Teu Tulus Bedo

Fiksi Mini Basa Sunda

"Atos sapuk ieu teh?" Erte ngayakinkeun deui ka sakumna nu hadir.

"Cukup, Te! Piraku sugan kurang hiji mah ku Haji Duleh teu ditutupan," Mang Sarman nyelengkeung.

Bungah kacida, usulan arisan kurban ditarima ku kabehan. Cita-cita hayang kurban sapi jigana bakal kacumponan taun ieu. Rumasa usaha koreh-koreh cok, pimanaeun bisa milu udunan sapi sakaligus. Insya Allah ari diarisankeun mah, rek mereketkeun kukumpul. Sugan bisa ngumpul sajuta tilu ratus perak, sataun.

Waktuna Lebaran Haji kurang ti sapuluh poe deui, nu lunas karek sapuluh urang. Piduapoeeun kana waktuna, genepan ngabolaykeun. Alesanna rupa-rupa.

"Budak hapena ruksak, keukeuh kudu di gentian," ceuk Mang Kirman.

"Kacoceng ngomean motor, pugag gawe tuda mun teu diomean mah," alesan Mang Dahri.

"Gagal panen, harga bonteng keur goreng pisan," Mang Kusman boboleh.

Hanjelu! Jigana taun ieu can bisa kacumponan miluan kurban.

Tan ibar ti anggalna, bada Asar piisukeun lebaran, ngurunyung mobil bak, mawa sapi.

"Alhamdulillah, jadi kurban teh," ceuk Erte bari maraban sapi. (*)


Wawan Herawan
Teu Tulus Bedo Teu Tulus Bedo Reviewed by Rupa Sundapura on 13.04 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.