terus dibukaan deui. Keur kitu jol mojang nu tadi datang deui. Ayeuna mah mawa baki dieusi cangkir pulas pink, jeung dua keler kueh. Sok diteundeun dina meja.

"Mangga dileueut, bari ngantos Ibu nuju ngaos sakedik deui," pokna. Cekas unggeuk. Mahal meureun ieu mojang teh dibayarna. Atuda jadi bentang film ge pantes, make kudu jadi suster di dieu. Cekas ngawas-ngawas deui potret Umyang keur ngora. Paingan cek bapana, moal awet nyorangan tah awewe geulis mah, da pasti gancang aya nu nyanggap.

"Siga kumaha atuh anjeun teh ayeuna Tanteu Umyang?" cek Cekas dina hatena. (*)

Sambungan ti Bagian 3 Nyambung ka Bagian 5

Aam Amilia
Misteri Gedong Sigrong (Bagian 4) Misteri Gedong Sigrong (Bagian 4) Reviewed by Rupa Sundapura on 17.17 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.