Turus Pangharepan

Kalawan imeut, Mang Jamal nancebkeun tuturus dina tiap galengan anu garing sarta taneuhna geus subur. Sakapeung leungeunna hideng nyabutan jukut anu teu weleh ngajijimbrung dina galengan. Kesang nu ngagarajag dina tarang teu diwaro, ngeclak mapay pipi, gado, murag muru lemah. Kacape nu nyangsaya dina waruga teu ditolih demi maheutkeun tuturus jeung hatena nu salila ieu ngemu rusiah. Rusiah ngeunaan kahirupan salaku patani nu mingkin gudawang mikiran hirup jeung kahirupan. Hiji-hiji tuturus ditancebkeun make hate jeung cinta enggoning nedunan kahayangna. Hayang ngaronjatkeun kahirupan. Malah mandar bisa hirup waluya siga nu lain. Siga Mang Udin nu poe kamari langsung bisa meuli motor Mio tina ladang malawija tomat, atawa hayang siga Aki Juhri anu minggu kamari bisa menerkeun imahna nu geus doyong tina melak cabe. Nya pigur siga maranehna nu geus nguatkeun hate Mang Jamal pikeun pindah pileumpangan, mengpar tina jalan anu salila ieu disorang. Enya hayang jadi jelema anu sarwa tinekanan dina kahirupan.

Carita Pondok

Dina hate pangleutikna kacida hayangna manehna ningali Bi Eha pamajikanna ginding ku pake gandang ku pakaya. Tah hal eta pisa anu antukna ngarobah paniatan manehna salilla ieu.

"Geus atuh Bapa, tong melak wae pare, sakali-kali melak palawija geura, susuganan atuh kahirupan urang bisa menyat," sora Bi Eha nongtoreng keneh dina ceulina.

"Ah tadina mah hoream miarana, pan ari melak pare mah teu meakeun tanaga jeung biaya nu gede. Beda jeung malawija," omong Mang Jamal.

"Nya kuring ge ngarti, tapi pan melak palawija mah tereh beunghar. Teu burung kagantian lah kacapena ge," tembal Bi Eha teu beak omong.

Demi nedunan kahayang pamajikanana, Mang Jamal ridho uculan. Uculan tanaga, duit, jeung waktu. Tapi teu saeutik oge Mang Jamal nyalahkeun pamajikanana. Da salahna sorangan salila ieu teu bisa nyenangkeun nu jadi anak pamajikan.

Kuniatan siga kitu, Mang Jamal nyieun kacindekeun jeung putusan dina hatena, rek melak tatanen anu lain siga biasana. Kacang panjang geus jadi pilihan hatena. Salila ieu Mang Jamal ngan saukur melak pare. Enya karasa ku manehna tina ladang pare hirupna bisa nagen, bisa ajeg dina kahirupan. Tina ladang pare saeutik-saeutik manehna bisa nyeboran kaasih ka pamajikan nu dipicinta sanajan can leuwih siga nu lain. Tina ladang melak pare nu dipupuk ku kapeurih jeung peurah kahirupan, Mang Jamal bisa nyakolakeun Darman, anak nu panggedena, nepi ka bisa jadi jelema di kota. Suku dijieun hulu, hulu dijieun suku teh lain bobohongan sangkan anakna bisa nagen dina tatapak anu waluya.

Kahayang Mang Jamal waktu harita, susuganan bisa ngajadikeun Darman jelema, manehna bisa nungtun adi-adina anu dua, anu masih keneh butuh biaya. Tapi teu kitu ning hate jelema. Reres sakola jeung nyekel gawe, Darman langsung rimbitan. Milik gede keur manehna bisa nyandingkeun awewe kota nu cenah jelema jegud. Cenah. Enya cenah. Da nepi ka kiwari ge berkah Mang Jamal can pernah nincak imah minantu jeung besanna. Tepung ngan saukur dua kali. Hiji keur ngawinkeun di hiji gedung, kadua basa ningali incu di rumah sakit. Ti dinya mah pleng...hoream panggih ge. Nepungan maranehna ngan saukur nambah gudawang nu rohaka dina jeroeun dadana. Kaayaan manehna ti kampung bau lisung ngan saukur nambah ruruhit keur besan katut minantuna. Inget keneh waktu harita, hate kacida bagja waktu ngadenge anakna boga budak. Incu munggaran Mang Jamal. Ti imah dagdag-degdeg jeung pamajikan. Sagala dibekel keur bawaeun ka kota. Melaan ngeclok duit ka tatanggana demi nyenangkeun jeung nyambat incu sorangan, incu munggaran.

Sagala dadaunan anu ngarangsang keur kaluarna cai nyusu dibawa. Daun katuk mawa sabebed. Sasayuran anu aya di tempatna sagala dibawa. Bayem, kangkung, jeung nu lianna, ngahaja dibawa, ngarah minantu bisa nyusuan anu jadi incuna.

"Papi, simpen di luar tuh, nanti anak kita kena virus desa," minantu ngadilak kana barang bawaan Mang Jamal nu diteundeun di luhur kasur tempatna.

Deg. Kana hate aya nu neunggeul karasa pisan nyanyautan. Mang Jamal ngareret ka pamajikanana nu sigana sarua neundeun katugenah siga manehna. Kahayang mah nyium, mangku ka incu nu ngagebra, tapi sigana besan nu aya di dinya teu ngidinan. Enya virus ti lembur sieun nerekab ka maranehna urang kota. Mang Jamal surti, besan katut minantuna teu hayang kaanjangan ku dirina. Sanajan teu togmol ku omongan, tapi Mang Jamal ngarasa waktu harita besan mangku sarta mawa incuna kaluar ti kamar.

"Ehm, Dede cantik di luar dulu yah sayang, supaya tidak pengap. Di kamar banyak orang. Cup...cup...," cenah atra dina ceuli.

Nu tadina hayang lila, malah rek ngemitan orok sapoe mah, teu jadi. Padahal Mang Jamal geus angkaribung mawa pangadeg teuing sababaraha setel, kitu deui pamajikanana. Sasat sasabaraha peuting maranehna kurang sare balas ngabadamikeun pakean nu rek dibawa sarta ngawangkong lampah anyar mapag nu jadi incu.

"Kulem we atuh di dieu, Pak!" Darman ngahulag waktu bebeja rek balik.

"Ah, keun we di ditu loba keneh pacabakan," tembal Mang Jamal tamba heunteu ngomong.

"Ke atuh urang jajap ka terminal."

"Papi, gendong dulu nih Dedenya!" gerewek minantu ti jero kamar.

Sakedapan Mang Jamal papelong-pelong. Ngarti. Enyaan ngarti pisan Mang Jamal.

"Jig we atuh karunya, Bapak mah bisa sorangan," tembalna bari leos ningalkeun Darman. Leumpang ngagedig teu nolih deui ka tukang.

"Kunaon Bapana, ditingali tatadi teh ngan ngahuleng kitu?" Teu kanyahoan Bi Eha pamajikanna geus aya di gigireun, ngelek boboko. Leungeun katuhuna mawa teko. Cag boboko diteundeun dina galengan. Sangu jeung deungeun sangu sapuratina anu aya dina boboko dikaluarkeun. Ngajajar. Sangu ngebul, beuleum peda beureum, kurupuk malarat, jeung sambel goang ngajagrag. Seungit meleber.

"Mana coel sambelna?" Mang Jamal culang-cileung neangan batur sambel.

"Ah, eta we ngarampid sorangan dina tangkal. Tah tomat hejo nikmat geura," Bi Eha nunjuk kana tomat ngora nu meuhpeuy dina tangkal, gigireun pisan Mang Jamal.

"Aeh enya nya, ning tanginas geus nganteuran?" Mang Jamal kokocok leungeunna kana cai nu aya dina sela-sela galengan.

"Lah meh nyalse, barina ge itu Pa RT teu ngarareunah, hayang dipangmeuseulkeun."

"Nya alus atuh aya gawe, malaur di imah ngahuleng wae," ceuk Mang Jamal bari metik tomat nu aya deukeut manehna, laju dikumbah, dicoelkeun kana sambel goang, am diwewelkeun.

"Hayu atuh bareng sasarapna! Eh lain ngahuleng kitu," Mang Jamal mencrong kanu jadi pamajikan.

"Nyeta geus sabaraha poe, inget wae kanu jadi incu," Bi Eha nembal halon. Dina juru panon katingali aya nu nyalangkrung. Nahan cipanon nu rek bedah balas nahan rasa kakangen kanu jadi incu.

"Ah geus tong dipikiran, da aya indung bapakna nu sarenang," Mang Jamal miceun semu tinu jadi pamajikan. Kolebat dina beungeut nembongan incuna.

"Geus bisa kumaha nya, eta budak?" Teu karasa biwirna engab ngagerendeng. Hate nyawang kanu jadi incu nu sarua dipikameumeut.

"Tuh, bisa we ka batur, ning di dinya ge sarua inget nya," Bi Eha seuri leutik. "Iraha kacang panjang teh bisa dipanen nya? Susuganan bisa ka kota nempo incu."

"Tilu bulanan ge bisa dipanen sigana mah, ngan kitu we unggal poe kudu dititenan da melak palawija mah beda jeung pare nu bisa diculkeun."

"Enya lah ke mun nyalse dibantuan," Bi Eha nembal bari nyokot sangu tina boboko. Am duanana dalahar balakecrakan. Panonna neuteup ka tiap tuturus jeung nu lainna kalawan imeut. Tiap jeungkal taneuh teu aya nu kaliwat tina teuteupna. Hatena dipinuhan ku pangharepan anu kacida gede. Susuganan tina ladang kacang pancang bisa nedunan kahayang maranehna. Tuturus munggaran anu neundeun pangharepan anu kacida dianti ku maranehna.

Tara aya waktu anu kaliwat pikeun Mang Jamal ngaroris tatangkalan anu keur meujeuhna. Teu sirikna unggal isuk, beurang, jeung sore, waktuna dibeakkeun di kebon, dina tangkal kacang panjang. Keur ngareureuhkeun awakna sanggeus beres barang gawe, Mang Jamal nyieun saung. Teu gede, ngan sadeupaeun manehna, tapi kacida ngabantu pikeun nyingkahan rereged katut kacape satutas baranggawe. Komo pan ayeuna mah Mang Jamal melak palawija, anu saeutikna meakeun waktu jeung tanagana. Beda keur jaman manehna melak pare, ceuk paribasana bisa diculkeun.

Loba wae pagawean anu kudu dituntaskeun sangkan kacang panjangna alus tur meunang harga anu mundel. Ti mimiti nyieun galengan leutik atawa bedeng anu kudu make kasabaran kacida, maklum lahan anu dipake teh urut sawah, atuh dina nyieun galengan teh kudu alus pisan. Ditungguan nepi ka garing bener tur taneuhna alus sarta merenah pikeun bibit kacang panjang. Tina tiap galengan katingali susukan leutik anu dijieun ku hate jeung harepan manehna pikeun hirupna. Ngahaja dijieun pikeun nyeboran kacang panjang. Teu poho waktu nyieun bedeng teh manehna ngawurkeun gemuk domba jeung kompos meunang ngahaja nyieun. Ayeuna mah ditambahan sangkan hasilna mucekil make gemuk anu dibeuli ti desa. Ngaranna pupuk organik super cenah. Teuing gemuk nanahaon, ngan sakadar ngajalankeun amanat ti desa wae sangkan hasil tatanen alus. Bari jeung kudu dibeli ge nya kapaksa wae tinimbang hasil panen gagal.

Reres ngageulisan bedeng tur merenah, terus nyieun liang leutik anu dieusian bibit kacang panjang hiji atawa dua tiap liangna. Geten jeung tulaten pisan, bisi aya nu kaliwat. Ti barang muncunghul nepi ka kacang jarucul jarangkung sarta ngarambat kana tiap tuturus nu ditancebkeun, teu kaliwat tina panitenna.

Teu poho tiap waktu, tiap liang diilikan bisi aya nu teu jadi atawa paeh. Tah kanu hal siga kieu Mang Jamal buru-buru melakeun deui binih anyar, sangkan tiap liang tetep ngahasilkeun kacang panjang anu alus.

Ayeuna kacang keur meujeuhna sumedeng ligar, Mang Jamal beuki bumetah dina saung paniisan. Sakapeung dudukuy semplakna hideng ngipasan awakna nu buliglag bakat ku hareudang. Ehm, dua poe ge sigana geus panen. Sigana nu ieu mah meunang harga, da ningali kana kacang panjang bogana beda pisan jeung nu Mang Uko anu laleutik rada koneng sarta pondok. Mang Jamal ngagerendeng, agul sorangan.

-=oOo=-

"Iraha cenah Bandar Uje datang, tuh padaringan di goah meni geus ngelentrung euweuh eusian," Bi Eha ngagorowok ti tepas imah.

"Nya ke urang ka leuit heula," sora Mang Jamal teu eleh tarik.

"Pan leuit ge kosong!"

Mang jamal tunga-tengo kana leuit. Leuh enya we, geuning geus kosong. Itu deui gentong di goah geus suwung euweuh eusian. Ah keun we. Ke deui pabeubeurang Bandar Uje sigana datang, mikeun hasil kacang panjang. Sigana mucekil hasilna. Jaba loba aya kana sakintalna, kaduana kacang panjangna paranjang, baleuneur sedeng, jeung warnana hejo semu herang, keur meujeuhna nikmat didaharna.

"Mang, yeuh hasil kacang teh ngan meunang sakieu," Bandar Uje nolol tina golodog imahna.

"Maenya sakieu?" Mang Jamal nampanan duit. "Kela bisi salah ngitung, pan kamari teh sakintal?"

"Enya sok we itung, dua ratus dikalikeun sakintal sabaraha? Bener pan duapuluh rebu?"

"Baruk dua ratus perak?"

"Puguh keur ceuyah kacang panjang teh, dimamana ngahunyud. Sakitu ge sukur dibayar, da nu Mang Jamal mah diheulakeun. Komo nu batur mah teu kajual da nambru teuing di lapakna," Bandar Uje nerangkeun kaayaan patani ayeuna.

"Nya nuhun atuh," Mang Jamal ngawalon antare, nahan rasa nu ngagalura dina jeroeun dada. Ret ka pamajikanana anu tatadi ngabandungan ketak Bandar Uje, ret kana duit nu digigiwing ku manehna.

"Tah beubeunangan panen kamari, jig beulikeun beas samahina weh!" Duit nu salambar dibikeun ka pamajikanana. Leos we Mang Jamal ka pangkeng. Teu hayang ningali kumaha pasemon pamajikanana. Da geus kajudi pisakumahaeun sedih jeung nalangsana nu jadi pamajikan nampa ladang panen kamari.

Dua puluh rebu dina jaman kiwari. Beu...beu...jauh tanah kalangit. Sanajan keur ngala kacang panjang teu ngaburuhkeun ka batur, tapi pan tanaga manehna meh laas ngabelaan kacang panjang. Teu kaitung modal nu geus dikaluarkeun ku Mang Jamal sangkan hasil tanenan sugih. Gemuk, binih, tuturus, pan eta kabeh kudu ku duit. Nyaho kieu mah mendingan angger we teu ingkah balilahan melak pare. Nya kitu abong jelema hayang meunang nu leuwih, antukna kieu geuningan. Leuit kosong. Nu puguh mah hutang we beuki baranahan keur ngamodalan kacang panjang, sakitu teu ngaburuhkeun ka batur. Sagala dilakonan ku sorangan jeung pamajikanana. Sakapeung dibantuan ku nu jadi anakna nu aya di lembur. Tapi kieu geuning hasilna. Duh aya kieu milik diri, Mang Jamal ngagerendeng.

-=oOo=-

Ti saprak Mang Jamal nampa hasil panen ti Bandar Uje, ayeuna mah lunta-lanto ka kebon, sumawona miara ngariksa, geus teu dilakonan. Ngan hiji nu angger dilakonan, ngadaweung di hareupeun imah. Nilik-nilik kana tuturus anu naranceb, sarta merhatikeun ngarambatna kacang panjang anu ngagebay pikabitaeun. Runggunukna estu nambah waas jeung kangen ka mangsa nu larung. Mangsa leutik dimana manehna jeung Bapana baheula kaasup jalma sugih mukti. Sugih tina ladang tatanen diantarana kacang panjang. Ningali tuturus anu katingali atra ti hareupeun imahna bisa saeutik-saeutik ngubaran hate. Ringkelna kacang panjang, morontodna tangkal meh jucung, lumayan bisa nyeuihkeun bangbaluh hatena. Hejo ngemploh rambatna kacang ngumbarkeun paninenungan Mang Jamal waktu keur ngariksa miara eta tangkal.

Awak Mang Jamal anu nyangsaya dina korsi butut teu sirikna ngagurubug, tibuburanjat hudang, waktu kadenge atra aya sora mobil eureun hareupeun imahna. Panonna teu sirik dibelel-belel, dibolototkeun hayang awas ka nu ngabagug. Tetela aya mobil weuteuh, eureun hareupeun imahna. Leuh mobil saha nya? Saumur nyunyuhun hulu karek ayeuna aya mobil alus ngalanto ka lemburna, komo ieu eureun pisan di buruan imahna.

Breeg...barudak leutik ngabrul, ngaronyom ka mobil anu karek datang. Teu sirikna dirampa, diusap lain bohong. Mang jamal nyerangkeun ti kajauhan, na saha atuh anu boga eta mobil. Kapanasaran leungit waktu tina jero mobil kaluar hiji jelema. Dedegan sidik, moal pangling sanajan kasilep ku pakean anu teu biasa di lembur. Calana lepis sarta dikameja biru langit garis-garis, teu poho dasi ngagantel tina beuheungna. Buukna semu beureum ngajiripit. Sapatuna herang ngagenclang katojo ku panon poe. Dituturkeun ku istri geulis lir bidadari ti kayangan teh lain bohong. Dangdanan sarua teu matut urang lembur. Make rok mini, teu kireum-kireum palebah pingping, anderokna dibeulah nepi ka luhur. Atuh tiap ngalengkah teh, gelempong pingping atra kamana-mana. Diselop jangkung, make tas leutik. Ditukangna awewe saumuran, ngan bajuna basajan pisan jauh tanah ka langit jeung maranehna. Ngangais budak leutik umur 2 taunan. Darman! Hate Mang Jamal surak. Kasono nu ngamomotan kanu jadi incu sigana bakal kaubaran.

"Indungna...indungna! Tingali tuh nu datang!" Mang Jamal teu sirikna lumpat ka dapur ngageroan pamajikanana.

"Aya saha Bapana? Meuni rareuwas!"

"Buru tingali itu kaluar! Geuwat salin bisi ngerakeun!" Mang Jamal muru pangkeng seja ganti baju anu biasana dipake ka sawah ku baju anu merenah.

"Baruk si Darman jeung pamajikanana," Bi Eha timbang olohok ningali ka nu anyar datang.

"Ema...Bapa, araya?" sora Darman kadenge.

"Aya...aya, buru ganti pakean ngadon ngahuleng kitu," Mang Jamal noel pamajikanana nu keur noong tina jandela.

"Aeh enya nya," Bi Eha gura-giru ka kamer.

"Jam sabaraha ti kota? Paingan ti kamari inget wae kanu jadi incu. Alah apal rek datang mah meureun Bapa nyiapkeun kadaharan karesep hidep," Mang Jamal mencrong anakna. Paneuteupna pindah muru nu dipikasono, nyeta incuna nu keur diais ku awewe gigireun minantuna.

"Teu ngahaja Pa ka dieu teh. Pedah tadi tos ti uleman, ngalangkung ka dieu. Janten teu nyandak nanaon. Nih De, rumah Kakek!" Darman ngais budakna. Dinangna-nengne sarta dibikeun ka bapana.

Aya nu ngajeletit kana ati ngadenge ucapan Darman. Ning nu jadi anakna lain karna ihlas jeung ngahajakeun nepungan ka nu jadi kolot. Ieu mah pedah cenah ngaliwat. Tapi hatena kaubaran bisa ningali incu kameumeut.

"Ehm...alhamdulillah, geuning aya Darman jeung si Kasep," Bi Eha norojol sarta langsung ngais incuna nu keur diais ku Mang Jamal.

"Kadieu Cu nya, ka Enin. Sono Enin teh," Bi Eha nyiuman incuna.

"Sum, bawa Dedenya nanti gerah!" Pamajikan Darman ngareret ka pangasuhna, siga teu panuju anakna digulang-gaper aki-ninina.

"Oh iya, Bu!" Teu talangke budak di bawa kaluar.

Sanajan sono kanu jadi incu, teu bisa majar kumaha. Tapi hate kacida bagjana. Kadatangan anakna ti kota estu geus jadi pangreueus keur maranehna. Kadatangan Darman jeung pamajikanana sarta mawa mobil, geus nambahan komara Mang Jamal di eta lembur.

Bi Eha cakah-cikih nyadiakeun kadaharan anu panghadena demi mupujuhkeun anu anyar datang. Teu sirikna sagala dijieun asal semah ngarasa senang. Keur popolahna kapaksa ngageroan Bi Jumi tatangga deukeutna ngarah pagawean tereh beres.

"Melak naon ayeuna, Pa?" Darman muka obrolan.

"Kacang panjang, ngan ah kitu teu kajadian," Mang Jamal humandeuar.

"Teu kajantenan kumaha, Pa?"

"Nyeta teu beubeunangan harga, kamari ge karek panen sakali ngan beunang dua puluh rebu. Jadi kaitung sakilo teh ngan dua ratus."

"Baruk dua ratus. Naha da di kota mah sakilo teh opat rebu."

"Nyeta kieu ari nasib di lembur mah, Man. Angger we nu senang mah nu boga modal. Ari patani mah angger we tingkoceak. Majar teh ceunah kacang panjang mah ceuyah, jadi euweuh hargaan."

"Mam, ternyata kacang panjang di sini harganya dua ratus. Murah ya?" Darman ngareret ka pamajikanana.

"Mending beli saja di sini ya Pi, kalau dua ratus. Beda dengan di kota yang sampai empat ribu."

"Yu, Pa ah urang ningalian ka kebon!" Darman ngajakan Mang Jamal.

"Hayu atuh!"

Bapa jeung anak patutur-tutur leumpang mapay galengan. Sakapeung Mang jamal nuduh-nuduhkeun sawah anu aya digigireun kebonna. Teu poho nataan tanah atawa sawah anu rek dijual ku batur, susuganan atuh anakna boga niat meulian tanah di lembur pikeun investasi kahareupna.

"Pa, ning kacang panjangna teu acan dialaan deui?" Darman melong kana kacang panjang anu marontod pikabitaeun.

"Lah diala ge kateuteuari, beak-beak tanaga atuh ari ngan saukur dua ratus mah. Rugi ku tanaga. Komo Bapa geus kolot. Eta ge sok aya nu meuli, ah ngala sorangan we. Sakahayangna rek loba oge. Keun we antep keur binih, engke ge aya nu butuheun," Mang Jamal ngomong panjang lebar.

"Emut kacang panjang teh, emut ka Bapa Mitra. Resepeun pisan kana kacang panjang teh, meh unggal dinten meser wae."

"Baruk besan resep kacang panjang? Sok we atuh mawa sing loba keur ka kota. Jeung bisi rek dijual di ditu, malaur di dieu mah euweuh hargaan."

"Ah enya bade nyandak, Pa."

"Sok we sakahayangna!"

Dibantuan Mang Uju, Mang Caca, Bi Enin tatangga anu deukeut imah, kacang panjang diala. Darman katut minantuna timbang tutunjuk wae. Bentik curuk tamba tutunjuk teh lain bohong. Sadayana sumuhun dawuh, teu daek mungpang. Inggis dibendon. Komo ieu nu nitahna urang kota nu jugala. Leuh pisakumahaeun mereun lamun teu daek teh. Kabeh pada ajrih dititah ku nu anyar datang ti kota. Orang kota tea atuh piraku we teu mere saanu, aya gerentes leutik dina hate Mang Uju, Mang Caca, oge Bi Enin.

Mang Jamal mah leos we ka imah, teu maturan anu keur ngala kacang panjang. Manehna cakah-cikih mantuan pamajikanana anu keur popolah keur bahaneun anakna ka kota.

"Enyaan panen yeuh, loba oge kacang panjang teh, lumayan cangkeng asa pasiksak." Mang Uju nyolongkrong nyampeurkeun sanggeus beres ngalaan kacang panjang.

"Nya ngala sakumaha kitu?"

"Kabeh we dirampid, da ceuk budak didinya. Tuh mobil oge kuat ka metet ku kacang panjang, sawareh mah diteundeun di luhureun mobil."

"Geuning diala kabeh."

"Enya, lebar cenah daripada teu diala, kuriak kolot dina tangkal wae."

"Keun we atuh sugan bisa dijual di kota, da cenah harga diditu mah opat rebu."

"Milik gede atuh, Mang."

"Aamiin...!" Mang Jamal ngahaminan.

-=oOo=-

"Mana indungna deungeun sangu teh? Tadi mah katingali rempeg, make asa ningali goreng hayam sagala."

"Beak lah teu nyesa."

"Beak ka mana?"

"Ih, pan sagala ge di bawa ka kota. Da jol itu resep, ieu beuki, nu ieu raos, nepi ka goreng jengkol dibawa da ceunah sok ni'mat tuang, nya kabeh we dibawa ku minantu, euweuh nu nyesa."

Rasa lapar nu aya jadi leungit, teuteupna manco kana boboko nu eusiuna saeutik deui.

"Ari tatangga anu mantuan geus dibere?"

"Boro-boro dibere da euweuh nanaon, pan ceuk kuring ge kabeh dikerid."

"Popolah deui we...!"

"Mana atuh duitna, teu boga pisan. Tadi ge can dibayar ka warung."

"Ari sugan teh Darman ngeu..."

"Ngeupeulan, bororaah. Sugan teh mere ka di dinya," Bi Eha ngomong semu ambek. "Jaba urang kudu muruhan ka nu tadi ngala kacang panjang jeung ka nu mantuan di dapur."

Di langit panonpoe mimiti amitan. Sesa-sesa cahaya masih katojo samar, amitan ka saniskara mahluk seja ngampih ka panyirurukan. Alam madhab mimiti reupreupan. Mere tangara ka mahluk nu kumelendang di bumi sangkan ngampih ka imah. Tapi teu kitu keur Mang Jamal. Ti tatadi ngajengjen dina dapuran awi, merhatikeun kalawan gemet kana tuturus kacang panjang anu carang teu aya buahan. Tuturus nu isuk tadi masih leubeut, meuhpeuy ku kacang panjang. Paneuteupna beuki gudawang nilik-nilik kacang panjang nu koredas. Teu sirikna nu pentil kabeh diringkid euweuh nu nyesa. Pon kitu deui kacang panjang nu paranjang koneng nu diajam keur pibiniheun, teu nyesa.

Tina juru panon teu karasa aya nu murag, haneut maseuhan pipi anu geus kemong balas mikiran kahirupan. Tunggara kabina-bina. Tuturus anu dijieun make tekad jeung cinta sangkan ngahasilkeun palawija anu mundel, mundel dina urusan harga, teu ngabukti. Katurug ayeuna Mang Jamal kudu nauran hutang ti ditu ti dieu. Geus puguh hutang urut miara tatanen, ayeuna beuki baranahan. Datang anakna lain keur nyenangkeun sumawona kabagja, tapi nambah lara nalangsa nu beuki rosa. Kilangbara mere ka nu mantuan buburuh ngala tatanen, atuh mere ka nu jadi kolot.

Turus pangharepan anu salila ieu dipaheutkeun dina hatena, lalaunan caroplokan. Pangharepan nu salila ieu digemuk ku cinta nu maneuh, ayeuna saeutik-saeutik maluguran, neundeun karaha nu moal laas nepi ka iraha wae. Turus pangharepan kari waasna. Aya nu bedah tina kongkolak panonna teu katadah. Lir bedahna tangisan Dewi Sri nu ceurik balilihan teu diangkir cicing renggenek dina lahan nu salila ieu dijadikeun pangreureuhan, dijadikeun pangniisan. Teu diondang ku patani nohonan jangji ngahasilkeun leuit nu sugih mukti. Jeritna Dewi Sri parat kana jajantung jeung hate Mang Jamal nu mingkin gudawang mikiran kahirupan. (*)


Nina Rahayu Nadea
Turus Pangharepan Turus Pangharepan Reviewed by Rupa Sundapura on 12.53 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.