Naek Beca

Barakatak

Uya: "Neng ari tadi teh lain ka pasar?"
Izah: "Enya tadi enjing-enjing, A."
Uya: "Jeung saha?"
Izah: "Nyalira we..."
Uya: "Naek ojeg meureun?"
Izah: "Enya miosna mah, ari wangsulna mah kana beca. Kaleresan tadi teh aya tukang beca langganan Neng ngalangkung. Murah siah A, ka si Amang eta mah. Ti pasar ka dieu teh ngan dua rebu."
Uya: "Euleuh-euleuh...naha bisa kitu nya, da batur mah kudu sapuluh rebu wae ti pasar kz dieu teh, teu meunang kurang."
Izah: "Da Neng mah numpakna di tukang. Si Amang becana diuk di hareup."
Uya: "Gustiii...!" (*)

Naek Beca Naek Beca Reviewed by Rupa Sundapura on 19.52 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.