Kalimah Pananya

Pangajaran Basa Sunda

Kalimah pananya nyaeta kalimah anu eusina nanyakeun hiji hal. Bisa nanyakeun barang, tempat, waktu, atawa cara. Ciri kalimah pananya nyaeta ditungtungan ku tanda tanya (?) sarta biasana ngagunakeun kecap pananya.

Dina kalimah pananya sok ngagunakeun kecap pananya saperti kecap naon, saha, iraha, mana/kamana/di mana, kumaha, kunaon, sabaraha/sakumaha, jeung naha.

Di handap ieu conto-conto kalimah pananya nu ngagunakeun kecap pananya.

  1. Kecap pananya -naon gunana pikeun nanyakeun barang.
    Conto: Naon anu dicepeng ku Ani?
  2. Kecap pananya -saha gunana pikeun nanyakeun jalma.
    Conto: Saha nu teu lebet sakola dinten ayeuna?
  3. Kecap pananya -iraha gunana pikeun nanyakeun waktu.
    Conto: Iraha bade angkat ka Bandung?
  4. Kecap pananya -di mana/kamana/ti mana gunana pikeun nanyakeun tempat.
    Conto: Di mana aya pasar malam teh?
  5. Kecap pananya -kumaha/kunaon gunana pikeun nanyakeun kaayaan.
    Conto: Kunaon Neng ceurik?
  6. Kecap pananya -sabaraha/sakumaha gunana pikeun nanyakeun jumlah atawa ukuran.
    Conto: Sabaraha urang jumlah murid kelas 3?
  7. Kecap pananya -naha gunana pikeun nanyakeun kajadian.
    Conto: Naha bet bisa jadi kieu? (*)

Iseu Suwaibah
Kalimah Pananya Kalimah Pananya Reviewed by Rupa Sundapura on 11.44 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.