Dirigen

Dirigen teh anu mingpin pintonan musik, biasana dina wangunan orkestra atawa paduan suara. Sang dirigen disebutna konduktor, mingpin, nangtung dihareupeun pamaen musik atawa vokal, mere aba-aba atawa ngatur irama lagu. Dina istilah karawitan mah, can aya ngaran nu baku, sabab hal ieu teu pati biasa dipake. Dina nabeuh upamana, sanajan loba nu maenna tur laguna panjang, bisa jaralan sorangan tanpa kudu dipingpin ku dirigen.

Rohang Kalam

Mimiti aya dirigen teh waktu Mang Koko dina taun 1964 mintonkeun gending karesmen "Si Kabayan" di Gedong Gelora, Jalan Saparua, Bandung. Eta karya teh naskahna kenging Wahyu Wibisana, disanggi jadi gending karesmen ku Mang Koko, boh laguna boh gendingna. Tokoh pamaenna diantarana Tajudin Nirwan jadi Si Kabayan, jeung Ening Sekarningsih jadi Ambu Kabayan. Pagelaran munggaran, dina karya gending karesmen anu sacara husus lalaguanana meunang nyanggi, meunang perhatian anu kacida pisan gedena ti para panongton. Keur mah eukeur, judulna "Si Kabayan", kacipta bakal loba heureuyna, boh dina tingkahna atawa dina ucapna.

Bada pertunjukan rengse, nu lalajo ngarasa sugema ku eta pementasan. Loba nu ngahaja datang ngawilujengkeun, boh ka sutradarana anu harita dicepeng ku Mang Yaya Sunarya, ka Kang Wahyu nu nulis naskahna, ka peran Si Kabayan, jeung pamaen sejenna, geus puguh ka Mang Koko mah nu nyusun laguna. Tapi harita oge teu saeutik anu boga pamadegan nu sacara langsung ditepikeun, yen enya ari pertunjukanana mah sukses, tapi dirina ngarasa kaganggu ku ayana dirigen dina gamelan anu dipingpin ku Mang Koko. Gamelan anu tempatna dihandapeun panggung nu nabeuh diuk nyanghareupan partitur, Mang Koko ngadeg di tengah, mingpin nu nabeuh bari sawaktu-waktu mere isarah ka pamaen dina asupna lagu, karasana ngaganggu kana paningal nu nongton jeung ngurangan gereget ekpresi ka pamaenna nu sakuduna lugas tanpa diatur deui. Aya oge nu nyebutkeun, eta pagelaran teh asa teu nyunda, sabab nurutan model ti barat.

Cindekna, masyarakat harita can biasa ningali pintonan gamelan anu make dirigen, sok sanajan garapanana midangkeun lagu-lagu anyar tur paranjang. Mang Koko dipienya dina hal unggulna nyanggi lagu, tapi ari jadi dirigen mah can bisa katarima, ku alesan ngaganggu kana paningal nu lalajo. Dina evaluasi sabada sabaraha poe pagelaran, eta masalah teh ditepikeun, tapi Mang Koko tetep kana pamadeganana, yen fungsi dirigen dina gending karesmen tetep perlu aya, ngan tangtuna diupayakeun supaya teu ngaganggu kana pangingal anu nongton. Upama nangtung teh lebah gending overture-na (sekar gending bubuka) wungkul, sabada eta mah mingpinna bari diuk.

Sababaraha taun ti harita, tugas jadi dirigen teh dipasrahkeun ka kuring, anu dina prak-prakanana saperti kabiasaan Mang Koko. Inget we, dina hiji waktu, gending karesmen teh maen di lapangan terbuka di Padalarang. Dina awal mingpin overture, kareret nu lalajo di beh sisi rada nyalingray, malah disatukangeun kuring mah aya nu sareuri. Nu nabeuh ge teu saeutik nu umat imut-bari nabeuh teh. Bari pakupis leungeun dina ngatur irama lagu, kuring rurat-reret kana baju bisi aya hal nu kurang merenah.

Sigana tukang saron nu paling deukeut tempatna ti kuring surti, mere isarah ku panakolna, supaya kuring ningali ka tukang. Sacara replek kuring nyelang ngalieuk ka tukang bari leugeun mah tetep ngatur irama lagu. Na atuh barang direret teh, aya nu gelo keur nurutan peta kuring dina mingpin gamelan. Bedana teh manehna mah bari cengar-cengir jeung igel igelan. Paingan atuh panongton rada nyalingray jeung sareuri, ari aya dirigen kajajaden mah.

Ti harita lamun kuring jadi dirigen sok tarapti luak-lieuk heula ka tukang, jeung tara nangtung. Cukup diuk dina korsi bae, sieun diturutan deui ku nu gelo.

Taun 1980, kuring dipercaya ku para pangurus Taman Ismail Marzuki pikeun mintonkeun komposisi karawitan gending "Sangkuriang" ciptaan kuring sorangan, di Taipei, Taiwan. Ieu karya ahir taun 1979 kungsi milu tandang dina Festival Komponis Muda Indonesia I di Jakarta. Alhamdulillah meunang perhatian anu hade pisan.

Ari karawitan gending teh nyaeta, hiji komposisi karawitan anu diwangun ku sora tatabeuhan, biasana tanpa vokal. Harita teh di Taipei keur diayakeun festival musik, anu diiluan ku sabaraha nagara. Kuring ngawakilan Indonesia anu datangna ti tatar Sunda. Alhamdulillah pertunjukan meunang perhatian anu kacida pisan alusna. Komposisi karawitan Gending "Sangkuriang" anu lilana 30 menit, sacara daria diregepkeun, kalawan gemet jeung simpe ku anu enya-enya saregep jeung ngadengekeun.

Anu lalajona lain bae masyarakat setempat, tapi oge para komposer jeung musisi ti nagara sejen. Sabada pertunjukan rengse, para panongton narangtung bari keprok anu panjang. Satutas eta loba panongton anu ngahaja datang ka panggung, ningalian alat-alat gamelan jeung waditra sejenna. Aya salah saurang komponis ti Eropah anu ngahaja nepungan kuring.

Kahiji manehna nanyakeun notasi jeung naha teu make dirigen, sakitu komposisina kacida panjangna. Ku kuring dijawab notasi mah aya, ngan teu dipake, sabab geus arapal. Notasi mah alat keur latihan wungkul. Geus bisa jeung apal mah kudu ditalar, matak teu perlu aya dirigen. Manehna gogodeg bari nyebutkeun aneh jeung luar biasa.

Kadua manehna nanyakeun hiji istrumen, alat elektronik naon eta sora bangkong anu aya dina komposisi karawitan gending "Sangkuriang". Ku kuring ditembongkeun, alat tina kaleng susu anu diliangan, terus make benang panjang, diseuseutan ku minyak tanah, waktu benangna ditarik disada kok...kok...kok...

Manehna beuki olohok. Oh...my God. Ahirna manehna nyarita kieu, 'Kuring aneh ka bangsa anjeun. Ongkoh nagara anjeun teh kaasup nagara yang sedang berkembang, tapi kasenianana sakieu majuna jeung sakitu luhur ajenna.' Nuhun, ceuk kuring!

Jero hate ngagerendeng, enya kitu? (*)


Nano S. (Dicutat tina Majalah Mangle)
Dirigen Dirigen Reviewed by Rupa Sundapura on 20.29 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.