Misteri Gedong Sigrong (Bagian 5)

Cekas cengkat basa Umyang kaluar ti jero. Leungeunna duanana ranggah, ciri ngabageakeun ka Cekas. Manehna ge olohok. Nu dicipta bakal nyanghareupan kolot nu masih keneh dangdan menor jeung dimake-up rada kandel teh, ari pek kolot nu biasa pisan. Sanajan ukur wedak ipis nu napel dina pipina, kageulisanana angger kaciri. Gurat-gurat geulis, anu henteu diropea, estu geulis dina umurna. Make baju panjang pulas hejo pucuk cau, rek sawarna jeung kurudungna, ngan rada kolot. Ari pamuluna bangun someah. Uah-aehna ge estu sahinasna. Basa geus diuk, sok HP-na ditunda dina luhur meja.

Carita Nyambung

"Alah hapunten, lami nya ngantos?" pokna bari song leungeunna ngajak sasalaman. Ditampanan ku Cekas bari rengkuh, patarema ramo jeung Umyang.

"Geuning mani kasep nya Cep Cekas teh," cek Umyang bari gek diuk.

"Ah, Tanteu, nuhun atuh."

Rada lila Umyang teh nanyakeun ti iraha Cekas sok nulis biografi. Malah nanyakeun ti mana sakola, ti mana kuliah, geus rarabi acan. Terus nanyakeun anak saha jeung urang mana. Ku Cekas dijawab sahinasna we, henteu make ditambahan katerangan sagala. Pananya nu perlu, jawabanana pondok. Umyang unggut-unggutan bangun sugema. Kakara nanyakeun kumaha nyieun biografi manehna, basa Umyang geus nitah ngopi ka Cekas, bari mukakeun turub keler.

"Mangga kedah kumaha Tanteu teh, Cep Cekas?"

"Cekas we atuh, Tanteu."

"Ah, moal sanggem Tanteu mah nyebat jenengan wungkul. Mun ka nu aranom, pameget kedah Cep atanapi Den. Ka istri Neng atanapi Enden. Ka saluhureun Akang atanapi Teteh, ka sahandapeun Ayi. Asa culangung nyebat jenengan wungkul mah. Encep we atuh nya!" Cekas ukur unggeuk. Nyebut mangga tapi lalaunan pisan. Umyang imut bangun lucueun.

Map nu ti tadi geus ngajagrag dina meja, ku Cekas dibuka. Sok dibikeun ka Umyang salambar, ku manehna dicekel salambar. Terus Cekas nerangkeun naon wae nu bakal ditanyakeun. Jeung kumaha teknis wawancarana. Umyang ngabandungan bangun kacida resepna. Nepi ka Cekas ge asa samar rampa.

"Ku abdi bade didamel lima bab panginten, Tanteu. Bab kahiji ngeunaan mangsa murangkalih. Teras kana bab pendidikan, kana karir, sareng testimoni. Panutup mah dina lampiran, dieusian cv (curriculum vitae) Tanteu sareng cv abdi. Nu sanesna mangrupi albeum, dieusi potret-potret Tanteu ti alit dugi ka ayeuna."

"Muhun...muhun...!" cek Umyang unggeuk-unggeukan.

"Ayeuna perkawis wawancarana, bade kumaha? Naha bade saminggu sakali, dua jam sakali tepang. Atanapi bade saminggu dua kali, sajam-sajam?"

"Atuh kulem di dieu we, ngarah ngobrolna teu kauger ku waktos. Candak sareng tuang rai. Da seueur kamar di Tanteu mah. Sanes ngarurusuh, mung malum tos kolot sok enggal hilap. Pan mun unggal dinten mah pasti emut keneh."

Cekas ngarengkog. Sare di dieu? Enya asa bakal genah. Tapi naha Titilaras daekeun? Mun nempo pamulu Tanteu Umyang anu sakitu someahna mah, piraku pamajikanana embungeun. Tapi basa cek Umyang emutan heula bae, rada ngemplong Cekas teh. Hartina manehna teu maksa. Ieu mah jalan anu panghadena pikeun Umyang. Kaharti alesanana oge.

"Bade dina wangun novel atanapi laporan perjalanan hidup Tanteu?"

"Kumaha saena, nya. Soalna hirup Tanteu mah seueur lika likuna, sanes wungkul perjalanan hidup, tapi variatif pisan. Tiasa kitu mun dinovelkeun?"

"Kantenan wae tiasa. Bade saha atuh tokohna. Bade jenengan atanapi ngakuringkeun?"

"Kumaha maksadna?"

"Muhun bade Umyang, punten, atanapi kuring ngalalakonkeun hirupna?"

"Saur Encep saena kumaha?"

"Upami tokohna kuring, bakal langkung spesifik, henteu kedah nyarioskeun nu sanes. Tapi upami jenengan tangtos bakal nyanyandak tokoh sanes."

"Oooh. Ah atuh tos we kuring."

Keur kitu kadenge HP-na ngirining. Gap dicokot ku Umyang.

"Punten nya, Cep!" pokna bari terus nembalan nu nelepon. Kadenge pisan kumaha pertentangna ieu wanoja teh. Nyaritakeun setoran ti hiji perusahaan, da make nyabit-nyabit transferkeun we ka Ibu, cenah. Reres nelepon terus nyanghareup deui ka Cekas. Tapi kakara ge rek pok nanyakeun kira-kira sabaraha poeun wawancara teh, HP-na disada deui. Gap deui dicekel ku Umyang. Ayeuna mah jelas obrolanana teh ngeunaan perkebunan. Da pok-pokanana teh nanyakeun sabaraha tangkal nu buahna geus beunang dipanen. Saha nu rek meulina. Ulah diduruk cenah, dipaculan we urutna.

"Ke sakedap nya, Cep! Mani seueur gangguan nya."

Umyang ngageroan mojang nu diuntun dua, tadi. Manehna nyampeurkeun.

"Punten Geulis, pangnyaurkeun Seus Ginta!"

Nu dititah unggeuk, terus ngaleos. Teu lila datang deui dibarengan ku awewe tengah tuwuh, sangoraeun Umyang. Manehna ge ingguk bari rengkuh.

"Bade naon, Bu?"

"Cik ieu titip HP. Pangwalerankeun nya Neng, Ibu nuju nampi tamu."

Nu dititah duanana ngaleos. Ayeuna mah Umyang bangun salse nyanghareupan Cekas, paduduaan. Ngobrol bari teu eureun nawaran kueh. Cekas ge ngarasa era hayoh wae ditawaran opieun. Tapi teu burung digugu.

"Kieu nya Cep. Tanteu teh sanes ngaraos jalmi istimewa. Sanes ngaraos jalmi jegud deuih. Tapi Tanteu teh hoyong ngajelaskeun ka sanak baraya, kadang wargi, yen Tanteu teh jalmi biasa. Hirup Tanteu disangka ku batur ukur guluburna wungkul. Malih aya nu nyangka Tanteu teh istri pangarahan. Aya nu nyebat istri tukang nikah. Padahal sadayana ge lepat. Tanteu teh jalmi prihatin. Tah ari kedah awong-awongan ngadongengkeun kaayaan Tanteu mah, pimanaeun. Numawi hoyong didamel biografi. Keun sina maraca, saha Tanteu nu saleresna. Tah upami kitu saena kumaha?"

"Muhun rupina didamel gaya novel wae supados narik ati."

"Tah muhun. Naon margina Tanteu hoyong diserat ku Cep Cekas? Supados aruningaeun yen nu nyeratna ge penulis kasohor."

"Ah, Tanteu mah."

"Ih da muhun. Wargi Tanteu mah tos aruningaeun kana jenengan Cep Cekas, pasti karagumeun, atuh mun carios tea tos janten."

"Mugi-mugi we atuh Tanteu, abdi tiasa nyugemakeun."

"Insya Allah, tos jaminan," cek Umyang bari ngacungkeun jempolna.

Teu lila jol deui nu tadi disebut seus teh kaluar. Sok mikeun surat sacewir. Basa tas maca keretas eta, Umyang permisi heula rek ka jero. Basa ka luar deui, mawa albeum potret. Sok ditunda dina luhur meja.

"Ari Cep Cekas sok nguping saha ari Tanteu?"

"Terangna Tanteu mah pengusaha sukses we."

"Tukang nikahna aya nu ngawartosan?"

Cekas gideug, bari nyebut teu aya.

"Tah ieu, caroge Tanteu teh!" pokna deui bari bray mukaan albeum. Ditataan ku Umyang hiji-hijina potret. Cekas ukur unggeuk-unggeukan. Da acan dicaritakeun saha-sahana eta potret anu ditunjukan teh.

"Tah, Tanteu sering nikah teh sanes hobby, tapi nasib," cenah. Ayeuna mah dibarengan ku seuri. Tapi bangun aya nu nyelekit dina wirahmana.

Geus leuwih ti dua jam ngobrol, nerangkeun sagala rupa nu bakal dipigawe ku maranehna, Cekas amitan da ngarasa geus cukup. Tapi basa tas beberes eusi map nu rek dibawa balik, Umyang nitah diuk heula ka Cekas.

"Ke Cep, pan Tanteu jangji bade masihan uang muka. "

"Ah atuh Tanteu, engke deui we. Bet teu acan ge digawe abdina."

"Uninga istilahna dina basa Sunda?" cek Umyang. Cekas gideug.

"Pupulur memeh mantun, nyuhunkeun buruh ti payun. Tapi da Cep Cekas mah henteu nyuhunkeun, Tanteu nu jangji."

Sanajan asa-asa, Cekas teu burung nyebutkeun nomer rekening manehna. Umyang permisi ka jero sakeudeung. Teu lila kaluar deui. Manehna nembongkeun HP-na. Tina m-Banking kacatet duit dupuluhlima juta geus asup kana rekening bank Cekas. Teu bisa nyarita Cekas teh, iwal ti permisi jeung nyebut nuhun. Basa kaluar geus nyampak supir nu tadi di hareupeun lawang imah gedong teh. Sajajalan Cekas nga-WA ka pamajikanana, ka bapana, yen geus dibayar salawe juta. Jawaban WA rupa rupa.

"Wow keren, belanjong dong," cek Titilaras, ditambahan ku emoji nu seuri.

"Ulah waka dipake, engke geus anggeus tulisanana," cek bapana.

"Saur Embu tunda di bank Embu," cek bapana deui.

Cekas ukur imut. Kuduna mah manehna ge atoh meunang duit sakitu gedena. Tapi naha bet jadi aya rasa karunya tepung jeung Umyang teh. Najan bari seuri karasa aya nu nyeuit dina atina basa Umyang nyebut sanes hobby, tapi nasib.

Basa sedan hideung meles eureun di hareupeun buruan imahna, katara sepi. Cekas nganuhunkeun ka supir. Tapi basa supir ngaleos, imahna sepi. Aya naon?

Basa sup ka imahna, kasampak indung-bapa jeung pamajikanana rajeg di ruang tamu. Nangtung kabeh ge, taya nu diuk. Cekas ge olohok. Can kaburu nanya, indungna nyampeurkeun bari ngusap taktak manehna.

"Alhamdulillah, sukur salamet," cek indungna.

"Naha nganggo hariwang kitu, Mbu?" cek Cekas.

"Ih atuh puguh we melang, mawa duit sagede-gede, ukur duaan jeung supir. Apan biasana ge ditransfer duit gede mah. "

Cekas seuri ngabarakatak, bari gek diuk dina korsi panjang. Indung-bapana ge guk-gek dariuk. Kitu deui pamajikanana. Bangun heran nenjo Cekas seuri teh.

"Paingan atuh mani rajeg ngantosan Deden."

"Ceky, eh, hawatos Embu, kalah heureuy," cek pamajikanana.

Cekas nerangkeun yen duit nu salawe juta teh ditransfer ka bank tempat manehna nunda duit, henteu ngaliwatan bank, langsung make m-banking. Indung-bapana jadi milu seuri geus kahartieun mah.

"Puguh Cekas ge reuwas."

Talete pisan indungna nanyakeun kumaha kaayaan Umyang. Jeung kumaha kajadian tadi teh. Siga kumaha ayeuna, jeung judes atawa bageur.

"Bageur, Mbu. Saurna teh, geuning mani kasep Cep Cekas teh," cek Cekas.

"Siapa dulu dong ayahnya, kitu cek Ujang teh?"

"Nya henteu atuh, Pa."

"Barina ge Cekas mah mirip Embu. Nu seueur ka Bapa mah, Kakang," cek Yayas

"Nu matak kasep Si Kakang," cek bapana.

"Gandeng ah, duanana ge putra Embu mah karasep," cek indungna.

"Baper...baper..." cek bapana.

Sarerea seuri. Geus reres gogonjakan, Cekas nyaritakeun kajadian tadi isuk, iwal Umyang nitah ngendong, sama sakali teu disabit. Mani unggeuk-unggeukan indungna mah ngadenge dongeng Cekas teh. Basa geus reres dodongeng, pamajikanana disina ka bank, ngayakinkeun duit geus asup. Duaan jeung indungna kana mobil arinditna ka bank teh. Sarerea sapagodos duit moal waka dipake, saacan naskahna beres. Basa Titilaras jeung mitohana indit, bapana asup ka kamarna, ari Cekas terus ka imahna, bari heheotan. Mimiti isukan manehna bakal mancen gawe beurat, nyusun biografi wanoja pengusaha. Hartina muka nu jadi misteri gedong sigrong teh. (*)

Sambungan ti Bagian 4 Nyambung ka Bagian 6

Aam Amilia
Misteri Gedong Sigrong (Bagian 5) Misteri Gedong Sigrong (Bagian 5) Reviewed by Rupa Sundapura on 20.25 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.