Misteri Gedong Sigrong (Bagian 9)

Meh bae kabesekan basa kuring neureuy susu coklat sacangkir leutik. Asa nincak asa henteu suku kana tehel herang ngagenclang. Imah gedong nu Tanteu Angrumi teh enyaan pikabetaheun. Eukeur mah alus, katurug-turug pinter pasang petana. Ti buruan keneh, panon geus diogo ku tetenjoan asri. Tatangkalan kembang ngurilingan jukut ngemploh hejo di tengahna. Aya fonten leutik, tapi caina gede ngagolontor, bijil tina liang sungut lalaukan nu dilahun ku patung enon. Harita mah keur leutik teu apal kana ngaran ngaran kembang teh. Tapi inget keneh, aya kembang eros, hebras, malati, jeung campaka. Warna-warni nyanding patamanan leutik di juruna.

Carita Nyambung

Mani nyiuman Tanteu Angrumi teh ka kuring. Malah muji ka Amah, bisaan cenah ngurus budak teh. Si Angrina ge geura moal teu panglingeun. Kuring rada ngarenjag, ngadenge kekecapan Tanteu Angrumi. Naha make pangling? Hartina kungsi nenjo kuring samemehna. Tapi saha Angrina teh. Geus dua kali disebut ngaranna, tadi ku Mang Ujang supirna. Tapi kuring ukur ngahuleng we. Sababaraha kali ditawaran kueh, tapi can ngarasa kabita. Bet ku nginum susu coklat ge asa ngadadak sebel. Tuman nu diinum teh bajigur. Aya ge susu bubuk, dibagi ti sakola.

"Ajakan ka kamarna atuh, Seus!" cek Tanteu Angrumi ka Amah. Kuring cengkat, ditungtun ku Amah, dibawa ka kamar tukang.

Geus helok deui wae. Atuda tempat sare teh dina ranjang antik, sakurilingna dipasangan kulambu bodas nyacas. Pantesna teh kasurna ge hipu, moal kawas di gowok kuring. Kamar teh kaitung gede. Di jerona aya lomari nu napel kana tembok. Lomarina ge gede jeung alus deuih. Dina tempat sare aya bantal numpuk jeung gugulingna. Ari simbutna ditilepan di tungtung ranjang. Hareupeun ranjang aya korsi panjang, model antik deuih. Di juru aya korsi hiji, gigireunana aya paranti dangdan. Dressoir cenah ngaranna teh. Kuring nyobaan diuk dina korsina. Ret kana kaca, enyaan geuning kuring teh geulis.

Da di gowok mah ngaca teh dina eunteung sasemplek. Jaba poek teu katara nanaon, jadi rek nyebut geulis kumaha. Komo bari irung pinuh ku mehong, tapak lampu mun listrik pareum. Basa kadenge aya awewe ngajerit, kuring rancingeus. Geuwat ka luar. Aya awewe geulis jeung ginding nangtung deukeut lawang. Manehna lumpat muru kuring. Gabrug teh ngarangkul, terus ceurik dina taktak kuring. Manehna nyiuman kana pipi kenca katuhu. Amah jeung Tanteu olohok narenjokeun. Kuring ukur cicing. Teu walakaya dipangku, diciuman oge.

"Umyaaang...! Oh My God, so beautiful," pokna. Kuring hudang, terus dilahun basa manehna diuk dina korsi kulit di ruang tamu. Amah jeung Tanteu Angrumi oge sarua diuk dina korsi nu papahareup jeung nu anyar datang tea. Hanjakal kuring teu ngarti obrolan maranehna, da ku basa Walanda. Ngan Amah bangun ambek basa keur parea-rea omong teh. Sabot kitu kuring neuteup nu anyar datang. Asa sarimbag jeung mojang leutik nu tadi katenjo dina kaca eunteung.

"Umyang rek bobo di Mamih?" cek manehna. Kuring gideug.

"Sareng Amah?" cek kuring nanya deui.

"Oke sareng Amah ge," tembalna.

Sapopoe eta nu tiluan teh ngarobrol, tingcakakak-tingcikikik. Dahar bareng ngariung. Geus salat lohor, terus ngobrol deui. Tepi ka balikna bada asar, kuring henteu leupas tina leungeun Tanteu Angrina tea. Malah basa balik mah nyiuman jeung nyekel tipepereket. Pasosore, memeh magrib kuring mandi. Aya pembantu dibaju bodas-bodas nuyun kuring ka kamar mandi. Horeng aya bathcafe di jero teh. Cenah bisi kuring rek ngeueum, caina geus dikecrotan minyak wangi jeung kembang malati. Alah asa dina dongeng Amah. Lamun putri mandi teh nguyang dina nu kieu. Terus geus mandi kuring didangdanan make piyama tina lawon sutra. Asa jadi putri kakara sabaraha jam ge di dieu teh.

Tapi kabungahan teh ngan sakedet netra. Da minggu hareupna kuring digeroan ku Tanteu Angrumi jeung Amah. Mani asa didudut jajantung mun enggeus mah. Di tepas hareup, anjeunna nyarita mani areutat. Pegat-pegat nyaritana teh. Cenah Amah katarajang daging jadi dina rahimna. Di urang tacan pati loba anu dioperasi panyakit kitu. Tanteu Angrumi rek nyandak Amah ka Walanda, pikeun operasina. Kuring wayahna cenah cicing heula di bumi Tanteu Angrina. Lain deui ceurikna kuring ngadenge kitu teh. Tempat sare nu siga kaputren teh teu karasa endahna. Genah keneh di gowok dikeukeupan ku Amah.

Komo basa isukna nenjokeun Amah jeung Tanteu Angrumi miang kana mobil. Hate teu puguh rasa. Mangsa harita mah kecap operasi teh sarua jeung maot. Boa moal tepung deui kuring jeung Amah. Bari sumegruk kuring nurut basa ditungun ku Tanteu Angrina. Sirah diusapan. Kuring langsung dibawa ka bumina Tanteu Angrina. Teu eleh gedong bumina ge. Malah di dieu mah make loteng. Kuring diajakan ka tengah imah. Teu lila Tanteu Angrina mawa tas sakola anyar keneh. Terus sababaraha hiji buku tulis jeung pulpen, aralus naker. Malah sakalian kuring dititah ngajaran baju alus, sakalian di kamer.

Ayeuna mah sorangan sare teh. Kamarna lega jeung garenah. Tempat sarena henteu dikulambuan, tapi sarua make kai ka luhur. Ieu mah teu dikulambuan, ukur saeutik, dikulawitkeun weh kana tihang paranti masang kulambu. Di kamar teh geus aya radio leutik merk Erres. Kuring ukur nempo. Mun seug jeung Amah resep teuing ngadangukeun radio. Iraha atuh anggeusna operasi Amah teh. Ku hayang milu, tapi da tangtu dicarek. Lantaran isukan kuring kudu ngamimitian sakola. Heug sakola anyar nu teuing kawas kumaha kaayaanana. Boh sakolaanana boh murid-muridna kudu ditaliti heula ku hate jeung panenjo.

Beuki teu pararuguh pikiran teh basa isukna kuring dijajapkeun ka sakola ku Mang Ujang kana mobil. Asa arera. Tuman leumpang ka sakola bareng jeung Amah. Sakapeung mah hoream-hoream acan disapatu. Kakara geus di kelas we dipake teh. Di jalan mah sapatu teh dijingjing we. Atuda genah keneh teu disapatu. Di imah ge sok dicarekan ku Amah lamun leupas tina sendal teh.

Datang ka sakola kasampak geus loba murid. Kuring dianteurkeun ku Mang Ujang ka lebah riungan barudak awewe. Saliwat ge kaciri maranehna teh garinding.

"Nden Umyang engke dijemput ku Mang Ujang nya. Antosan!" cek Mang Ujang.

Kuring ukur unggeuk. Terus Mang Ujang nuduhkeun di mana engke kuring kudu ngadagoan manehna bisi can datang ngajemput. Leos Mang Ujang, budak awewe nu dibaju beureum boleces bodas nyampeurkeun. Sugan teh rek nanya, ari pek teusingna. Kalah nenjo ti luhur ka handap ngawas-ngawas. Kuring ngasongkeun leungeun we ngajak sasalaman, rumasa budak anyar, kudu ngenalkeun ka maranehna. Bari rada baeud, manehna nampa leungeun kuring, terus nikukur.

"Shereen, dobel E," pokna.

"Umyang," cek kuring.

Na ari barakatak teh seuri najan kaciri terusna ditahan. Kitu deui babaturanana nu tadi ngarariung, nyeungseurikeun ngaran kuring meureun. Nu saurang mah ngaharewos ka baturna, tapi harewos bojong, da kadenge nyebutkeun geulis-geulis ngaranna Umyang, deukeut-deukeut kana kumang cenah.

"Bener ngaran kamu Umyang?" cek Shereen.

"Enya," cek kuring bari seuri. Saumurna tara aya nu ngahina ka kuring mah.

"Naon hartina eta teh?"

"Umyang teh koneng."

Lebah peuntaseun tempat maranehna ngariung, kuring nenjo sabubuhan budak awewe. Tangtuna ge sarua sakola di dieu. Kuring nyampeurkeun ka maranehna, deukeut tangkal camara. Aya sababaraha urang keur dariuk dina bangku. Sakitu deukeut warung taya nu jajan. Kuring nyaho ngaran budak teh Samih sanggeus silih kenalkeun. Nu sejenna, Unir, Aidah, jeung Lingling.

"Urang jajan yu!" cek kuring. Maranehna kalah silih reret. Basa sarerea diajakan ka warung, katenjo bangun bungah. Ku kuring dititah milih. Hayang kurupuk sambel atawa bangkuang dikucuran gula kinca.

Ti maranehna kuring meunang katerangan yen Shereen teh anak nu beunghar, reureujeunganana jeung anak nu beunghar deui. Ari Samih mah jeung papada budak anak nu teu boga. Cenah taya nu wani ngalawan ka Shereen mah. Aya rasa nu ngagolak. Ras kuring ka Neng Shea. Ayeuna kuring cicing di imah gedong. Dulur Amah geuning baleunghar. Nyebut ngaranna kudu make Tanteu. Padahal cek Amah ge apan urang Sunda ge boga sesebutan, Bibi, Uwa. Tapi geuning Amah ge henteu nyarek kuring nyebut Tanteu.

Basa bel disada, kuring asup. Horeng Shereen teh sabangku jeung kuring. Padahal hate mah embung sabangku jeung manehna teh. Sieun disamarutkeun jadi budak sombong. Untung tadi wawawuhan heula. Gigireun kuring aya Samih sabangku jeung Penda, budak lalaki. Cenah Penda dihukum, lantaran kamari bangor, nya disabangkukeun jeung awewe.

"Umyang, ulah reureujeungan jeung Samih. Barau," cek Shereen. Teu ditembalan teu dipalire. Teu sudi teuing reureujeungan jeung budak sarombong, cek hate.

Hadena poe eta mah ukur kekenalan, da terus bel disada. Murid-murid meunang balik. Kuring reuwas. Kumaha, heug Mang Ujang can ngajemput. Tapi basa ka luar, manehna geus aya. Na nyaho ti mana yen kuring bebas? Tapi teu hayang tatanya, terus wae diuk dina jok tukang. Tepi ka imah kuring terus salin ku baju paragi di imah. Sapatu dibuka, terus kudu ngumbah suku. Kitu geuning aturanana di imah ieu mah. Da kuring mah biasa bebas.

Peutingna kuring teu bisa sare. Raray Amah terus ngalangkang dina ingetan. Kuring ngadoa mundut ka Gusti Allah, sangkan Amah didamangkeun. Tapi lila-lila mah teu kuat, kuring ceurik basa nyipta Amah pupus. Ditahan sakeudeung basa kadenge panto muka. Tanteu Angrina nu asup teh. Anjeunna reuwaseun nenjo kuring ceurik. Kuring dihudangkeun terus diusapan bari awak disangkeh. Ditanya ku naon ceurik. Kuring balaka inget ka Amah, sieun Amah pupus. Meureun kuring teu boga indung bapa, pahatu lalis.

"Pan aya Mamih," cek Tanteu Angrina.

Ngan hate nu nyarita, pan anjeun mah ukur bibi. Ari indung bapa abdi mah meureun geus teu aya mun Amah pupus teh. Tulus meureun jadi pahatu lalis teh

Sapeuting kuring dibaturan ku Mamih. Tepi ka lesna sare, teu kanyahoan anjeunna kaluar. Ngan basa isuk-isuk kuring dihudangkeun rek sakola.

"Laaah putra Mamih geus gugah," pokna. Make gegebegan. Boa kuring teh rek dikukut ku Tanteu Angrina. Make ngaku-ngaku putra Mamih sagala. Ku loba teuing atuh tatarucingan dina hirup teh. Mun Amah teu katulungan, meureun kuring rek diaku anak ku Tanteu Angrina. Make hanjakal kungsi ngalamun hayang jadi anak nu beunghar. Ah aliiim Amah, Neng Umyang mah hoyong angger putra Amah. Urang uih deui ka gowok, cek hate. Taya saurang ge nu malire. Jerit kuring, ukur kadenge ku hate sorangan. (*)

Sambungan ti Bagian 8 Nyambung ka Bagian 10

Aam Amilia
Misteri Gedong Sigrong (Bagian 9) Misteri Gedong Sigrong (Bagian 9) Reviewed by Rupa Sundapura on 20.28 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.