Misteri Gedong Sigrong (Bagian 7)

Loba papatah indung anu napel dina ingetan. Kakara karasa geus kolot. Nu nguatkeun mental kuring teh nya cara ngawarah indung harita. Yen dina hirup teh ulah kumeok memeh dipacok. Ulah adigung-adiguna, ulah epes-meer. Sanajan henteu karasa, pangwarah indung kana kahadean teh loba pisan.

Carita Nyambung

Kawas dina hiji mangsa, Neng Shea anak tatangga nu imahna gedong ngayakeun yareh (jarig), nyaeta tepung taun kalahiran. Kuring teu diondang. Kadenge basa nyaranyi happy birthday jeung selamat ulang taun ti enggon teh. Da teu jauh atuh ti gowok kuring ka bumina Neng Shea mah. Ngintip tina jandela anu ukur sagede pelok, barudak anggeusan acara. Kabeh marawa bingkisan, anu dikeretasan harerang. Emh, mun kuring diondang, tada temen bungahna. Heug aranglang ka manggih kueh.

Basa indung datang tas dagang wedak, kuring ngadu.

"Naha nya mani diliwat, pan manehna ge apal, aya Eneng di dieu," cek kuring.

"Ulah suudzon, kalangkung meureun," tembal indung.

"Ah, sombong we eta mah. Nu diondang teh anak nu baleunghar we," cek kuring.

"Istigfar kadinyah. Teu kenging ngutruk kitu. Cek Amah mah kalangkung. Atawa meureun teu apaleun, da Umyang mah amengna jeung barudak kampung wae."

Kuring cicing. Teu apaleun indung mah, barudak kampung teh loba kamonesanana. Kuring bisa maen kaleci jeung ngarti aturan maen bal teh ti maranehna. Jeung leutik-leutik geus barisa neangan duit. Kuring ge sok kabeneran miluan nawarkeun dagangan Soda. Manehna dagang goreng suuk, beunang lanceukna. Cenah sapoe ge beak, ari dagangna dibarengan ku kuring mah.

"Ulah sedih. Amah yakin hiji mangsa Umyang bakal mendak kabungah, ngarasa dihargaan ku batur. Lamun ayeuna ngarasa teu dihargaan, kaupahan ku hiji kajadian anu bakal ngabungahkeun hate. Sing percanten!"

Tepi ka isukna kuring masih keneh gegelendeng jeung dendam. Papatah indung nu sababaraha kali dicaritakeun, basa kuring balik sakola, teu pati dibandungan. Ongkoh kuring kaburu ngadenge di luar recok sora barudak lalaki. Sidik pisan, nu dicaritakeun teh soal maen bal. Kawasna hayang maen bal euweuh lapangna. Biasana kurang jelema atawa euweuh balna. Da sok maen balna di lapang, kagungan Pa Haji. Ari harita cenah lapangan teh dipaculan, da Pa Haji rek ngabangun. Kuring geuwat ka luar. Mani surak maranehna teh basa nenjo kuring ngadeukeutan maranehna.

Aya sabaraha urang babaturan teh. Aya Soda, anak tukang gorengan, Tikung anak pembantu, Sikon anak tukang beca, Mojo anak pemulung, Manur jeung Sapon adi lanceuk. Teu lila jol Gusen, Padon, jeung Durmin langsung ngagabung. Nenjo kuring, bangunna teh aratoheun pisan. Tapi teuing naon anu jadi atohna teh. Pedah eta kitu, kungsi ulin ka sawah, maranehna rek maok bonteng, da aya nu keur panen di sawah teh. Kapanggih ku nu bogana, barudak diudag. Tapi basa nempo kuring, nu boga kebon teh kalah manggut-manggut. Malah menta hampura sagala. Kuring teu ngarti, naha sikep maranehna teh bet kitu.

"Geuning sareng Neng Umyang," cek manehna.

Sanajan teu ngarti, kuring menta hampura pedah babaturan maok bonteng bogana. Ari ayeuna teuing rek naon tah babaturan teh. Basa ditanya, enya jawabanana teh hayang maen bal, lapangna geus diberesan. Jukutna diberesihan da cenah Pa Haji rek ngabangun. Ku kuring dihatean.

"Hayu we lah, urang meng bal. Keun kari kumaha engke."

Bisa jadi kuring teh nyeri hate keneh pedah ku Neng Shea teu diondang kamari. Jadina meupeus keuyang kana maen bal, hayang ngaleyek tanah Pa Haji. Pa Haji salah sahiji jelema beunghar di lembur. Aya rasa keuheul ka nu baleunghar teh, pedah kuring teu diondang, da miskin. Pan sarua jelema, cek hate.

"Eh enya ketang, tadi panggih Pa Haji keur ka kota," cek Soda.

Sapuk geus kitu mah. Terus we barudak nu aya teh dibagi dua. Ku kuring diatur, nu jadi back, kiper, gelandang, striker. Kabeneran aya keneh opat tangkal can dituar. Beulah katuhu jeung beulah kenca dua-dua ayana teh. Terus wae dijieun tihang gul. Minangka rambangna, tangkal teh ditalian ku sesebitan nu kabeneran ngabarak dina wadah runtah. Der wae mimiti maraen bal. Kulantaran kuring jeung Soda pangjangkungna, dijadikeun kiper. Geus papada campuh mah, lat bae poho yen tanah Pa Haji teh kakara meunang meresihan, da rek ngabangun.

"Oper Kung!" cek Manur.

"Udag oblo!" cek Sapon. Ari pek bal teh keuna kana leungeunna.

Sarerea protes, da Sapon neruskeun nyepak.

"Pirikik maneh mah," cek sarerea meh bareng. Maksudna mah licik. Bisa jadi tina kecap freekick, bet jadi dihartikeun licik.

"Teu kahaja, sumpah aing mah," cek Sapon merekedeweng.

"Geus...geus, teu kahaja," cek kuring. "

Kabeh nurut. Maenbal diteruskeun. Keur sakitu campuhna nu papada hayang ngagulkeun, ujug-ujug aya nu ngabedega bari nulak cangkeng.

"Pa Haji," cek Gusen bari beretek lumpat, dituturkeun ku sarerea. Aya nu teu kaburu disendal, atuh ngabarak di tengah lapang.

"Bangkawarah! Taneuh kakara beunag meresihan. Saha nu mirucaan ulin di dieu? Na teu kadeuleu tanah beunang maculan? Dasar barudak teu nyaho dicedo. Dasar anak-anakan!"

Kabeh nyumput satukangeun kuring, kahalangan ku dapuran baluntas nu jaradi di sisi tegalan. Pa Haji ngulang-ngulang iteuk, bari angger cocorowokan.

"Hayoh ka dieu, tembongkeun cucungik maneh!" cek Pa Haji.

"Abdi Pa Haji...!" cek kuring bari norojol ti tukangeun dapuran baluntas.

Aneh, Pa Haji teh kalah terus rengkuh bari imut. Sarerea ngahephep keneh. Kuring terus nyampeurkeun Pa Haji. Pa Haji teh kalah sarangah-serengeh.

"Aeh geuning Enden Umyang. Saha nu ngawitan maen bal di dieu teh. Ningali, Geulis?" Pokna bari rada undur-unduran.

"Hapunten Pa Haji, abdi nu ngajakan mah. Manawi teh sanes kenging enggal maculan. Sawios bade diberesan deui we ku abdi sareng rerencangan."

"Ah teu kedah, Geulis. Sawios. Pa Haji bade miwarang tukang macul we."

"Teu sawios Pa Haji, abdi kedah tanggung jawab," cek kuring.

Bari nyarita kitu teh, kuring ngajakan barudak sangkan ngadeukeutan. Teu nepi ka dua jam, taneuh nu balatak teh beresih deui, da diberesan ku sarerea. Tali nu dipake rambang tihang gul,-jepret jepret dilaanan. Sendal nu patulayah dicokot ku sabogana-sabogana. Taneuh teh beresih deui sabihari.

"Nuhun, Geulis," cek Pa Haji.

"Sakali deui hapunten Pa Haji," cek kuring. Kabeh dititah nyebut hapunten ka Pa Haji. Sanajan rada dijieun-jieun, Pa Haji ge teu burung imut maur.

"Sami-sami. Emh dasar menak, keur geulis teh berbudi deuih."

Basa asup ka gowok, kasampak Amah keur gegelehean. Ku kuring dicaritakeun kajadian bieu teh. Enya aya kabungah nu taya papadana. Kuring asa geus jadi pahlawan nyalametkeun babaturan tina benduna Pa Haji. Kuring ge meunang pamuji ti Pa Haji. Ngan na make disebut menak?

"Ari nu disebat menak teh sanes gelar raden wae, Neng. Tapi nu manahna beresih, hormat ka sasama, berehan, someah, wani tanggung jawab, jeung adatna pikaresepeun," cek Amah, ngajawab pananya kuring. Geuning Neng Shea mah adigung ge angger disebut menak jeung pada ngahormat, cek hate.

Harita teh sakola geus kelas opat. Teu nyangka yen maen bal harita teh minangka ulin pamungkas di lembur. Da Amah ngageroan, basa kuring rek ka cai.

"Neng, minggu payun mah urang teh ngalih ka kota," cek indung.

"Naha ka saha?" cek kuring.

"Tanteu Angrumi ngalih ka dieu, ngajakan linggih di ditu."

"Ka kota? Bumina kumaha?"

"Nya gedong atuh. Urang dipaparin kamar di tengah. Neng Umyang ge bakal ngalih sakolana. Kedah sasadiaan ti ayeuna we," cek indung deui.

Rada ngahuleng. Bet ras basa mimiti asup SR. Harita keur mahabu kasakit cacar air. Atuh kabeh murid kudu dikuris, mangrupa garis dua dina puhu leungeun. Kuring kabagian pluh kadua. Geus peren nunda sabak jeung gerip dina meja, sakelas kaluar, terus baris. Rupa rupa kaayaan murid teh. Inget keneh aya nu gogoakan ceurik, aya nu direjengan. Ari kuring mah teusingna. Malah jarum kuris ge ditempo kalawan wani. Atuh pada muji ku sarerea. Beres dikuris, dibagi susu jeung kueh hoho. Dua poe teu meunang mandi.

Ari ayeuna, saminggu deui, sakola nu opat taun didiukan teh rek ditinggalkeun. Sanajan teu loba, tapi aya sobat nu balageur. Meureun Cawita, Arseni, Talyna bakal papisah. Tada teuing waasna. Engke saha nu bakal jadi babaturan teh. Tangtu sagala-galana ge bakal beda.

Kakara reres salat Asar, kadenge aya nu keketrok kana panto pager. Indung ngorejat, tapi terus ka luar sabada nembalan nu pupuntenan. Kuring noong tina jandela. Reuwas, da nu datang teh Mamihna Neng Shea. Rek naon jig-jig ka gowok?

"Aduuuh aya naon Enden rurumpaheun?" cek indung.

"Laah Tanteu, ulah kirang ngahapunten. Abdi teh kalangkung, Neng Umyang henteu kaulem dinten kamari basa ulang taun pun anak, Shea," cenah, sidik.

Kuring hareugeueun. Mani sopan naker geuning Mamihna Shea teh. Boro disebut adigung, teusingna geuning. Paingan cek indung ulah sok suudzon. Teu pati kabandungan obrolan saterusna mah, da teu lila indung asup deui ka gowok, bari ngajingjing bungkusan. Cenah eta teh aya keneh dua deui, bingkisan ulang taun keur nu daratang. Basa dibuka, sarupaning kueh jeung volemelk, coklat, rada panjang ti nu biasa.

Ras ka Manur jeung Sapon. Cenah can ngajaran ngadahar coklat. Bari rek bebeja yen minggu hareup kuring rek pindah, geuwat muru ka imahna. Mani peureum beunta eta adi lanceuk teh basa ku kuring dibere coklat sasemplek sewang.

Maranehna ngaharuleng basa ngadenge kuring rek pindah. Kalah terus ngageroan babaturan nu sejen. Nu harita aya teh Soda, Tikung, jeung Sikom. Sarua maranehna ge bangun sarediheun. Pajar teh atuh euweuh nu geulisna babaturan teh cenah. Tapi Tikung jeung Sikom mah make ngajakan heula perpisahan cenah.

Isukan kuring diajakan ku Sikom nempo ka peternakan domba nu dunungan bapana, da bapana teh digawe di dinya, purah ngurusanan domba. Ari Tikung ngajakan nempo ka kebon jeruk Pa Haji, da isukan deuih cenah panen. Bapana digawe jadi tukang kebon di dinya. Sok dibagi jeruk lamun milu nenjo nu panen teh. Kuring giak pisan. Poe harita jangjian isukna rek tepung di imah kuring, muru kebon jeruk jeung peternakan domba tea.

Meh sapeupeuting kuring gulinggasahan. Kaingetan terus ka Mamihna Neng Shea. Terus ngalamun hayang geura nenjo peternakan domba jeung kebon jeruk tea, da tangtu geus di kota mah moal aya nu kitu. Cek indung ge paling nu loba teh mobil jeung beca. Aya hoream incah ti lembur teh. Tapi aya rada hayang deuih ngajaran hirup di kota. Kawas kumaha? (*)

Sambungan ti Bagian 6 Nyambung ka Bagian 8

Aam Amilia
Misteri Gedong Sigrong (Bagian 7) Misteri Gedong Sigrong (Bagian 7) Reviewed by Rupa Sundapura on 19.54 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.