Istilah Babagian Imah

Pangajaran Basa Sunda
  • Abig; ampig » Bilik juru tilu dina pongpok leuit atawa pongpok imah.
  • Adeg-adeg » Pananggeuy nok dina suhunan.
  • Amben » Tepas imah panggung nu lantena tina palupuh.
  • Babancik » Golodog; papangge.
  • Balandar » Sarupa balok nu wangunna pasagi opat dipasang di luhur kuda-kuda pikeun nahan usuk dina rangka hateup.
  • Bangbarung » Kai atawa awi antara tihang panto di handap.
  • Cemped » Lakop; papan heureut atawa awi sabebek anu dipake nutupan sarta mageuhan sisi-sisi atawa sambungan bilik.
  • Dalurung; darurung » Awi guluntungan atawa kai antara pananggeuy jeung palupuh dina imah panggung.
  • Damit » Iga-iga leuit; palang dada luareun bilik.
  • Deudeul » Tihang pondok panahan dalurung (di kolong imah panggung).
  • Erang-erang » Awi atawa kai nu aya di antara dua tihang panto atawa jandela belah luhur.
  • Ereng » Awi bebekan atawa kai paranjang nu dipaku kana usuk pikeun ngaitkeun ceuli kenteng, numpangkeun seng, jeung sajabana nu dipake tutup suhunan (hateup).
  • Gagalur » Kai atawa beusi panahan tataban.
  • Galar » Palang dada; kai malang antara dua tihang wates sadada (harigu). Luhurna sok dipake barangteundeun.
  • Golodog » Tangga paranti unggah-unggah di imah panggung.
  • Hateup » Tutup diluhureun imah supaya iuh, ulah kapanasan, asup cihujan, jeung sajabana.
  • Heuay badak » Liang haseup; bangunan pasagi dina suhunan dapur nu make hateup deui sina calangap.
  • Iga-iga » Pamageuh bilik jeung bilik deui.
  • Jandela » Lawang cahaya jeung hawa dina bilik atawa dingding tembok nu biasana bisa dibuka jeung ditutup cara panto. Aya oge nu make sarigsig.
  • Jungjang » Kai atawa awi anu dipalingpangkeun antara dua tihang supaya ulah reyod; pamageuh saung atawa raraga imah nu rek di adegkeun.
  • Jure » Kai suhunan antara pucukna jeung juru imah nu opat.
  • Kolong » Rohangan di handapeun imah panggung.
  • Kuda-kuda » Balok kai nu dipasang dengdek anu nyambungkeun tihang adeg jeung pamikul.
  • Kusen » Kai rangkay panto atawa jandela.
  • Lincar » Cemped (papan) rubak pikeun nutup bilik ti belah luar, lebah darurung, atawa pikeun nutup tungtung darurung nu di hareup (dina imah panggung).
  • Mundu » Golodog panto.
  • Palang dada » Galar.
  • Palipid; palisir » Papan nu dipake nutup tungtung usuk supaya ulah katenjo rogokna.
  • Palupuh » Lante imah panggung nu dicacag ka panjangna tuluy dibeberkeun sarta diamparkeun dina dalurung. Biasana dijieun tina awi.
  • Pamikul » Panahan suhunan ka panjangna imah.
  • Pangeret; pangheret » Pamikul rubakna atawa heureutna imah.
  • Panto » Panutup lawang imah nu bisa dibuka jeung dipeundeutkeun (ditutup).
  • Papangge » Golodog atawa babancik.
  • Para » Bagian imah antara suhunan jeung lalangit.
  • Pondasi » Dasar atawa tatapakan adegan tembok (gedong); pasangan batu jeung adukan dina rorakan anu jerona nepi kana lapisan taneuh nu teuas.
  • Pongpok » Rohangan di sisi (handapeun suhunan) anu sok ditutup ku abig (ampig).
  • Ranki » Sabagian tina suhunan imah baheula anu dijieun tina sasag paranti hateup balubur.
  • Sarang » Awi beunang meulahan saperti ereng nu dipasang dina dalurung handapeun palupuh.
  • Sarigsig; ruji » Sarupaning pager saperti dina jandela paragi liang hawa. Dijieun tina awi, kai, atawa beusi supaya ulah beunang diponcoran.
  • Siku-siku; sisiku » Kai atawa awi sateukteuk pikeun ngawewegan raraga imah atawa wangunan sejenna.
  • Sorondoy » Hateup panambah gigireun atawa tukangeun adegan nu geus aya.
  • Sosompang » Wawangunan panambah mangrupa kamar. Biasana keur saheulaanan.
  • Suhunan » Bagian imah nu pangluhurna, ngujur manjang nurutkeun wangun imah.
  • Tataban » Papan kandel nu dipake lante imah panggung.
  • Tatapakan » Batu atawa tembok tempat napakna tihang imah.
  • Teer » Kai atawa awi guluntungan nu nyambungkeun antara dua tatapakan.
  • Tihang » Kai atawa awi panjang nu ditangtungkeun pikeun nahan pamikul imah.
  • Usuk » Kaso-kaso.
  • Wuwung » Tutup hateup sapanjang sambungan suhunan, tempat patepungna dina puncak suhunan (tembok atawa seng). (*)
Istilah Babagian Imah Istilah Babagian Imah Reviewed by Rupa Sundapura on 13.00 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.