Jurig Sasak
Imut, geulis, manis, lempay. Tos dua taun sosoranganan, eta Nyi Randa teh eukeur mah boga rupa nu hade, tingkah polahna merenah deuih. Emh, eta mah si geulis, si bageur. Tapi ngaran-ngaran randa, angger wae jadi pasirikan tatangga. Cenah genit. Mun leumpang sok guyat-giyet nembongkeun imbit. Socana nu sipit cenah sok genit ngiceupan salaki batur. Padahal teu sing kitu Nyi Randa mah.
Kuring nyaring tengah peuting kagareuwahkeun ku warga kampung Rindukuring anu tumplek ting alabring muru imah Nyi Randa. Sawareh aya nu marawa senter, ngajugjug ka sasak dengdek nu aya di tungtung lembur. Jadi pananya keneh keur kuring mah, da nu ngabring ka imah Nyi Randa teh ibu-ibu wungkul. Ari bapa-bapa mah ngabring ka sasak dibarengan ku sababaraha urang pulisi.
"Aya naon, Gan?" ceuk kuring lulungu keneh.
"Eta Kang...Nyi Randa. Duka geubis duka aya nu ngarogahala, da aya nu mangmanggihankeun sampingna ngait dina sasak. Nyi Randana nyangsang na gebog nu teu palid ka wahangan, mastakana baloboran getih, tayohna mah kanu batu. Ah, duka ketang da tos taya nyawaan," tembal Si Agan bari ngusapan punduk, tuluy nyusul abringan bapa-bapa.
"Innalillahi wainna ilaihi raajiuun. Geulis sing tenang di alam baka," gerentes teh bari tuluy nyusulan, rek ngalongok nu kapapaitan.Nepi di tempat, jalma-jalma sakampung tumplek kabeh, malah ti luar kampung oge loba nu ngilu ngalayad. Kitu oge pulisi aya sababaraha hiji. Numutkeun pamariksaan sementara mah, cenah Nyi Randa teh aya nu ngarogahala. Katerangan pulisi beuki kuat ku kapanggihna peso belati ti sabudeureun cikaso nu disusud oge ku warga.
Ngadenge anakna aya nu ngarogahala mah, kelepek deui Bi Inah teu inget di bumi alam. Bapana oge siga nu euweuh kaera, ceurik roroesan bari jejeritan. Tayohna teu nyangka, budak nu ngan hiji-hijina teh kudu nemahan pati kalawan aya nu maehan. Bi Sum, anu sarua cicing di imah tuurna, beuki noroktok jeung pias ningali kaayaan saperti kitu mah.
-=oOo=-
Sabada kajadian kapapatenan Nyi Randa mah, sasak dengdek teh jadi karasa geueuman. Taya jalma nu wani ngulampreng liwat ti Magrib. Malah sanggeus Asar oge geus karasa combrek, jarang nu lalar liwat. Nu barorangan pisan mah, suka keneh leumpang ngurilingan tibatan kudu ngaliwat eta sasak mah.
Beja pabeja-beja, tatalepa lir hiliwirna angin, pajar loba nu ngawenehan Nyi Randa keur ngabangingik palebah sasak, bari sasambat hayang disampurnakeun. Atuh di lembur teh beuki gujrud jeung genting, majar Nyi Randa paeh ngajungjurigan.
Jurig sasak dengdek jadi kacapangan balarea, malah lain wae di lembur kuring, ka lembur lain ge geus sumebar. Naasna keur kuring, unggal poe teh kudu wae ngaliwatan eta sasak. Pakasaban kuring ngawulang SMP kelas sore di lembur peuntas. Balik teh sok liwat Magrib liwat Magrib wae. Harita mah mun sasarina balik jam sabaraha wae oge bisa, ayeuna mah rada kokompodan.
Salian ti ngawulang, di lembur sabeulah oge aya bebene kuring. Imahna teu pati anggang ti SMP tempat kuring ngajar. Mun pareng malem Minggu teh sok balik tengah peuting wae. Ti saprak aya jurig sasak mah sok rada mikir dua kali heula rek apel teh. Babakuna mah, pimitohaeun teh sok keukeuh nitah mondok, komo lamun Yenyen - bebene kuring - geus nyingsieunan mah. Pajar teh, keur leumpang sorangan, ditengah sasak aya nu ngajanteng bari beungeut baloboran getih...hiyyy...cenah. Asa enya lamun manehna nyingsieunan teh. Lain embung eta oge mondok teh. Tapi ari unggal minggu teuing mah asa teu ngeunah. Da dihenteu-henteu oge Yenyen teh karek katalian ku lamaran.
Wanci geus mimiti reup-reupan. Sabada solat Magrib, kuring pamitan ka Yenyen jeung pimitohaeun. Keukeuh kudu mondok, da isuk oge cenah ngawulang deui. Komo mun Yenyen geus nyabit-nyabit Nyi Randa mah, hoream wae mulang teh.
Nepi di sasak dengdek, getih asa leungit kabeh. Sasak teh asa beuki manjangan. Wanci nu geus reup-reupan beuki nambahan kakeueung. Lengkah asa beuki beurat, tapi dipaksakeun rurusuhan, malah satengah lumpat. Sanggeus sasak kaliwatan, hate beuki tenang. Ah, geuning euweuh nanaon. Dasar urang lembur, sok digegedekeun ari nanaon teh, gerentes kuring bari tuluy muru imah.
Can oge sababaraha lengkah ti lebah sasak, hareupeun aya nu kokorosokan. Teg jajantung asa coplok, awak asa euweuh getihan. Komo sanggeus eces katingali aya nu norojol bangun rurusuhan mah. Jadol teh, horeng jalma ieu mah. Ngarandeg sakeudeung, ditingali teh aya ibu-ibu ngagembol jeung rebo ku babawaan. Nya tos naon aya? Euweuh kasieun pisan, sakitu sasak dengdek keur jadi kacapangan ku jurig teh.
Teu gareuwah ningali kajadian bieu teh. Di lembur mah beuki saheng wae ku nu mindeng kawenehan. Komo ayeuna mah Bi Sum, bibina Nyi Randa mindeng kasurupan. Jurig Nyi Randa nu nyurup hayang dianteuran sasajen ka handapeun sasak. Tiap Senen jeung Jumaah, kapaksa Bu Lurah jeung warga-warga lianna bagilir nedunan sasajen.
Teu sing aya sieun ayeuna mah mun kudu ngaliwatan sasak dengdek teh, rek jam sababaraha wae oge ditorobos. Babaturan di sakola mah pada muji wae kana kawani kuring. Komo Yenyen jeung pimitohaeun mah, beuki reueuseun wae sigana boga piminantueun siga kuring nu taya kasieun teh. Balik jam sababaraha oge teu masalah.
-=oOo=-
Tiap Salasa jeung Jumaah ngahaja balik ngajar teh sok hayang bada Magrib, sanggeus milu solat di imah Yenyen. Nu sok nembongan bari mawa gembolan di sasak gawir teh horeng beuki eces saha-sahana, komo sabada ngahaja diintip mah. Kabatur mah teu betus. Nu mawa gembolan oge teu apaleun yen aya kuring nu sok nyerangkeun peta jurig nyiliwuri setan mindah rupa teh. Teu loba carita, Pa Lurah wae nu diharewosan mah.
Lembur mingkin combrek, komo ayeuna geus mimiti asup ka usum ngijih. Saban poe teu weleh ngaririncik, hujan peuting ninggang di lembur nu keur nandangan tunggara jeung kasieun ku jurig sasak. Katambah-tambah, Bi Sum nu saban poe teu weleh kasarumahan Nyi Randa. Lembur teh geus leungiteung katengreman.
Wanci sareureuhna budak, Si Agan geus hariweusweus ngetrokkan panto imah.
"Pa, hayu urang ka bumi Bi Inah. Nu ngajungjurigan di sasak teh geus kapanggih," cenah bangun teu sabar hayang geura indit.
"Jung wae ti heula, ke nyusul. Aya gawean heula," cekeng teh.
Ngahaja indit teh rada kaleked. Da geus katebak saha-sahana nu sok ngajungjurigan di sasak dengdek teh.
Isukna ibur salembur, Bi Sum ditewak polisi. Sabada diintip ku urang lembur, unggal poe Salasa jeung Juma'ah, Bi Sum sok ngadon ka sasak dengdek, nyokotan kadaharan sasajen nu meunang ngajagjragkeun warga ajangkeuneun jurig dengdek. Sabada disaliksik ku pulisi, horeng nu ngarogahala Nyi Randa oge Bi Sum. Tayohna manehna neuteuli, pedah salakina baheula kungsi kagoda ku Nyi Randa. Sok sanajan dulur pet ku hinis oge, Bi Sum teh horeng neundeun kaceuceub ka Nyi Randa, nu tungtungna wani-wani ngarogahala.
Salakina Bi Sum asup penjara, gara-gara kagoda ku Nyi Randa nu antukna wani maehan salaki Nyi Randa. Ngan kulantaran kagorengan mah teu bisa disumput-sumput, tungtungna mah kapanggih. Tuluy asup bui duka nepi ka iraha. Ayeuna kari-kari Bi Sum ngadon nyusul nu jadi salakina ka bale watangan.
Ayem tingtrim ayeuna mah lembur teh sabada kajadian rajapati jeung teror jurig sasak nu geus mere kalangkang baluas ka sakabeh masarakat. Jalma-jalma geus taya kasieun deui ngaliwatan jembatan dengdek.
-=oOo=-
Sabada pamitan ka Yenyen, tuluy kuring mulang. Najan jarum jam geus nuduhkeun angka sabelas pas oge, kuring terus noyod muru imah. Inget isukan kudu nyiapkeun soal ujian keur murid-murid.
Nepi di jembatan dengdek, rarasaan teh asa beda ti sasari. Bet aya sir jeung rasa nu beda. Angin peuting ngahiliwir nyelecep niupan awak. Ti kajauhan hawar-hawar sora sit incuing jeung anjing nu babaung teu eureun-eureun.
Sabada nincakkeun sasak, rada ngarandeg. Di tengah-tengah sasak aya wanoja nu keur ngalamun tanggah neuteup langit. Barang disidiksidik, horeng Yenyen.
"Yenyen?" ceuk kuring asa rada teu percaya. Manehna tuluy ngalieuk, nyeh imut. Tuluy anteng deui nyawang langit.
"Yenyen, naha aya di dieu? Euweuh kasieun cicing di sasak dengdek peuting-peuting. Hayu urang uih deui!" ceuk kuring bari tuluy ngadeukeutan Yenyen. Leungeunna dituyun rek dibawa mulang.
Bet beda ti sasari, leungeun Yenyen karasa tiis nyecep kawas es. Barang dituyun oge beuratna teu katanagaan. Barang ngareret beungeutna, bet robah lain Yenyen. Sirahna baloboran getih semu bejad. Mireungeuh kitu, awak ngadadak hese diusikkeun. Rek lumpat teu bisa, rek ngajerit oge hese. Tungtungna mah les kapiuhan, teu inget deui di bumi alam.
Inget-inget awak geus ngagoler dina ranjang di tengah imah. Awak karasa lungse nu taya papadana. Di tepas kasampak loba jalma nu ngariung. Yenyen oge nyampak di gigireun bari rambisak. Manehna katingali ngucapkeun hamdalah sababaraha kali.
Heuleut saminggu, sanggeus kuring jagjag, karek indung teh balaka. Kuring teh kapanggih keur ngagoler ditengah sasak gawir. Saminggu ti harita mah teu sadar-sadar, keukeuh wae sasar jeung hayang keukeuh hayang nyusulan Bi Sum di pangberokan. Sabada disareatan ku Ajengan Burhan, kuring sabihara-sabihari deui.
Sanggeus bener-bener ngarasa jagjag, rek ngawulang jeung ulin ka imah Yenyen teh bet hoream ngaliwatan sasak gawir. Mindengna mah sok ngadon malibir muter ka jalan lain. Sok sanajan jadi jauh oge, asal teu ngaliwatan sasak gawir wae. (*)
Aas Asmara