Gandrung

Fiksi Mini Basa Sunda

Gagal jeung gagal. Kukulutus. Ahirna nepi ka leuweung sanget. Tadi ge di landeuh pada ngabejaan ulah ngalanto ka lebah dinya. Teu diwaro.

"Kuma dewek!" Puguh ieu anu diteangan.

"Di dieu jalan pati aing!"

Nginum racun teu paeh, ngagoler luhur rel kareta bolay, ngaduruk maneh teu metu, sugan panggih jeung maung atawa onom. Modar teh tulus. Da sia gara-garana mah, Nyai! Abong kena rancunit, loba nu ngahelaran, aing disapirakeun. Siga nu mere harepan. Buktina cau ambon dikorangan. Jajauheun ka palupuh nangtung. Reg sisi jungkrang. Lungkawing. Dasarna batu cadas sareukeut.

"Moal gagal!" cekeng nyorowok.

Cikikik teh nu nyeungseurikeun. Sorana patingsaleor, matak kukurayeun. Ret ka lebah datangna sora. Kunti ucang-ucangan dina dahan. Disidik-sidik geulis oge. Leng. Lila meueusan. Jigana matak seuri ge bogoheun? Cek hate. Tuluy disampeurkeun. Kunti ngejat.

"Amit-amit!"

Ger nu surak awor jeung keprok. Dibarung suit. Teu kantun nu nyakakak. Nyel keuheul. Belewer mik ditenggorkeun kana tarang sutradara.

"Ari maneh!" Sutradara ngaheumbatkeun korsi. (*)


Herdi Pamungkas
Gandrung Gandrung Reviewed by Rupa Sundapura on 16.46 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.