Budak Ngadu'a

Barakatak

Geus aya meureun kana sabulanna, Si Udin anak cikal Bah Renggo nu kakara umur dalapan taun, unggal jam dua welas peuting nyaring, malah sok parat nepi ka Subuh. Dina nyaringna teh menekung bari kunyam-kunyem.

Kalakuan anakna saperti kitu teh pikeun Bah Renggo ngarasa atoh, tapi gegedena mah hariwang, "Boa-boa anak aing keuna ku pangheureuy deungeun," ceuk gerentes hatenana. Kusabab bisi matak picilakeuan, Bah Renggo geuwat nalungtik anakna.

Bah Renggo: "Sujang! Kunaon bet sasarianeun loba hudang peuting? Mun aya kahayang geuwat tepikeun ka Abah ayeuna."
Udin: "Hih ari Abah, pan ceuk Pa Ustad oge mun aya kasusah kudu remen ngadu'a!"
Bah Renggo: "Hayang naon maneh teh, bet mani bebeakean."
Udin: "Hayang ibu kota Jawa Barat pindah ka Garut."
Bah Renggo : "Lahuta pisan siah kahayang teh! Na naon nu jadi sababna?"
Udin: "Eta Abah, waktos ngalebetan soal ulangan, soalna teh, kota naon ibu kotana Jawa Barat? Ujang ngawaler Garut, tah ku kituna Ujang ngado'a sangkan ibu kota Jawa Barat ngalih ka Garut."
Bah Renggo: "Kasebelan siah!" (*)

Budak Ngadu'a Budak Ngadu'a Reviewed by Rupa Sundapura on 18.18 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.