Misteri Gedong Sigrong (Bagian 10)

Beuki katara sikep Shereen teh, enyaan sombong. Manehna ngan daek wawuh ka anak nu baleunghar wungkul. Kuring ge kapilih, da meureun anak nu beunghar. Kacirieun unggal poe dijajap papag kana mobil ku Mang Ujang. Tapi da kuring mah teu tuman reureujeungan jeung anak nu baleunghar, komo bari sombong mah. Batur kuring nu bareto, teu leuwih ti anak tukang beca, anak pemulung, anak tukang sol sapatu, jeung sajabana. Tapi da dina diri maranehna kuring nimu kabisa anu hese neangan di budak sejen.

Carita Nyambung

Anu pangkacirina teh deuih, enyaan saurang ge taya nu wani ka Shereen teh. Lamun cek manehna "A" sarerea moal aya nu wani nyempad. Tapi da kuring mah teu tuman kudu tunduk ka budak sejen. Biasa jadi pangdipikaserabna, biasa pada mikaresep, jeung sok jadi panyalindungan. Ku pantar Shereen make kudu sieun. Ras ka Neng Shea nu disangka sombong, horeng teusingna. Kuring sieun salah sangka deui. Numatak teu wani waka nuding sombong ka manehna ge. Tetela teu sabaraha memenerna. Inget keneh tepi ka ayeuna oge.

Dina hiji poe di kelas aya guru Bahasa Indonesia nu anyar. Ibu Guru nu biasana tos pangsiun cenah. Kakara poe ieu anjeunna ngajar di kelas kuring. Anjeunna teh nyerat dina bor, hiji kalimah Basa Indonesia. Kieu unina teh, 'Sapi itu melenguh', tapi di setripan, jadi 'mel-enguh'.

"Ini betul tidak?" saurna.

"Shereen?" pokna ka Shereen.

"Betul, Bu!" cek Shereen.

"Yang lain setuju?"

Katentjo Shereen nangtung, bari ngareret ka sakurilingeun kelas. Mani kaciri sarieuneunna teh. Maranehna reang saur manuk nyebut setuju ka Shereen. Terus Bu Guru naros, bisi di antara murid-murid teh aya nu teu satuju. Hartina nyebutkeun eta teh salah, da harita teh keur diajar bab awalan, ahiran, jeung kecap asal. Lain pedah hayang ngejek Shereen, kuring yakin eta teh salah. Ras kana cariosan Amah. Lamun ngarasa bener, ulah sieun ku nanaon. Lawan. Kuring yakin eta teh salah, terus ngacung.

"Abdi Umyang, Bu!"

"Ya, Umyang!" saur Bu Guru.

"Numutkeun abdi mah lepat," cek kuring dina basa Indonesia.

"Alaah, batur nyebut bener, ieu salah. Hayang kapuji," cek Shereen.

"Cobi terangkeun yen ieu teh salah," saur Bu Guru, angger dina basa Indonesia. .

Kuring nerangkeun, yen eta teh kecap asalna 'lenguh'. Jeung euweuh awalan atawa ahiran 'mel'. Aya ge 'me-', 'di-', cek kuring teh.

"Jadi harusnya 'me-lenguh', Bu. Kata asalnya lenguh diberi awalan me-," cek kuring. Ibu guru keprok bari ngadeukeutan bangku kuring.

"Betul. Jadi di kelas ieu ngan saurang anu ngarti kana awalan jeung ahiran. Seratus buat kamu, Umyang!"

Enyaan we. Teu sabaraha geuning. Ti harita Shereen teh henteu kumaki teuing. Komo beuki ka dieu ku kuring sok dilawan bae. Malah barudak sejen ge mimiti narurut ka kuring, da maranehna dihatean.

"Teu kudu sieun, urang teh sarua diparaban keneh ku kolot," cek kuring.

Lila-lila mah Shereen teh jadi bageur. Malah ka dituna mah sok bareng jajan jeung babaturan sejen anu teu mampuh. Lain ukur sakitu, katenjo sok daek mere ka babatutan nu teu boga. Kuring dialem ku sarerea. Sanajan unggal aya pasanggiri, kuring jeung Shereen teu weleh kapilih jadi nu miluan. Cenah mah pedah sarua geulis jeung ginding. Tapi nu meunang teh sok kuring wae.

Tapi da henteu kabeuli ku pamuji batur. Teu matak jadi kabagjaan pada mikaresep ge, da kuring kaganggu ku caritaan Tanteu Angrina. Harita teh kuring angger sok ceurik tengah peuting. Pasti diupahan ku Tanteu Angrina. Malah hiji peuting mah teu wungkul diupahan, tapi terus dibawa ka ruang tengah, diajak diuk dina korsi kulit. Kuring diupahan, bari diciuman.

"Umyang, da ayeuna mah tos ageung nya. Umyang kedah uninga saha diri anjeun teh saenyana. Ulah reuwas, da Mamih nyarios kalawan leres. Mamih teu ngabohong. Engke ku Umyang tiasa ditaroskeun ka Amah kasauran Mamih. Sok dangukeun nya! Ulah nangis wae atuh!"

Mun enggeus mah dibentar gelap, kitu meureun reuwasna. Kalawan rada dumareuda, Tanteu Angrina nyarita ka kuring. Cenah saenyana mah kuring teh putra anjeunna. Ngan harita teh anjeunna teu damang wales. Nya kuring diwiatkeun ka Amah, anu kakara nyaho eta teh rakana Mamih.

"Mamih teu tega nyandak Umyang basa Amah nangis. Saurna geus kacida nyaahna. Keun we heula jeung Amah. Jaga lamun geus ageung mah pek candak deui. Engke lamun Angrina geus matuh di Indonesia. Da Mamih teh salami ieu mah pipindahan wae, ka unggal nagara, nuturkeun dines Papih."

Kuring kalah beuki hayang ceurik. Amah anu sakitu lilana dianggap indung, kudu robah jadi Uwa? Ari ieu bibi kudu jadi indung. Mani hayang geura gok jeung Amah. Mun enya tea mah kitu, naha bet kudu ngabohong? Tapi kuring ge teu hayang jadi anak Mamih, sanajan beunghar ge. Da geus kacida betahna dikeukeupan di gowok. Jeung pan Amah teh pinter. Loba papatahna anu jadi cecekelan hirup kuring nepi ka jaga. Di antarana kuring kudu wani nyarita, kudu tanggung jawab kana sagala pagawean, kudu narima akibat tina hiji kalakuan.

Amah teu geura mulih atuh. Nu matak basa aya beja Amah tos salamet, kacida pisan bungahna. Ngan cenah kakara opat poe deui mulihna. Anjeunna kedah istirahat heula. Ari daging jadina mah tos dikaluarkeun, tur sanes nu beurat. Hartina Amah bakal damang deui pisan. Mani asa sataun nungguan datangna opat poe teh. Hayang geura tepung, hayang geura cacarita. Sabot kitu, kuring ge asa jadi nyaah ka Tanteu Angrina teh. Mun tea mah anjeunna teh indung anu ngalahirkeun kuring, sarua bagjana jeung boga Amah. Tante Angrina sanajan geulis, beurat beunghar, taya ulat sombong adigung.

Tapi basa Amah geus mulih, tur kuring diidinan balik ka bumi Tanteu Angrumi, bet jadi asa teu tega rek nanyakeun caritaan Tanteu Angrina teh. Kumaha lamun Amah nangis. Kumaha lamun Amah bendu? Cenah meureun kasempetan Tanteu Angrina sabot anjeunna dioperasi, ngabolekerkeun kajadian nu sabenerna. Tapi da kudu nyaho atuh kuring teh. Saha indung bapa, saha anu ngalahirkeun, saha nu ngayuga. Sanajan ari dina emprona mah angger miindung teh ka Amah. Hese atuda mindahkeun rasa anu sakitu taun lilana, jadi ka nu sejen. Teu kapangaruhan ku sipat nyamu, kamewahan hirup jeung keresekna duit anyar, keur jajan sapopoe.

Aya kana sabulanna kakara kuring wani nanyakeun. Eta ge pedah we Tanteu Angrina cenah keur ka luar negri, mapagkeun carogena nu tos beres tugas di ditu. Amah keur calik we, da sanggeus sareng Tanteu Angrumi mah, Amah diwagel icalan deui wedak. Atuda sagalana ge dipupujuhkeun ku Tanteu Angrumi. Kuring harita teh rada keketeyepan. Gek diuk dina sisi ranjang. Ku Amah diusapan tonggong teh. Gusti kudu kumaha abdi, cek hate. Sabenerna kuring hayang nyaho saha saenyana indung kuring. Tapi ngarasa teu tega ngaraheutan jelema anu salila ieu dianggap indung. Tapi bangun mafhum, Amah teh ningali kuring rada elekeseng.

"Naon, Neng?" saurna.

"Mun Neng Umyang naros, Amah moal bendu?"

"Naha make kedah bendu?" pokna.

"Nyaan?" cek kuring deui.

Geus rek pok, les deui kawani teh ngaleungit. Nu kacipta sieun gauk wae anjeunna nangis. Leuheung basa lamun terus ngangles, kumaha lamun enya kuring teh ukur anak kukut Amah? Nu tangtu saterusna bakal dirawatan ku Tanteu Angrina. Kumaha ieu hate. Da angger teu sanggup kudu papisah jeung Amah mah. Sanajan ditukeuran ku emas gumiwang, imah sigrong, mobil gilap, asa moal nandingan kabetah jeung kanyaah kuring ka Amah.

"Rek naros naon Eneng teh?" saur Amah.

"Amah, ari Eneng putra saha?" Sakitu nu sanggup kaluar tina biwir. Hayang ceurik sahing-hingeun. Tapi basa nenjo pameunteu Amah teger, hate janglar deui.

"Teu percanten kitu Eneng teh putra Amah?" Anjeunna kalah naros.

Percanten. Da memang kitu kahoyong mah, cek hate soteh.

"Aya kitu nu nyebatkeun Eneng sanes putra Amah?" saurna deui.

Teu nembalan. Sanajan hayang sapok-pokeun nyebut Tanteu Angrina.

"Kumaha cenah eta jalmi teh nyariosna? "

"Muhun cenah Eneng teh diwiatkeun ka Amah, da Amah teu damang repot. Tapi basa rek nyandak deui, teu tega ningali Amah tos nyaaheun ka Eneng," cek kuring, sanggeus aya memenitan teu sanggup nuluykeun nanya. Pedah we nenjo Amah teger jeung gumujeng, jadi rada tatag soteh nyarita. Da hate mah angger sesek. Kuring teu wani ningali pameunteu Amah.

"Saha eta nu nyarios teh?" saur Amah bari nyawel gado kuring. Kuring jempe.

"Tanteu Angrina?" saur Amah deui. Kuring unggeuk.

"Lamun leres kitu, Eneng bakal ngalih bumina. Bakal hilap ka Amah?"

Gabrug kuring ngarangkul Amah. Karasa anjeunna ge kagagas. Sanajan diteger-teger oge, soantenna beuki peura. Pananganana terus ngusapan kuring.

"Alim Eneng mah alim," cek kuring.

"Alim ngalih?" saur Amah. Kuring unggeuk.

"Wayahna kedah nampi, Geulis. Muhun nu dicarioskeun ku Tanteu Angrina teh. Amah ngaraos moal lami deui ge kolot, teu walakaya. Neng Umyang kedah terus maju. Pasti ku Tanteu Angrina mah disakolakeun, dimulyakeun. Nya...!"

"Eneng mah hoyong jeung Amah," cek kuring.

"Muhun wios sareng Amah ge, tapi kedah uninga, indung nu ngakandung jeung ngalahirkeun mah sanes Amah, tapi Mamih. Mamih ge dipiwarang ku Amah ngawartosan Eneng. Da sugan teh rek pileuleuyan basa dioperasi teh."

Peuting harita kuring tipepereket nangkeup Amah dina ranjang. Sanajan tepi ka tengah peuting teu bisa peureum. Basa Amah katingali tibra, kuring neuteup pameunteuna. Gusti, kedah kumaha abdi. Da tos nyaah asa ka indung teh ka Amah. Jadi meureun Mamih jeung Papih teh indung bapa kuring. Paingan basa bareto mun narima peresenan keur budak yatim teh diwagel ku Amah. Pan baheula teh ngalamun hayang jadi anak nu beunghar. Naha geuning teu bungah? Pan indung bapa kuring teh jelema pangkat, jelema beunghar. Kalah sedih geuningan, kalah nalangsa.

Basa jam gede nu aya di tengah imah kadenge ngolonang duabelas kali, kuring nyileuk keneh wae. (*)

Sambungan ti Bagian 9 Nyambung ka Bagian 11

Aam Amilia
Misteri Gedong Sigrong (Bagian 10) Misteri Gedong Sigrong (Bagian 10) Reviewed by Rupa Sundapura on 13.37 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.