Nu Matak Muringkak Di Majingklak

Taun tujuh puluh dapalanan, kuring kapeto jadi ketua senat di kampus salah sahiji paguron luhur di Bandung. Sakumaha nu geus direncanakeun ti anggalna yen bakal diayakeun bakti sosial di wewengkon Majingklak, nyaeta hiji lembur nu pernahna di sabudeureun Nusa Kambangan - Rawa Lakbok - Ciamis.

Carita Sunda Misteri

Sakumaha ilaharna mun rek ngayakeun bakti sosial, samemeh prak kudu ditingali heula kaayaan lemburna. Ceuk basa Indonesia tea mah "survey lokasi". Nu miang ukur tiluan, kuring, Anto, jeung Satrio. Anto bari ngagandong ransel tumpak motor Honda CB, kuring dibonceng ku Satrio kana motor BMW.

Indit ti Bandung bada lohor. Nepi ka hiji lembur nu teuing naon ngarana, wanci geus ngagayuh ka Magrib. Kuring jeung babaturan ngaraso bari dalahar heula di hiji warung di sisi jalan.

"Pa, upami bade ka Majingklak ti palih dieu teras kamana nya?" kuring nanya kanu boga warung.

"Dupi Encep ti palih mana tea? Bade aya pikersaeun naon ka Majingklak sosontenan kieu?" tukang warung kalahka malik nanya bari kerung.

"Ti Bandung, Pa. Tos paheut jangji, bade ngadeuheusan ka Pa Kuwu Majingklak. Aya peryogi," walon kuring bari tuluy ngaregot gelas eusi cienteh haneut.

"Ti palih dieu mah aya dua jalan. Nu hiji ngalangkungan gunung kapur tapi rada tebih. Jalan nu hiji deui mah caket, mipir-mipir walungan Citanduy. Atuh tos wengi kieu mah saena mending keneh karulem di dieu. Enjing diteraskeun deui," ceuk tukang warung.

"Naha kunaon kitu, Pa?" Satrio nanya.

"Sanes nyingsieunan Bapa mah. Urang dieu oge tara aya nu wantuneun wengi-wengi ngulampreng ka dinya. Komo ayeuna mah malem Juma'ah ping 1 Kaliwon deuih. Bilih kumaha onam," ceuk tukang warung hariwangeun.

Gebeg, enya geuning ayeuna malem Juma'ah. Kuring silih pelong jeung Satrio, tuluy ngareret ka Anto. Tapi dasar si Anto budak Wanadri tea...wanian!

"Halah, sieun ku naon atuh? Da urang ka dieu teh boga niat alus. Ke geus Isa mah hayu urang arindit! Bisi kapeutingan manten!" ceuk si Anto bari cacamuilan ngadahar gorengan. Dikitukeun mah kuring eleh deet. Bada Isa, kuring tiluan amitan ka tukang warung.

Najan reyem-reyem ngan ukur dicaangan ku sorot lampu motor, kuring masih bisa nitenan kaayaan sakurilingna. Mimiti mah enya kaciri jalan nu disorang teh, di beulah kenca walungan Citanduy tea. Di beulah katuhu kebon eurih mani jarangkung. Katingali ti kajauhan aya sababaraha imah nu rada paanggang. Tapi, beuki lila geus teu katingali di beulah katuhu aya imah, da euweuh listrik nu hurung.

Kaayaan jalan nu leutik ngabalukarkeun motor teu bisa sajajar. Antukna motor kuring tiheula, dituturkeun ku motor Anto. Kaayaan sepi jempling, iwal ti sora motor jeung gaang nu reang. Di satengahing jalan, kasebrot ku lampu motor ti lebah hareup, katingali aya jelema keur leumpang.

Ningali aya motor ti tukang, eta jelema nyisi merean jalan. Reg, motor kuring eureun dituturkeun ku motor Anto.

"Mang, bade angkat kamana?" ceuk kuring nanya ka eta jelema.

"Aeh Jang, Emang bade ka tungtung lembur. Numawi ieu teh kawengian wangsul ti dayeuh. Kumargi hoyong tereh dugi, nya kapaksa bae nikreuh," ceuk eta lalaki tengah tuwuh.

"Geuning urang sajurusan Mang? Hayu atuh, ngiring bae kana motor abdi," ceuk Anto nawaran. Eta lalaki nu ngawanohkeun maneh ngaranna Ahrom, katangen mani atoheun pisan.

"Jang, tos bae dugi ka dieu. Tuh, rorompok Emang mah palih ditu," ceuk Mang Ahrom nunjuk ka sababaraha imah nu pernahna di lebakkeun jalan, katingali aya celak-celak obor di hareupeun hiji imah.

"Har, ituh Emang, manawi teh bade ngajajapkeun abdi dugi ka ditu. Enjing nembe mulih deui sasarengan ka dieu," ceuk Anto ngalengis hayang dianteur.

"Moal Jang, karunya ka barudak Emang pasti geus narungguan oleh-oleh. Omat nya Jang, ti dieu terus weh mapay jalan satapak. Ke di palebah pengkolan kudu ati-ati, didinya aya batu peuntaseun walungan. Tah, di dinya teh paragi munjung keur jalma-jalma nu hayang tereh beunghar. Kade ulah wani wani tunyu-tanya ka saha bae oge. Mun manggih jeung naon wae tong dipalire," ceuk Mang Ahrom mere pepeling bari tuluy amitan.

Dius deui kuring tiluan indit. Enya wae, di lebah pengkolan mani nyambuang seungit menyan jeung kekembangan. Bulu punduk ngadak-ngadak maruringkak mani asa kandel. Kagok jauh, kebat bae. Lempeng, teu luak-lieuk.

Kasorot ku lampu motor katingali aya aki-aki make baju hideung, sirahna make iket, disolendang sarung. Aya nu matak hemeng, kuduna mah geus sakitu kakolotanana eta aki-aki teh leumpangna bongkok, tokroh-tokroh kundang iteuk, ieu mah alah batan budak ngora jagjag belejag. Leumpangna ge bari acleng-aclengan jiga nu ngajlengan batu-batu tincakeun.

Reg eta aki-aki eureun, tuluy nulak cangkeng. Pameunteuna baketut haseum. Halisna nu geus huisan duanana carengkat. Durilak-durilak, eta panon aki-aki ngadurilak. Durilak ka Satrio, tuluy ka kuring, panungtungan ka Anto.

Di tukangeun eta aki-aki aya wanoja leumpang, tapi naha siga nu ngageuleuyeung. Beuki lila beuki deukeut. Gusti! Karek harita kuring ningali aya wanoja sakitu geulisna. Eta wanoja make raksukan kabaya bodas siga panganten. Rambutna nu panjang ngarumbay katebak angin. Aya siger nu patinggurilap dina sirahna. Leungeunna nu carentik nyekel tungtung karembong, lir putri turun ti kahyangan.

Panon putri nu cureuleuk mencrong seukeut. Halisna ngariut, pameunteuna siga nu bendu. Motor nu keur ditumpakkan ku kuring rada gagaleongan, cigana pipikiran Satrio teu bisa museur. Inget kana pepeling Mang Ahrom, kuring nepak tonggong Satrio bari ngaharewos nompo kana ceulina, "Yo! Istigfar euy! Lempeng tuluy ka hareup!"

Kuring tiluan keukeuh nyekel papatah ti Mang Ahrom, daek teu daek maju ngadeukeutan Si Aki jeung Nyi Putri. Dua rombongan adu hareupan, sarua pada-pada arembung eleh. Kasebrot ku lampu motor panon si Aki beuki molotot. Bahamna kekerot, leungeunna tipepereket siga nu hayang ngerekeb-ngerekeb bae.

Satrio ngagas motorna, nyakitu deui Anto. Si Aki jeung Nyi Putri beuki lila beuki deukeut...beuki deukeut...beuki deukeut...! Kuring geus teu kuat awahing ku sieun. Awak ngadegdeg. Biwir kekerenyeman maca sagala rupaning susuratan. Panon dipeureumkeun. Teu lila, wush...wush...! Karasa, aya angin dua kali ngahius.

Sanggeus rada jauh, kuring tiluan eureun heula bari silih pelong, tapi euweuh nu ngomong sakemek-kemek acan. Reuwas kareureuhnakeun. Gerung deui motor nu ditumpakkan nuluykeun deui lalampahan. Aya kana satengah jamna, di hareup katingali ting kariceup cahaya obor. Ceuk kira-kira kuring mah, sigana eta lembur Majingklak.

Alhamdulillan, teu lila anjog ka nu di tuju, geus loba jelema ngagimbung marawa obor. Ujug-ujug aya lalaki rada kolot nyampeurkeun ka kuring tiluan.

"Wilujeng sumping Cep, syukur tos saralamet mah. Bapa kenging wartos ti Pa Camat yen bade aya tamu mahasiswa ti Bandung. Urang dieu mani tos elekesekeng, dareudeupeun. Ari manawi teh bade sarumping sonten bada Ashar, ari pek tos bade tengah wengi geuning." Sihoreng Pa Kuwu nu ngabageakeun. Kuring jeung babaturan ukur imut bari nyolongkrong ngajak sasalaman ka pribumi.

Pa Kuwu langsung ngahaturanan ngarereb di imahna. Sajeroning leumpang Pa Kuwu culang-cileung siga nu sieun aya nu ngadengeeun. Manehna tuluy nanya lalaunan, "Sanes Cep, dupi tadi di jalan teu mendak nanaon? Pan ayeuna teh malem Juma'ah Kaliwon. Tara aya pamayang nu unggah ka laut, da Nyi Putri nu ngawasa laut kidul sok ngaroris jalan-jalan direncangan ku badegana nu tos aki-aki."

Kuring, Satrio, jeung Anto teu ngajawab, kalahka ngadon papelong-pelong. (*)


Nyi Roro
Nu Matak Muringkak Di Majingklak Nu Matak Muringkak Di Majingklak Reviewed by Rupa Sundapura on 23.29 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.