Oetjing Roesdi

Roesdi djeung Misnem

"Ĕmang! Geus ningali oetjing koering?"

"Atjan," djawab pamanna.

"Geura oerang tjaloekan. Meng, meng, tjing, tjing, tjing."

"Misněm, kamana si Pintjang?"

"Naha, Djang, aloes teuing ngaran oetjing teh, bět si Pintjang?"

"Da eta soekoena pintjang, ěmang! Bareto katinggang soeloeh. Mana ajeuna oetjingna, Misněm?"

"Eta soegan, noe brag-brig-broeg di para."

Tjoeit, tjoeit, tjoeit; tjit, tjit, tjit...

"Euleuh keur newak beurit meureun!" Toeh geuning, da Ä•nja! Beuritna koe si Pintjang dibawa ka Roesdi.

"Toeh mang, si Pintjang mah, ari meunang beurit teh sok ditembongkeun ka koering! Pangabisana si Pintjang rea pisan, naek, loentjat, disada, djeung ngodjaj."

"Wah, moal ěnja aja oetjing bisa ngodjaj!"

"Ih! Bisaeun, mang geura tingalikeun." Si Pintjang diděpakeun koe Roesdi, bari diasoj-asoj, kawas noe ngodjaj, boentoetna ditarik.

"Toeh, Mang, ngodjaj ari kitoe teh!"

"Edas! Ĕnja bae," tjeuk paman Roesdi.

Oetjingna rada keuheul ka Roesdi, pek malikan, ngoet kana beungeutna, toeloej loempat ka leuit. Roesdi amběkeun pisan ka si Pintjang.

"Toeh oetjingna asoep ka leuit, Di!" omong pamanna.

"Da oenggal poe oge sok di leuit bae, noenggoean pare, bisi koe beurit. Lamoen parena beak, ti mana koering nja dahar, atoeh moal lintoeh," tjeuk Roesdi.

"Hih! Sia mah ngan barang hakan bae kabeuki teh. Koemaha moen beuteung sia kemboeng teuing, toeloej ngapoeng kawas balon?" (*)

Oetjing Roesdi Oetjing Roesdi Reviewed by Rupa Sundapura on 17.22 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.