Si Kabayan Maling Nangka

Dongeng Si Kabayan

Hiji poe Si Kabayan jalan-jalan. Manggih tangkal nangka di kebon batur. Nangkana geus aya nu asak. Si Kabayan kabitaeun. Atuh terekel we naek kana tangkal nangka. Nangka nu geus asak tea diala, terus dipurak dina luhur tangkal. Keur kitu torojol nu bogana. Si Kabayan digebah.

"Hoyah, Si Kabayan maling nangka!"
"Henteu, da," tembal Si Kabayan.
"Eta geutahna dina biwir, rapet?"
"Henteu, da diminyakan," tembal Si Kabayan deui. (*)

Si Kabayan Maling Nangka Si Kabayan Maling Nangka Reviewed by Rupa Sundapura on 10.10 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.