Si Kabayan Rek Ditangkeup Tuyul
Si Kabayan kajongjonan ngusep di walungan nepi ka meh sareupna. Manehna cinutrung na batu leah, ngarasa panasaran dumeh ti isuk jedur nepi ka sore jeder, eupanna tacan dilamot ku lauk hiji-hiji acan. Bororaah aya nu ngerenyed, nu dumuk mah bakat ku lila nguseup nepi ka lancah oge calutak nyieun ramat dina kenur jeung jeujeurna. "Cucungah siah lancah teh, ngaledek aing," gerentes hate Si Kabayan.
Kawas les ilang we eta lauk di walungan teh, teu saperti sabihara-sabihari. Nepi ka kadenge adan Magrib, jeujeur suwung eundeur. Teu nolih wanci geus sareupna jeung nyanghareupan malem jumaah, Si Kabayan neruskeun hancana. Barang keur anteng nguseup, kadenge ku manehna aya sora budak nanya ti gigireun. "Geus meunang loba laukna, Kang?" ceuk eta budak.
"Ih, calutak pisan ieu budak teh, teu boga di tatakrama. Piraku ka kolot nyebut Kang," gerentes Si Kabayan.
"Ari katempona ku silaing kumaha?" walon Si Kabayan bari nahan piambekeun.
"Kosong. Korangna wae molongpong, Kang," ceuk eta budak.
Amarah Si Kabayan beuki ngaguludag, tuluy pok ngomong, "Ari silaing kungsi sakola teu? Na teu boga pisan kasopanan?!"
"Puguh ge teu kungsi sakola, alatan kakara hirup dua jam tuluy nyawa dipundut ku nu Kawasa. Tuluy uing dikubur di makam hareupeun ieu walungan," walon eta budak.
Pikiran Si Kabayan anu keur museur kana jeujeur nu terus kekedutan rongkah, teu pati malire kana omongan eta budak cikeneh. Manehna ukur nembal saperluna. "Tuluyyyy...?"
"Tuluy aya jelema ngali liang kubur uing, saterusna boeh uing dipaling dijadikeun jimat, uing diasupkeun kana botol dijadikeun tuyul."
Jeujeur Si Kabayan ayeuna mah uget. Tali kenur kasered ka tengah, umbul-umbul ngelelep. Atuh naon anu dicaritakeun ku budak teh bener-bener teu dipalire pisan, samalah terus nanya barang usepna disorang lauk. "Tuluy...! Tuluy...!!!"
"Tuluy uing jadi tuyul kawas kieu," ceuk eta budak bari ngajewer ceuli Si Kabayan.
Barang ret ka gigir, katempo ku Si Kabayan hiji mahluk nu rupana hideung meles keur ungsrak-ingsreuk nyedot leho hejona nu meh ragrag ka lemah. Panonna molotot moncorong kawas senter. Tina udelna masih keneh ngambay tali ari-arina. Ana belenyeh seuri, taya huntuan sasaki-siki acan, tapi leungeun katuhuna niir lauk soloba-loba.
"Yeuh jang maneh, Kabayan!" pokna bari nyerenkeun lauk nu geus meunang niiran tea.
"Najiiiiis...!!!" Si Kabayan rikat ingkah tina batu damprak. Teu mikir kana useup jeung jeujeurna nu anyar meuli, manehna lumpat sakalumpat-lampet dina wanci nu meh reup peuting bari jojorowokan teu malire kaera, "Tuluuuyyyy...! Eh, tuyuuuullll...! Tuluuuung...!!!"
Ti kajauhan tuyul teh ngan bati seuri ceuceuleukeukan bari caketroh ku lauk atah beunang newakan ti eta walungan.
"Kutan bangsa manusa teh borangan. Dedeg sampe rupa teu sabaraha. Uing teu jadi nangkeup weh!" gerentes si tuyul. (*)