Mitineung Citarum

Ka Citarum, rek teu nineung kumaha. Ti bubudak geus apal kana dongeng legenda Sangkuriang jeung Dayangsumbi. Geus apal kana guguritan pupuh Pucung nu unina: "Hayu batur, urang lintar ka Citarum; Sugan bae meunang genggehek atawa soro; Lamun meunang urang buru-buru panggang."

Rohang Kalam

Lantaran lembur padumukan kaliwatan ku Cimanuk, padalisan kahiji eta pupuh Pucung nu diajarkeun keur kelas dua Sakola Rakyat (SR) teh, sok diganti ku "Hayu batur urang lintar ka Cimanuk..."

Tapi teu ngandung harti ngewa ka Citarum. Malah rarasaan mah beuki geugeut.

Ari pere sakola, keur SMP (1961), sok ngahaja nganjang ka Bandung. Ka uwa di Tegallega. Salasahiji acara rekreasi salila di Bandung, salian ti ka "direnten" (kebon binatang), nyaeta tumpak sepedah ka Dayeuhkolot. Ka jambatan Citarum. Antara Tegallega-Dayeuhkolot, makplak keneh pasawahan. Pilemburan paturenggang. Patalimarga kawilang rame, sanajan henteu pabaliut. Nu rea teh delman, atawa keretek. Aya keneh sado oge, nu panumpangna diuk patonggong-tonggong jeung kusir.

Eureun luhureun jambatan. Ukur lunga-lengo nenjoan gulidag walungan badag nu tara saat. Caina henteu herang. Ngan teu kiruh-kiruh teuing. Parahu tingsoloyong ka hilir ka girang. Aya nu dipake nguseup. Aya nu dipake ngakutan bata ti tonggoh ti lebah Sapan, Majalaya. Diturun-turunkeun handapeun jambatan, terus diakutan kana treuk. Harita mah nyebut teh lain treuk, tapi gorobag atawa wahon.

Dua puluh taunan ti harita (1982), maca buku karya Syarif Amin "Keur Kuring di Bandung". Di dinya dicaritakeun piknik ka Citarum. Kana sepedah. Tujuanana rek meuli lauk meunang ngala make rumpon atawa bubu. Lauk beunang ngarumpon, dibeuleum di dinya keneh. Dicocolkeun kana rendos cengek abrag, dikucuran kecap hideung kentel. Dibaturan sangu liwet panas.

Nu dicaritakeun ku Syarif Amin, memang suasana samemeh taun 1940-an. Keur Citarum bener-bener mulus rahayu. Tacan binasa ku limbah. Keur rea keneh laukan, kayaning genggehek jeung soro tea. Kitu deui beureum panon jeung tagih. Di beh lebak mah, deukeut ka muara Citarum di Karawang, tagih teh disarebutna jambal roti. Dagingna hipu. Muruhpuy. Padahal keur atahna mah pikasieuneun. Deukeut-deukeut kana lele, kumisan, pamatilan. Ngan kulitna rada peang. Badagna deuih, aya nu sagede hihid. Tukang nguseup atawa tukang ngecrik nu meunang tagih, galumbira pisan sabab lamun dijual hargana mahal. Atuh lamun didahar, pelem, girinyih.

Ayeuna mah, Citarum geus ngabangke. Geus bangkar. Ruksak ku paripolah manusa nu teu ngarasa dosa miceunan kokotor, boh ti rumah tangga, boh ti pabrik. Nepi ka cai Citarum hideung cakeutreuk, leueur, jeung bau. Usum halodo ngoletrak, usum hujan banjir teu katahan. Geus taya nu hirup rupaning lauk. Kaasup bangsa engkang-engkang, nu resep napak kancang dina cai canebrang herang.

Citarum geus perlaya. Ti tonggohna keneh, cai herang ngagenyas ukur sawatara meter ti situ Cisanti, nu jadi huluwotan Citarum. Ka dituna mah, mimiti lecek. Ku leutak papalidan ti pasir-pasir jeung gunung sabudeureunana nu geus teu hejo sameueus. Dugul gundul, beak diasrak dijieun kebon. Atuh runtah ti pakampungan deukeuteunana, tingalambrul. Kateuweruh masarakat nu beuki dieu beuki ngabudaya, kana pancen jeung kagunaan walungan. Kana kabersihan jeung kasehatan walungan. Malah walungan teh dianggap carangka runtah. Pamiceunan sagala rupa nu geus teu dipikabutuh. Tong boro jalma-jalma awam, apan para pangusaha pabrik nu jarugala ge, mariceun limbah teh ka walungan. Kaasup Citarum.

Lebah Paseh, mudun ka Majalaya, Citarum geus mindarupa. Lain walungan deui, tapi pamiceunan runtah jeung limbah pangpanjangna saalam dunya. Kabeh papahare. Kabeh api-api teu nyaho, yen sakuduna Citarum diriksa dipiara. Jadi walungan ikon wewengkon. Kawas walungan-walungan sejen di sakuliah dunya.

Nu ngaruksak Citarum ku rupa-rupa limbah, jongjon teu ngarasa salah. Da taya nu nyaram, nu nyegah, jeung nu ngahukum. Para gegeden ti tingkat desa nepi ka kabupaten, papahare. Asa teu boga dosa ngantep walungan Citarum balangsak sangsara.

Padahal di nagara deungeun mah dipusti-pusti. Dijieun pananggeuhan devisa tina wisata. Kawas di walungan Rhein nu manjang ti Jerman, ngaliwatan nagara-nagara Eropa Wetan, bras ka Black Sea (Laut Hitam). Kawas walungan Seine nu jadi kaagulan Prancis. Pada ngadeugdeug. Pada mikareueus. Ku beresihna. Ku alusna. Ku katiten jalma-jalma sabudeureunana nu papada haget jeung tanggoh ngabela katut ngajaga kabersihan walungan Seine.

Nu matak, basa pareng nganjang ka Paris (1996), ngarakacak hate. Ras ka Citarum. Pangangguran nulis sajak "Di Seine Mitineung Citarum" (kungsi dimuat dina SKM Galura):

Ieu mah walungan Seine
Lain Citarum
Meulah kota Paris. Lain Bandung
Nyacas canebrang herang
Henteu ngabeuleugeudeur
hideung

Parahu pinuh ku turis
Balawiri ka hilir ka girang
Suka seuri suka ati
Ngulinkeun beungeut cai
Teu paduli girimis
Di Citarum ukur kangungun
Kaendahanana geus karobeda
Ku sagala polusi polah manusa

Di Seine mitineung Citarum
Beungeut meungpeun nyimbutan kaalum.

Isuk pageto moal hanteu, Citarum bakal tinggal ngaran. Komo sanggeus Curug Jompong dipapas. Cenah sangkan Citarum henteu banjir. Kacipta leutak ngaleuya di Saguling. Nu sasarina ditahan ku cadas-cadas teuas Curug Jompong, bakal labas kana bendungan. Kacipta, sakitu welas taun nu bakal datang, Saguling ngadeetan. Bleg bae engkena mah kawas lapangan maenbal. Atuh Cirata jeung Jatiluhur ge milu katideresa. Papada wassalam.

Nu dipalire horeng ukur hilirna. Diarah gampangna. Ari hulowotan diantep teu dipirosea. Ngahejokeun lahan memang lain proyek nu matak narik perhatian (dina harti ngadatangkeun tambahan pangasilan ti sisi ti gigir). Beda jeung proyek ngabongkar Curug Jompong. Tangtu eta mah mucekil, najan balukarna ngandung bahla jeung mamala.

Citarum, kuring nyaah ka anjeun. Ieu rasa dikedalkeun boh bisi anjeun Citarum tiwas palastra alatan kasarakahan manusa. (*)


Usep Romli H.M. (Majalah SundaMidang No. 50, Desember 2008)
Mitineung Citarum Mitineung Citarum Reviewed by Rupa Sundapura on 22.35 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.