Randa Jegud Cikapundung
Warung Bi Rohaetin nu aya di pertelon Cikapundung kaimpungan pisan ku barudak ngora, pangpangna pamuda pantar Kohar, Tarmedi, Sumpena, jeung Sobirin. Kitu deui barudak awewe nu keur meujeuhna rumaja putri, saperti Titin, Cicih, Cuwartini, jeung Hasanah. Nu jadi pamikatna dumeh di pakarangan warung teh disadiakeun lapang pingpong. Harita mah barudak ngora teh keur meumeujeuhna reresepan maen pingpong. Ongkohna deui maen pingpong mah biayana kaitung irit. Bola sasiki teh kanjat dipake ku sababaraha urang. Beda deui jeung bulutangkis, kok hiji teh paling kapake dua kali maen.
Beres maen pingpong, tuluy marudun ka musola Haji Bakir muru solat Maghrib barjamaah. Keur meujeuhna karumpul bari sempal guyon, lar Ma Dedeh liwat disasamping jangkung mantas beberesih di tampian deukeut musola.
"Ehem...!" Kohar teu kurah-karuh dedehem.
"Dusun sia teh Kohar," ceuk Bi Rohaetin ngadilak.
"Naon...da ieu mah ngadehem sotenan getek tikoro deuleu," Kohar ngabohong.
"Aing ge nyaho lah, maneh teh ngadeheman ka Ma Dedeh, dumeh randa anyar," ceuk Bi Rohaetin bangun timburuan.
"Cemburu ni yeeehh..." ceuk Kohar bangun mapanas.
"Nyao lah," tembal Bi Rohaetin bari ngagejis asup ka warung dibarung paroman jamotrot sari nu ngemu kakeuheul. Di dituna mah Bi Rohaetin ngarasa panas, dumeh Kohar bangun nu neundeun hate ka Ma Dedeh. Padahal umur Kohar jeung Ma Dedeh teh ganjorna ge aya kana lima welas taunna. Meujeuhna we sing disebut anak ge. Tapi lantaran Kohar teh baleg dodolo, jigana nini-nini ge katempona teh jiga parawan.
Di lelewek Cikapundung mah Ma Dedeh teh kaasup randa jegud. Manehna teh kakara saratus poe ditinggalkeun maot ku Pa Taswan. Sedeng geus pada apal ari Pa Taswan teh keur ukuran lembur Cikapundung mah kaitung bos kopi, nu ngabogaan kebon kopi aya kana dua hektarna di Lampung. Mun harga keur alus, duit salawe juta mah tina samusim teh geus pasti mesakan. Can engke tina buah panyelang, copelna duit sapuluh juta wae mah pasti kabagean. Jadi sanajan ayeuna ditinggalkeun maot ku Pa Taswan, pikeun kaperluan dahar jeung make mah moal kakurangan. Matak pantes mun kiwari Ma Dedeh pada ngerong teh.
Ngaraning jadi randa, teu kolot teu budak, di lembur mah sok jadi bahan kacapangan balarea, malah deukeut-deukeut jadi sabiwir hiji urang lembur nu sok resep ngupat. Boh di warung boh di tampian, carita ngeunaan randa teh teu eureun-eureun jadi bahan wangkongan. Ceuk paribasa tea mah, jadi randa teh ibarat ucang-ucang dina biwir batur. Indit ka mana-mendi teu leupas tina paneuteup jeung tina panyangka batur, kitu ge sangkaanana teh teu jauh tina suudzon bae.
Ari anu dijangjaruhkeun ka Ma Dedeh teh taya lian Aki Wihandi, lalaki umur genep puluhan. Aki Wihandi teh ditinggalkeun maot ku Ibu Eli, guru SD Karangsetra, geus aya kana sataunna. Sabulan-sabulanna Aki Wihandi teh sok nampa pangsiunan kira-kira sajuta leuwih. Lantaran anakna nu tilu geus rumah tangga, keur ukuran hirup di kampung mah duit sakitu teh baris picukupeun weh.
Aki Wihandi teh lian ti dipikolot ku urang lembur Cikapundung, manehna teh sok daek tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah. Upamana bae ka nu tijalikeuh atawa nu ragrag tina tatangkalan. Jadi manehna teh sok pirajeunan menerkeun urat atawa tulang nu misalah. Sakur nu diurut ku manehna, Alhamdulillah sok diijabah ku Gusti nu Maha Suci, calageur sabihara-sabihari deui.
Dina hiji waktu Ma Dedeh mantas ti sawah, nganteuran nu keur ngoyos. Teu ku hanteu lantaran mapay galengan bari langah, manehna tikosewad dina gawir nepi ka tuurna misalah. Geus kitu lantaran teu bisa leumpang sorangan, balikna teh kapaksa digenjang ku Bi Itoh jeung Bi Mae. Datang ka imah tuurna beuki ngabareuhan. Atuh saanakna-anakna nu awewe kariripuhan.
"Ma, ambeh tereh cageur urang neang Aki Wihandi, nya?" ceuk Hodijah bari ngubaran indungna ku jahe meunang mekprek.
"Ah, entong teuing Aki Wihandi mah ngerakeun da lalaki," ceuk Ma Dedeh kurang panuju, ongkoh ragab meureun.
"Hayang diurut ku saha atuh, Ma?" ceuk Wanah bari nyenyekel baskom rek ngelap tuur emana ku cai cukalebu.
"Teang bae Ma Uhyi atuh, nitah ojeg," ceuk Ma Dedeh ka anak-anakna.
"Lah...Ma Uhyi mah geus kolot. Tanagana moal sabaraha. Osok soteh ngurut budak orok, ari ngurut kolot mah can kungsi kadenge," tembal Hodijah teu panuju.
"Heueuh, lah. Ema mah kuma maraneh bae."
Ceuk pamikir Ma Dedeh jeun teuing diurut ku lalaki oge, nu penting mah tereh cageur. Pan ari awak cageur mah rek ka mana rek ka mana oge laluasa. Barang dahar ge mirasa deuih.
Geus kitu mah Hodijah nitah salakina sangkan ngangkir Aki Wihandi. Teu pati lila, Suhadma salakina Hodijah geus mucunghul deui.
"Kang, kumaha cenah?" ceuk Hodijah ka salakina.
"Bada Isya, ambeh salse cenah," tembal Suhadma bari terus ngoyongkod ka musola rek muru berjamaah Magrib.
Ti beh lebak kadenge sora kohkol dituturkeun ku sora bedug. Geus kitu ngong sora adzan Magrib tina spiker. Sorana kadenge halimpu tur ngalanglaeu. Geus pasti eta teh sora Sobirin, anak Ki Burhan jebolan pasantren Padaroke. Boh adzan boh ngaji sorana matak dedengeeun.
Ceuk Ma Dedeh dina jero hatena, karasana ti wanci Magrib nepi ka Isa teh asa ku lila-lila teuing. Eta meureun pedah keur nandangan kanyeri, katambah-tambah inget ka salaki nu ninggalkeun tilu bulan ka tukang. Ku anak-anakna ge dititah dahar ukur sahuap dua huap. Teu mirasa cenah dahar teh.
Teu sabaraha lila sanggeus adzan Isa kadenge sora anu guntreng. Ngobrol, tapi teu jelas, kapirengna teh bangun nu haruwas-harewos.
"Assalamu'alaikum!" ceuk sora ti luar.
"Wa'alaikum salam," tembal Ma Dedeh jeung anak-anakna meh bareng.
Barang bray muka panto, sihoreng Suhadma diiringkeun ku Aki Wihandi. Harita teh Ma Dedeh keur dirariung ku anak-anakna katut incu-incuna.
"Karaos naon atuh, Ma Dedeh?" ceuk Aki Wihandi bangun kararagok.
"Lah...puguh tadi beurang tikosewad di galengan sawah. Ari geus kitu tuur nilep katindihan awak. Naaa...ari rek hudang teh bet karasa nyeri. Untung bae aya Bi Itoh jeung Bi Mae nu keur ngoyos. Nya bisa mulang teh dumeh digenjang ku duaan. Mun teu kitu mah, weuh cilaka moal bisa balik," ceuk Ma Dedeh nyarita panjang lebar.
"Palebah mana Ma Dedeh nu karaos nyeri teh?" ceuk Aki Wihandi bangun asa-asa.
"Eta wae...palebah tuur, tingali geura mani bareuh kitu," ceuk Ma Dedeh bari nembongkeun tuurna nu jiga humbut. Ma Dedeh tea pakulitan nyeplak bodas, awak gemeyek. Tong boroning pantar Aki Wihandi atawa Haji Bakir, nempo awak model kitu mah si Kohar jeung Si Sumpena oge mo teu kabitaeun.
Keur kitu di luar sada aya nu tingcikikik, nahan piseurieun ti dituna mah.
"Ehem...!" kadenge sora nu ngadehem.
Aki Wihandi rada curinghak. Geus kitu nyeh manehna seuri.
"Ka dieu kehed harayang ngopi mah, tong kalantang-kulinting di pipir imah," ceuk Aki Wihandi bangun geus loma jeung geus teu asa-asa deui. Ku manehna geus kabade, nu ngarintip di luar teh pastina ge si Kohar jeung batur-baturna.
Plong panto hareup dibuka ku Suhadma.
"Sok ka darieu euy, urang ngaropi!" ceuk Suhadma darehdeh naker.
Si Kohar sabatur-batur eleh geleng. Manehna katembong tingkelemes bari arasup ka patengahan. Geus kitu mah Hodijah pak-pik-pek nyadiakeun dahareun.
Sabot kitu Ma Dedeh kadenge aduh-aduhan diurut ku Aki Wihandi. Teu pati lila manehna reup sare bangun nu tibra pisan. Bari ngaropi, nu araya di dinya kadenge saleuseurian bari nyaritakeun calon presiden nu rek manggung bulan Juli nu bakal datang.
"Kang Suhadma, rek iraha nyieun balandongan?" ceuk Kohar ngaharewos bari nunjuk ka Aki Wihandi.
"Balandongan keur nanahaon atuh?" tembal Suhadma palahak-polohok teu ngartieun.
"Pan rek taeunkeun eta...jeung itu...," ceuk Kohar bari nunjuk ka Aki Wihandi jeung ka Ma Dedeh nu keur ngajebon.
"Wah...nyaneh mah ari ka kolot teh sok ngeleg," tembal Aki Wihandi kapiasem.
Geeerrr...nu araya di dinya kabeh sareuri, kaasup Hodijah jeung Wanah. Jero hatena mah eta budak teh jiga nyatujuan mun Aki Wihandi ngahiji jeung Emana. Harita teh Ma Dedeh geus kerek nyegrek bari ngararasakeun nimatna di alam pangimpian.
Lantaran geus ngagayuh ka tengah peuting, Aki Wihandi jeung Kohar sabatur-baturna pamit ka nu boga imah. Di luar sora lalay kadenge patingseleber nyamberan siraru nu kalaluar tina liangna. Angin peuting kadenge nebak daun cau nu geus menod ku ciibun. Geus kitu kadenge sorana nyeor katebak angin ninggang taneuh becek sabab sorena tas hujan gede.
-=oOo=-
Isukna deui sakabeh nu balanja ka warung Bi Rohaetin hariweusweus, patingkuciwes bari meusmeus deuleu gigir, yen tadi peuting Aki Wihandi ngalong ka Ma Dedeh. Alesanana, Ma Dedeh hayang diurut tuur pedah kamari tas tiguling di galengan sawah. Nu ngaliarkeun taleus ateul teh taya lian ti si Kohar nu peuting kamari milu ngopi di imah Ma Dedeh. Tungtungna beja pabeja-beja deui. Teu ditampian teu di warung, teu di pos ronda teu di musola, beja ngeunaan Aki Wihandi rek mileuleuheungkeun Ma Dedeh geus sumebar di sakuliah Cikapundung.
Kulantaran beja nu disebarkeun ku si Kohar kaleuleuwihi bari direumbeuy ku gedebul, Aki Wihandi jadi malik isin ku masarakat nu aya di dinya. Enya atuh, isin soteh ku kakolotan, kari-kari kiwari jadi bahan obrolkeuneun jalma sakampung Cikapundung. Manehna ngarasa maju jungkrang mundur jungkrang. Ari si Kohar sanggeus di luar kadenge ibur, manehna mah ngiles teuing ka mana, teuing ka kota teuing nyumput di imah dulurna. Tetela ari kitu mah, si Kohar teh kaasup jalma nu teu boga rasa tanggung jawab. Pikeun Aki Wihandi, ceuk tadi tea, maju jungkrang mundur jungkrang. Pibasaeunana teh meureun geus kagok asong, aing duda itu randa, nu penting mah batu turun keusik naek we.
Saminggu ti harita geus kadenge deui beja bawa si Kohar keneh yen Aki Wihandi geus sah ngadahup ka Ma Dedeh. Tah ti harita mah nu nyaritakeun kasus antara duda jeung randa teh jep wae jempling, lir ibarat gaang katincak. Tapi di sagigireun eta aya nu ngarasa hareudang bayeungyang, malah kabejakeun teu ngeunah dahar teu ngeunah sare, alatan Aki Wihandi nikah ka Ma Dedeh. Nu ngarasa hareudang bayeungyang teh taya lian iwal ti Bi Rohaetin, tukang warung di pertelon Cikapundung. Ti harita mun pareng Ma Dedeh balanja ka warung, atawa ngaliwat rek ka tampian diiringkeun ku Aki Wihandi, Bi Rohaetin teu weleh nembongkeun budi parangi nu haseum, pedah kabogohna direbut ku Ma Dedeh. Ku teu sangka geuning, cau ambon dikorangan, kanyere kapipir-pipir…
Sanggeus Aki Wihandi jeung Ma Dedeh ngahiji, carita ngeunaan randa jegud di Cikapundung, kiwari mah euweuh nu wanieun nyaritakeun deui. Ku kituna pamor Aki Wihandi salaku kokolot lembur kiwari mah mimiti nguniang deui. Aki Wihandi tetep dipikolot ku urang Cikapundung, malah beh dieu mah diperenahkeun jadi imam di musola Haji Bakir. Beja ti Suhadma, aki Wihandi jeung Ma Dedeh taun hareup seja ngalaksanakeun rukun Islam nu kalima, nyaeta munggah haji ka tanah suci Mekkah Al-Mukaromah. (*)
Ayo Yahya Heryanto