Misteri Gedong Sigrong (Bagian 6)
Saluyu jeung kahayang Umyang, wawancara teh dijadikeunana unggal poe. Alesanana mah angger, ngarah teu poho. Kalawan jangjina Cekas unggal poe dijajap papag ku supir Umyang. Menta waktuna mah ukur sajam. Tapi dina seuseuhanana mah tepi ka dua jamna. Lumayan keur Cekas, da jero sapuluh poe ge geus kakobet gurat badag kahirupan Umyang teh. Cekas ngan menta waktu tilu poe pikeun nyusun bab hiji, ngeunaan mangsa Umyang keur budak.
Memehna Cekas kudu loba maca sejarah kaayaan nagara dina taun limapuluh jeung genepuluhan. Lantaran Umyang keur budak, hirupna dina mangsa harita pisan. Tangtuna ge keur ilustrasi jeung ngahirupkeun carita. Lantaran Umyang loba poho kana kajadian manehna keur budak. Kapaksa Cekas kudu neangan sorangan kajadian nu otentik mangsa harita.
Tapi basa dipapaykeun ka Umyang, manehna satuju pisan. Enya cenah kitu pisan kajadianana. Nu matak kacida gede hatena Cekas basa geus ngangsitkeun bab hiji, tur buru buru dibikeun ka Umyang. Ti dinya manehna tilu poe moal ka imah Umyang. Maksudna mah hayang reureuh. Tapi ka Umyang mah alesanana ngarah manehna jongjon maca bab hiji, ngeunaan kahirupanana mangsa budak.
Estu taya pacogregan dina nyanghareupan tulisan anu dijieun ku Cekas. Dina WA na, Umyang nyebutkeun nepi ka ceurik cenah macana. Padahal eta teh dongeng kahirupanana mangsa manehna keur budak. Bet rus-ras ka nu geus teu aya cenah. Keur Cekas mah lain barang anyar meunang pamuji kitu teh. Tapi harita mah make asa boga jasa anu kacida gedena. Jasa ngabungahkeun hate wanoja nu keur pinuh ku kapeurih dituding nu lain-lain. Malah Umyang terus nelepon ka Cekas, cenah iraha ka bumi deui? Karunya, cek hatena. Bet kakara ge nyarita rek pamit tilu poe moal ka dinya. Pasti hayang geura neruskeun dongengna.
-=oOo=-
Bab Hiji
Lembur Matuh (1953-1961)
Panonpoe geus rek lingsir ngulon. Iuh-iuh linduk di kaum. Kuring jeung batur-batur papada budak awewe saumuran geus mimiti rajeg, nungguan nu bubaran pangajian ibu-ibu. Geus biasa, lamun bubar teh ibu-ibu pangaosan sok muruhan ka barudak yatim. Minangka nganuhunkeun dipangmeresankeun sendal jeung kelom di hareupeun lawang masjid. Kuring ge sarua nangtung di lebah jajaran babaturan kabeh. Burudul ibu-ibu teh kalaluar. Sorana rada seah, da bari ngarobrol, ngajugjug tempat sendal. Teu kudu hese neangan, da geus ngaberes titihan teh, henteu pasolengkrah cara samemehna.
"Alah mani geulis kieu. Saha Eneng teh?" cek hiji ibu, bari noel gado. Kuring nyebut ngaran. Bet narurutan ibu-ibu nu sejen ge nyarawel gado. Suk-sok marere duit, ngeupeulan, bari nganuhunkeun dipangmeresankeun sendal. Tapi ka kuring mah beda. Lolobana terus neuteup bangun resep. Malah nu nyawel gado mah lain saurang-dua urang. Teu wudu beubeunangan teh loba pisan. Da sakitu kabeh geus kapapay kabere ge, ka kuring mah loba nu mindoan mere.
Basa katenjo indung kuring ka luar ti masjid, buru buru lumpat nyampeurkeun.
"Amah, Eneng kenging artos seueur," cek kuring bungah.
"Ti saha?"
"Ti ibu-ibu pangaosan."
"Naha make masihan artos ka Eneng?"
"Apan sok meresan sendal sareng kelom, sadayana ge budak yatim mah dipasihan," cek kuring mertelakeun.
Harita mah henteu nanaon indung teh. Tapi basa geus meuntas ka tegalan alun-alun, anjeunna ngarandeg. Kuring ditungtun dibawa diuk dina korsi panjang nu aya di eta tegalan. Duit teh kabeh dipenta, kalawan alon.
"Umyang mah teu kenging nampi artos kitu. Da sanes budak yatim."
"Apan Amah ngan urang duaan di bumi. Ari bapa Eneng mana?"
"Engke nya di bumi urang ngadongeng."
Jetetet kuring ambek. Belenyeng lumpat. Indung ngudag bari nyoba nyekelan leungeun kuring. Tapi basa nempo tukang gambar toong, kuring ngarandeg. Indung teh kawasna asa manggih akal. Kuring ditawaran bisi rek nenjo gambar toong. Poho keur ambek, kabita ku gambar toong, kuring ngarandeg.
"Bade ningali gambar toong?" cek indung. Kuring unggeuk, bari kitu teh terus nyampeurkeun tukang gambar toong. Geus aya tiluan nu nagog dina bangku pendek teh. Aya sakuringeun deui. Gek kuring ge diuk dina bangku nu kosong tea. Sok indung kuring mayar ka Si Emang.
"Tiongkok perang jeung yapan, nu bongkok kakarayapan," cek Si Emang ngaleu bari nyadakeun akordeon.
"Engk...angk...ingk...ongk...," cenah kitu kadengena ku kuring mah.
Gubrag gambar karajaan Tiongkok dina gambar toong teh, terus aya gambar peperangan jeung Jepang. Tukang gambar toong terus ngaleu, bari teu eureun nyadakeun akordeon. Tutas lalajo gambar toong mah hate rada lipur. Komo terus ku indung teh dibebenjokeun kana jajan gulali jeung soldah, inuman nu ngabudah tapi amis. Tapi basa tepi ka imah, jangji indung ngadongeng ditagih deui. Kuring nanyakeun naha lamun enya lain budak yatim bet taya nu jadi bapa di imah teh. Anjeunna kalah ka imut maur. Antara sedih jeung paur bangunna teh nenjo ka kuring. Karasa usap deudeuhna kana buuk nu keur diusapan.
"Engke we nya mun geus ageung ku Amah diwartoskeun!"
"Ai ayeuna kunaon?"
"Neng Umyang teh alit keneh, moal ngartos didongengkeun ge."
Ukur sakitu caritaan indung teh. Da terus kuring ditanya sugan aya budak yatim di wewengkon ieu. Ras ka Manur, anak tukang tahu. Cenah bapana geus lila ninggalkeun. Basa dicaritakeun ka Amah, anjeunna nitah kuring mikeun duit beubeunangan tadi ka indungna Manur. Harita keneh ku kuring dibikeun, da imahna teh teu jauh ti imah kuring. Sanajan teu loba, katenjona teh indungna Manur bungaheun pisan. Aneh kuring ge bet milu bungah.
"Alhamdulillah tos dugi ka nu hakna," cek indung kuring.
Ti harita kuring tara miluan deui meresan sendal lamun pareng diajakan ka Kaum. Lantaran keur naon, da cek indung teu meunang, lain hakna. Tapi caritaan indung angger napel dina ingetan. Jadi lamun lain budak yatim, hartina bapa kuring teh hirup keneh. Tapi di mana? Unggal ditagih dongeng bapa kuring di mana, sok dibebenjokeun ku dongeng sejen. Unggal peuting memeh sare, kuring dipangdongengkeun, nepi ka reup sare. Dongeng nu geus apal teh seniwiceu atawa Snow White, nyaeta Putri Salju, Graaf de Monte Cristo, Remi atawa Nunggul Pinang, Si Tjongtjorang atawa Pinokio, Hansel en Greetel, Jack and The Beanstalk. Jeung rea rea deui.
Tapi nu pangresepna mah dongeng Si Remi, da sok menta didongengkeun deui sababaraha kali. Make sok terus ngalamun, mun kuring teh siga Remi, hirup balangsak jeung bapana, teu nyangka yen sabenerna manehna teh anak nu beunghar. Kaduana nu resep teh dongeng Monte Cristo. Eta ge sok terus lalamunan. Mun manggih duit loba, terus meuli gedong, meuli mobil, meuli baju aralus. Resep meureun mun jadi nu beunghar. Sok terus nanya ka indung, ari hayang beunghar kudu kumaha? Cek indung, nyuhunkeun ka Gusti Allah.
Atuda lain ge disebut imah nu dicicingan ku kuring jeung Amah teh. Kamar leutik ukuran tilu ka opat meter meureunan. Ukur dieusian dipan tina kai urut, najan kasurna mah alus jeung hipu. Minangka pangaboga teh ukur piring tilu siki, rantang sasusun, keler dua, termos, jeung parabot dapur. Di luar nu disebut dapur teh ukur hawu, di gigireun tumpukan suluh. Aya katel hiji, panci, jeung langseng paragi nyangu. Beunang diitung ku ramo atuda nyangu ge, da meh unggal poe Amah sok meuli sangu bungkus jeung rencangna.
Sanajan hirup walurat, ari kana dahareun mah indung teh merlukeun pisan. Kabeuki kuring peuteuy jeung gepuk, da teu meunang dahar lauk asin mah. Pajar teh cenah bisi nyelap cucukna. Tepi ka kolot ge, nu teu beuki teh lauk asin jeung tarasi, da ti bubudak geus disingsieunan ku indung, yen mun dahar lauk asin atawa sambel tarasi teh bisi anu...anu...anu. Ukur gepuk we jeung peuteuy kabeuki teh. Ari indung hirupna teh tina dagang wedak. Cenah eta wedak teh damelan sobatna, estu loba nu langganan, da hade pisan hasilna.
Kuring kungsi dibawa nganjang ka sobatna tea. Teu jauh kaayaanana ti indung. Ngan pedah boga imah nu rada pantes, sanajan teu kaasup gedong. Teu kaasup beunghar, tapi miskin siga kuring ge henteu. Estu cukup we. Anjeunna ge sarua hirup nyorangan. Ngan teu kaharti, ongkoh jelema miskin indung teh, tapi sok loba nu nyebut juragan. Apan juragan mah sesebutan keur turunan menak jeung nu baleunghar. Ari indung? Imah gowok, taya kaboga, make sok aya nu nyebut juragan? Beuki loba tatarucingan ngeunaan indung teh.
Inget-inget poho, basa kuring dibawa nganjang ka hiji imah, nya gede nya lega. Mani giak nu boga imah teh ngabageakeun indung. Malah kuring ge diciuman ku nu boga imah teh. Rada era pada nyarebut geulis ku nu araya di dinya teh. Sarua di dieu ge nyarebut indung teh enden. Malah lanjangna mah mani dodongkoan. Na saha atuh indung teh. Moal kitu kawas dongeng Remi? Saenyana indung teh urut nu beunghar, terus miskin? Tapi keun bae sugan engke mah bakal betus indung teh, saha saenyana, cek hate kuring.
Keur jongjon ngarobrol, aya jajaka ngajak seuri. Terus ngagupayan, bari nembongkeun apel. Sugan teh rek mere apel, kuring nyampeurkeun. Tapi basa geus kacekel apelna, manehna nitah diuk di gigireun. Kuring sieun. Terus lumpat ngajauhan. Na atuh manehna teh ngudag. Pikiran budak harita, eta lalaki teh rek ngokos da bari nyebut geulis, nyebut geregeteun. Kuring beuki sieun. Berebet lumpat sakalumpat-lampet. Padahal ngudagna ge da teu enyaan. Heureuy meureun maksudna mah. Kuring nyumput ka tukangeun pot jangkung. Manehna leungiteun, terus lenga-lengo. Kuring beuki dongko.
"Neng Umyang, Neng Umyang, enggal uih deui!" pokna.
Katara manehna leungiteun. Kuring lumpat ka gigireun eta imah gede. Kabeneran aya panto molongo. Ti jero kadenge nu keur nyaranyi. Sup we kuring ka jero. Aya bangku kosong di tukang teh. Horeng eta teh Sakola Taman Kanak-kanak.
Ibu guru jongjon ngajar nyanyi. Barudak jongjon nurutan. Inget pisan laguna teh.
Dalam kota banyak toko...ooo
Di toko banyak boneka...aaa
Tukang toko sedang pergi
Boneka menari-ari
Menari begini, menari begini
Menari beginiii...
Cek Bu Guru bari ngoyagkeun dua leungeunna ka kenca ka katuhu. Beunang dua-tilu balikan lagu teh diajarkeun. Kuring mah geus apal dua kali ge. Basa Ibu guru nanya saha nu wani nyalira nyanyi ka payun, kuring ngacung.
Antara bangun heran jeung reuwas, Ibu Guru nitah kuring ka hareup. Gorolang wae nyanyi kawas nu diajarkeun ku Ibu Guru, kaasup ngibingna. Sarerea keprok tutas kuring nyanyi. Tapi geus kitu Ibu Guru nyampeurkeun, dongko bari nyekel taktak kuring. Imutna mani someah naker. Kuring dicawel gado.
"Geulis, saha Eneng teh?"
"Umyang," tembal kuring.
"Putra saha Neng Umyang teh?"
"Putra Amah," cek kuring.
Kuring dititah diuk deui dina bangku. Ibu Guru terus ka luar. Kadenge mapaykeun naha aya murid anyar. Can kabejaan manehna mah. Teu lila kadenge sora Amah, ngajorowok. Dibarengan ku nu boga imah jeung nu ngudag kuring.
"Aduh hapunten!" cek Amah ka Ibu Guru.
Kuring diajak balik, tapi mugen hayang terus sakola. Cek nu boga imah, sawios sina teras wae sakola. Horeng nu imahna gede teh nu boga eta sakola. Kuring terus sakola di dinya tepi ka lulus TK. Kakara pindah ka Sakola Rakyat (SR).
"Kapi incu eta teh Bu Guru," cek nu boga imah.
Harita mah teu kapikir da budak keneh. Ngan basa geus kelas tilu di SR kakara kapikir, kunaon nu baleunghar teh ngakuna baraya ka indung teh. Saha atuh indung kuring teh. Saha atuh kuring teh? (*)
Sambungan ti Bagian 5 | Nyambung ka Bagian 7 |
Aam Amilia