Si Kabayan jeung Ajengan (Bagian 2)

"Nu mawi hasilna teh mung semet kenging wiwirang, Mama!"

"Wiwirang kumaha, Jang Haji?"

"Sumuhun...eu...lalakonna mah kieu..." ceuk Si Kabayan bari ngagaroan gadona jeung kurucam-keureuceum.

Dongeng Si Kabayan

"Kapengker teh abdi kantos kapengpeongan ku Nyi Epon. Sagala ihtiar ditumplekkeun kanggo ngemat asih ti manehna, nanging sumuhun ituna mah rupina...cohagna mah teu bogoheun weh ka abdi teh. Nya lajeng abdi tatamba ka Abah Sarta, nyuhunkeun dipangmeletkeun. Ku anjeunna teh dipaparin cai dina kendi, kenging ngajampean, bari saurna, enjing kedah dianggo sibeungeut, teras bada sibeungeut kedah nepangan si manehna, sing pajonghok paadu teuteup, kalayan dipasihan jangjawokanana, papatkeuneun dina waktos pajonghok teh".

"Sadongkapna ka rorompok, eta cai teh ku abdi dieurihkeun kana baskom, maksad teh supados ulah hese nyewakanana, sarta sok disimpen dina luhur meja tengah rorompok. Enjingna subuh keneh teras bae eta cai teh dianggo sibeungeut, malah barang bade mios ka jalan bade megat Nyi Epon ge, sakali deui dianggo ngawasuh raray dugi ka walatrana. Saparantos ngasop, kencling bae abdi mios nawaetu bade megat wanoja nu dipicangcam tea."

"Saterasna ngajanteng dina liliwateunana. Nembe rentang-rentang oge, abdi parantos nyanghareup sarta teras mapatkeun asihan tea. Mung abdi kagok wireh waktos manehna sareng baturna nempo kana beungeut abdi, ujug-ujug tingceuleukeuteuk saleuseurian sareng ting kalieus, anu terasna mah tingirihil bari silih ciwit. Atuh kantenan we abdina oge janten tampi raos Mama! Harita keneh enggal wangsul. Dina hate ngagolak rupi-rupi patarosan, naha asihan teh bet kieu buahna?"

"Sadongkap ka rorompok enggal ngeunteung kana kaca ageung. Barang breh teh, ya Allah nu Maha Agung! Paingan Nyi Epon baturna tingceuleukeuteuk saleuseurian."

"Na naon kitu, Jang Haji?" saur Mama Ajengan.

"Eu...sumuhun, da atuh beungeut abdi teh jadi burahay beureum sapertos beungeut Rahwana."

"Jadi beureum kumaha?" saur Mama Ajengan daria pisan.

"Sumuhun...eu...beureum dibalur gincu campur mangsi!"

"Naha make aya gincu los-los kana beungeut-beungeut?"

"Rupina bae, waktos eta cai tos aya dina baskom, ku pun adi digincuan bade dianggo ngagambar langlayangan. Sumuhun...ma'lum budak, gincu campur mangsi. Ku abdi teu kaparios atuh sibeungeutna kapan subuh-subuh, poek!" ceuk Si Kabayan bari rada ngalengis, tayohna nalangsaeun inget kana musibat harita.

"Tah kitu Mama pangalaman abdi mah waktos tatamba kana elmu sihir teh," Si Kabayan mungkas carita.

Mama Ajengan ngadangu kitu teh ngan ukur mesem. (*)

Sambungan ti Bagian 1
Si Kabayan jeung Ajengan (Bagian 2) Si Kabayan jeung Ajengan (Bagian 2) Reviewed by Rupa Sundapura on 10.07 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.