Misteri Gedong Sigrong (Bagian 8)

Basa nilepan baju, make ngarakacak hate teh. Lalakon kamari ulin ka peternakan domba, asa katenjo keneh. Dunungan bapana Sikom teh cenah urang kota, ngan baretona urang lembur eta. Mimitina mah ukur ngingu opat domba, bikang jeung jalu. Ku temen wekelna, ayeuna geus puluhan domba anu diurus di dinya teh. Bapana Sikom ngadunungan geus welasan taun. Malah ayeuna mah jadi kapercayaan dununganana. Tapi basa Sikom hayang ngilu digawe, dicarek ku bapana. Kalah dititah sakola cenah sing luhur.

Carita Nyambung

"Cek Bapa uing mah, pek bae hayang ngingu puluhan domba mah, tapi kudu jadi nu bogana, ulah buburuh kawas Bapa," cek Sikom bari seuri.

"Enya Abah urang ge, ninitah sakola sing luhur cenah. Engkena jadi juragan. Da eta dipapatahan ku Amahna Neng Umyang," cek Tikung.

"Naon cenah cek Amah abdi teh?" cek kuring.

"Enya cenah ulah hayang jadi jelema miskin saendeng-endeng. Naon teh disebutna, Kom. Miskin peremen kitu?" cek Tikung.

"Miskin naon teh nya," tembal Sikom. Sarerea seuri nenjo Sikom tetelengan.

Harita mah kuring ge milu seuri. Ayeuna geus kolot jadi inget deui. Maksud Amah miskin permanen, lain peremen, hartina langgeng. Kungsi eta ge ngadenge Amah ngadongengkeun perkara permanen, basa nyaksian incu Bah Opar ngumbah beca. Mani unggeuk-unggeukan basa dibere duit ku Amah. Indung kuring mah enya ge ukur hirup tina dagang wedak, tara henteu, unggal poe mere maweh ka urang lembur teh.

"Sakolakeun budak teh, Bah. Ieu mah akina tukang beca, anakna tukang beca. Ayeuna incu geus dimimitian diajakan ngumbah beca," saur Amah. "Sina sakola, engke jadi juragan beca, ulah tukang beca."

"Piduana we atuh, Juragan," cek Abah Opar.

"Ayeuna mah jaman merdika. Manasina bareto, ngan turunan menak nu bisa sakola luhur teh. Ayeuna mah tinggal daekna."

Kawasna caritaan kitu teh lain ukur ka saurang, da geuning loba babaturan anu kungsi dicariosan kitu ku Amah. Tapi ari ka kuring mah tara ieuh ninitah sakola. Lamun kana maca dijurung pisan. Cek pikiran budak harita, naha saenyana Amah teh ngarasa moal mampuh nyakolakeun kuring kitu? Da ti mana atuh duitna. Pan sakola teh kudu diwaragadan. Keur ongkosna, keur meuli bukuna. Da kelas lima ka ditu mah cenah moal ku sabak jeung gerip deui. Can keur ongkos sapopoe. Pangasilan ukur tina dagang wedak.

"Nu butut mah tong dicandak!" saur Amah, ngareureuwas.

Amah ningali kuring nilepan baju geus belel jeung sereg, tara dipake. Tapi kuring teh resep kana kembang-kembangna. Kembang eros beureum jeung koneng keur dicekelan ku Enon urang Walanda cenah, saur Amah.

"Kana naon Mah, urang ayeuna ka kota teh?" cek kuring.

"Dipapag ku Tanteu."

"Kana beca? Kana delman? Kana oplet?"

"Kana mobil nu Tanteu."

"Beunghar Tanteu teh, Mah?"

"Puguh we mana kabeuli imah di kota ge."

"Resep nya jadi nu beunghar," cek kuring.

Terus kuring nyaritakeun pangalaman kamari ieu, basa ulin ka kebon jeruk Pa Haji. Mani saider-ider atuh tangkal jerukna teh. Cenah sakali panen teh beubeunanganana loba pisan. Ku beunghar atuh Pa Haji teh. Encan boga delman sewaan nu sok diiderkeun di Direnten. Resep jadi nu beunghar mah, pada ngahormat.

"Neng Umyang ge bakal jadi nu beunghar. Mun beunghar teh rek meser naon?"

"Rek meser boneka nu tiasa peureum beunta. Rek meser wayang golek. Rek meser kareta mesin anu aya pangboncengan."

Amah gumujeng mani bangun lucueun kana jawaban kuring. Kakara kaharti soteh ayeuna, geus kolot. Atuda jawaban budak nu basajan. Da hayang meuli nu kitu mah teusing kudu beunghar heula. Tapi kuring mah teu seuri.

Sagala geus tarapti. Bawaeun geus ditunda dina ranjang. Kuring nataan barang barang nu teu dibawa. Kabeh ditataan, da ngarasa hemeng. Amah bangun teu butuheun. Kaasup hawu nu aya di dapur.

"Kasur moal dicandak?" cek kuring.

"Kanggo Emana Sapon."

"Ari bantalna, simbutna?"

"Kanggo Abah Opar."

"Ari hawu?"

"Kanggo Bapana Tikung."

Teu tatanya deui da Amah miwarang kuring ka cai. Tapi lain cai nu biasa dipake mandi. Ieu mah dibawa ka jero. Horeng di jero mah imah teh gedong. Kamar mandina ge make marmer. Kuring dimandian ku cai beresih, disabun ku sabun mandi Colibrita. Diandukan ku anduk weuteuh. Ieu teh imah saha? Bet taun-taun kakara katincak ayeuna? Ari salila ieu kosong wae kitu?

Beres mandi tara-tara ti sasari kuring didangdanan. Amah nyandak baju weuteuh. Erok tina saten, pulas kasumba. Di jeroeunana make kenken. Jadi baju teh murukukung. Kuring olohok. Umur-umuran kakara make baju sakitu alusna. Terus buuk disisiran, make bondu sawarna jeung erok. Kuring disapatuan hideung model ombyok, hareupna. Make kaos kaki sawarna deuih jeung bondu, kasumba. Enyaan asa jadi ratu. Disisiran, diwedakan, terus dikocrotan minyak seungit Narcis Bleu. Meleber seungitna.

"Gusti Alloh, ieu teh putri ti mana ?" saur Amah,

Kuring ukur uman-imen. Tapi basa ditungtun ka luar, jalan ka hareup, kakara reuwas. Horeng babaturan teh geus ngajajar. Soda, Tikung, Sikom, Manur jeung dulurna, Sapon. Ti beulah ditu aya Gusen, Padon, jeung Duram. Malah jeung indung bapana, ngaregreg. Pa Haji ge aya, mani bangun hormat pisan ka Amah teh. Kuring melengek. Jadi salila ieu mah tatangga teh nyangka kuring jeung Amah cicing di imah sakitu alusna. Paingan mani sok hormat ka kuring teh. Teu arapaleun kabeh ge, kuring mah cicing di gowok. Sakali kungsi kawenehan, aya nu nyicingan imah teh Tanteu Tres jeung putrana Neng Sanorita. Tapi terus teu kungsi panggih deui. Hayang nanyakeun ka Amah, ku naon bet kitu? Tapi kaburu aya mobil eureun di sisi jalan.

Nu turun teh lalaki sembada. Bari unggeuk hormat ka Amah, terus miwarang asup kana mobil. Amah nungtun kuring, didiukkeun dina jok tukang. Ari anjeunna mah sasalaman heula ka nu regreg di sisi. Horeng Neng Shea, jeung batur-baturna anak nu beunghar wungkul oge, milu jajap. Paingan atuh saur Amah, ulah goreng sangka. Geuning nu baleunghar ge sarua rek mileuleuyankeun. Basa mobil ngaleong maju, babaturan tingcorowok, bangun nalangsa. Kuring malik nenjo tina kaca mobil. Alah, Sapon mah siga ceurik. Karunya teuing.

"Atuh Neng Umyang ngalih mah, moal aya nu geulisna nya balad urang teh," cek salah saurang baturna, harita. Enya da salian ti lalaki wungkul teh, taya hiji ge nu berseka. Baju caraludih, sawareh suku tara disarendal. Harurik. Ngan kuring anu pangbersekana teh. Cek Sikom, kuring mah teu mandi ge angger koneng.

"Neng Umyaaang, Neng Umyaaang," cek jajaran Tikung sabatur-batur.

"Dadah Neng Umyang," cek jajaran Neng Shea jeung batur-baturna.

Aya nu nyelesek dina hate. Waas, batur maen kaleci, batur maen bal, batur nyuksruk ka sawah, ngadon maok bonteng, ngaruksak tegalan Pa Haji. Moal tepung deui meureunan jeung maranehna teh. Ari ayeuna nu bakal papanggih di kota, jelema nu kumaha ? Cenah kuring geus didaftarkeun ka hiji SR Negri, anu anyar ngabangun. Langsung asup ka kelas lima. Teuing sariga kumaha ari barudak kota. Tangtu berseka jeung garandang.

"Ari Juragan nungguan di mana?" cek Amah ka supir.

"Sumuhun, sadayana ge di bumi Juragan Angrumi. Malih Juragan Angrina ge tos ditu, sareng carogena. Saurna sakantenan kempel sosonoan. Sareng hoyong nigali Neng Umyang. Saurna teh siga kumaha ayeuna."

"Kumaha Ujang, geulis nya Neng Umyang teh? "

"Tadi mah abdi nginten teh Nonih Walanda."

"Kutan?"

"Atuda pangambung mancung, soca cureueuk. Salira koneng umyang."

"Tuh nya, saur Mang Ujang ge geulis Umyang teh," saur Amah ka kuring. Kuring ukur ngabelehem, da era dipuji hareupeun.

"Gede imah Juragan Angrumi teh, Jang?"

"Kantenan gedong sigrong. Di dinya mah teu aya bumi alit, sumawonna butut atuh, Juragan. Jabi di bumi Juragan Angrumi mah aya taman sareng air mancur."

Resep temen cicing di imah gede. Sainget hirup, kuring teh hirup di gowok. Ku hayang nanyakeun naha aya radio siga di imah nu beunghar? Naha aya kompor listrik? Aya panglicinan listrik, kawas di imah-imah nu sok dianjangan ku kuring jeung Amah. Tapi atuh pan ieu ge mobilna. Piraku nu sejenna can aya. Ku hayang geura tepi, tapi asa hayang balik deui. Hayang ulin jeung babaturan. Hayang ngundeur lalab di kebon Pa Haji. Bageur Pa Haji teh mun manehna ngundeur, sok sagala dibikeun. Tapi cek Sapon mah meureun we da Neng Umyang mah geulis jeung seungit. Da ka maranehna mah cenah peditna kacida. Kuring ukur seuri.

"Kinten sapuluh menit deui ge dugi, Gan," cek supir.

Sakeudeung deui kitu sapuluh menit teh. Ujug-ujug degdegan ieu dada. Inggis manggih katugenah kawas basa teu diondang jarig Neng Shea. Inggis manggih katugenah, da kuring mah urang sisi. Enya ari kotana mah sarua. Ngan itu mah di tengah kota, kuring mah di pasisian. Estu jauh pisan kaayaanana.

Tatangkalan nu ngajajar kawas beunang ngatur, bangun ngabageakeun kuring. Geus aya di tengah kota. Sakeudeung deui kuring bakal jadi urang kota, lain urang sisi deui. Tapi naha bakal sarua senangna hirup di dieu jeung di pasisian. Naon anu bakal kapanggih ku kuring di kota? Sakeudeung deui? Hate kuring beuki ratug. Tapi da teu bisa nyarita nanaon. Amah katenjo diwedak, terus memener kabayana. Sakeudeung deui, sakeudeung deui. Naon anu bakal tumiba ka kuring? Gerentes hate, teuing tumanya ka saha. Sidik lain nanya ka angin beurang, lain nanya ka ka panonpoe. Ukur nanya ka diri sorangan. Gusti, abdi degdegan. (*)

Sambungan ti Bagian 7 Nyambung ka Bagian 9

Aam Amilia
Misteri Gedong Sigrong (Bagian 8) Misteri Gedong Sigrong (Bagian 8) Reviewed by Rupa Sundapura on 13.35 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.