Usaha

Barakatak

Mamang: "Emang mah sok heran ku jaman ayeuna, Jang. Eta ningali jelema ku laloba duit, duka meunang timana nya?"
Alo: "Ih ari Emang, puguh sami abdi oge. Abdi ge gaduh tatangga lamun di bumina kadangu aya sora orok ceurik pasti weh isukna atawa elatna tilu poe ti harita pasti meunang duit."
Mamang: "Alah...boa-boa, Jang."
Alo: "Nu hiji deui mah tatanggi istri, Mang. Mulihna teh sok Subuh wae bari dijajapkeun ku pameget gentas-gentos. Carogena mah dibumi wae, icalan bubur sareng batagor."
Mamang: "Nu tadi mah munjung boa Jang, lamun nu awewe eta boa bondon kitu?"
Alo: "Sanes Mang, nu tipayun mah padamelanana bidan, Mang. Pami nu istri tukang batagor mah purah kapasar, dijajapkeun ku ojeg."
Mamang: "Na ari maneh Sujang...ka kolot teh. (*)

Usaha Usaha Reviewed by Rupa Sundapura on 17.17 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.