Ngaran Rupa-rupa Diuk

Basa Sunda mah estu beunghar ku kosakata. Jang urusan diuk oge, loba pisan sesebutanana. Di handap ieu urang pedar hiji-hijina.

Pangajaran Basa Sunda
  • Andegleng » Diuk ajeg tumaninah dina korsi.
  • Andeprok » Emok rekep (awewe).
  • Anjeucleu » Diuk ngeunah-ngeunah di tempat nu rada luhur (dina tonggong munding, kuda, sapedah, jeung sajabana).
  • Campego » Cingogo kawas aya nu didagoan.
  • Candeluk » Diuk sababaraha lilana kawas aya nu didagoan. Di wewengkon sejen, candeluk sarua hartina jeung cendekul, cindukul, cindeluk.
  • Cingogo; cangogo; nagog » Peta saperti nu keur bubuang.
  • Emok » Cara diuk awewe dina lante (samak), pingpingna direndengkeun, bitisna patumpang, arahna sarua.
  • Emok cabok » Sabangsa emok tapi bitis nu kenca kana pingping kenca, nu katuhu kana pingping katuhu.
  • Nanggeuy gado » Diuk biasa ngan leungeun sabeulah dipake nanggeuy gado. biasana keur ngalamun atawa baringung pipikiran.
  • Ngabaheuhay » Diuk nyanghunjar bari suku dipaanggangkeun, biasana lantaran cape.
  • Ngabebengkung » Diuk lila rada semu bengkung, bari nganggur.
  • Ngalageday; ngalegeday » Diuk nyangsaya, biasana dina korsi males jeung sajabana.
  • Nyanghunjar; nangunjar » Diuk bari ngalonjorkeun suku sabeulah.
  • Nyanghunjar lambar » Diuk bari ngalonjorkeun suku duanana.
  • Nyangsaya » Diuk bari nyarandekeun awak kana tempat nu disarandean.
  • Sidengdang » Diuk bari suku duanana dirumbaykeun (biasana diuk di imah panggung nu aya kolongan). Lamun suku duanana diayun-ayun disebutna ucang-ucangan. Lamun suku diayun-ayun bari didiukan budak disebutna ucang angge (sarupa kaulinan).
  • Sideuha » Diuk emok atawa sila bari leungeun sabeulah dipake nulak awak.
  • Sila » Diuk bari nikelkeun suku duanana handapeun pingping nu didengkakkeun.
  • Sila andekak » Sila semu rubak, biasana bari nyanghareupan kadaharan.
  • Sila ipis » Sila rubak, tuur anggang pisan tepi ka jebrag.
  • Sila mando » Sila bari leungeun duanana aya di antara dua suku nu ditumpangkeun, awak biasana semu doyong ka hareup.
  • Sila tumpang » Sila bari dampal suku duanana numpang dina pingping kenca katuhu.
  • Sila tutug » Suku nu sebeulah sila, sedeng nu sabeulah deui ditutugkeun. (*)
Ngaran Rupa-rupa Diuk Ngaran Rupa-rupa Diuk Reviewed by Rupa Sundapura on 10.33 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.