Sasakala Legok Cibuang

Ceuk ujaring carita, jaman baheula di wewengkon Kabupaten Sumedang beulah kidul, aya hiji kalurahan anu katelah Cipawenang. Kahirupan rahayat Cipawenang beunang disebutkeun ayem tengtrem, sepi paling lowong rampok, hurip gusti waras abdi. Rek aya paling ti mana da kabeh rahayat kaitung jalma carukup. Di Cipawenang teu kabejakeun aya rahayat kalaparan da sarerea pada boga, teu kebejakeun aya rahayat anu getreng da hirup sauyunan silih tulungan silih talingakeun. Kayaan kahirupan anu kieu teh hasil tina karageman karep sakumna rahayat jeung pangjejer Ki Lurah Bangsit anu wijaksana mingpin lembur jeung dulur bari leuleus jeujeur liat tali, wijaksana jeung toweksa. Nu masakat diupahan, nu leutik diampihan, nu aya dipernahkeun. Kabeh rahayat ditanya diriksa tur diajak babarengan ngaraharjakeun baraya sadesa.

Dongeng Buhun

Ki Bangsit teh lebah dinyana mah kaitung lurah anu sukses jeung kapake ku rahayatna, ngan lebah mingpin jeung ngalelempeng anak-anakna mah kaitung rada gagal. Di antara lima anak-anakna, ngan saurang anu kaitung rada nurun ka bapana teh nyaeta anakna anu bungsu anu katelah Ki Wanogati. Tos tembong ti keur leutikna, Ki Wanogati geus daek kuru cileuh kentel peujit keur nyukcruk elmu nyiar luang bekel hirup akur jeung papada urang. Diparengkeun calakan encer uteukna bari daek tetelepek. Diajar elmu penca silat teu kudu lila-lila keur ngawasa rupa-rupa jurus. Di pasantren, Ki Wanogati mah geus dipercaya jadi lurah santri. Ku kituna masantrenna teh teu jadi santri mikung nu ngan kabagean budugna wungkul, tapi jadi santri anu bener-bener ngawaris elmu agama jeung darigama nu diwiridkeun ku ajengan.

Ari anak-anak Ki Bangsit anu opat deui mah, kayaning Ki Gagak Sangkur, Ki Sacagati, Ki Sogati, jeung Ki Cengkok, kagegedeanana teh ngan ukur jadi pamuda barandalan anu gawena ngan ukur "hardolinhes" nyaeta dahar, modol, ulin, jeung hees. Mun dalahar kawas nu kasurupan, kejo kudu saboboko, nya tangtu podolna ge ngadungkuk. Mun ulin teu weleh kamalinaan. Mun hees kawas bangke tara beunang di gugubrag da peuting dipake ngalong ari beurang ngabebengkang bororaah inget kana solat lima waktu.

Nya kaayaan barudakna anu opat ieu anu matak jadi gering pikir Ki Lurah Bangsit teh. Era ku tatangga jeung rahayat mindeng aya nu laporan anak-anakna harak ka batur jeung sok ceceremed daek menta teu bebeja alias maling barang batur.

Dina waktu ieu, gering pikir Ki Lurah Bangsit teh beuki nambahan. Harita geus lila hujan teu turun dina waktuna, halodo entak-entakan. Tatanen kagaringan, cari inumeun keur rahayat sadesa jadi saraat. Kasangsaraan ieu katambah ku ayana sasalad panyakit anu mateni. Jalma anu katerap ieu panyakit teu aya nu menyat deui. Kaserang isuk maot peuting, anu kaserang peuting maot isuk-isuk. Ki Lurah Bangsit jeung kokolot lembur geus lila mikiran piubareun ieu panyakit. Sababaraha kali ngayakeun rapat tapi can aya nu bisa neangan piubareun jeung cara meruhkeun jurig panyakit.

Hiji sore, Ki Bangsit ngondang deui kokolot lembur, punduh jeung lima anak-anakna.

"Ngahaja ku Kami diondang deui. Cik Ki Punduh, Ki Olot, jeung anak Ama anu lima. Bantuan mikiran kumaha carana neangan piubareun ieu sasalad panyakit."

Anu pangheulana ngawalon teh Ki Sacagati, anakana anu kadua.

"Ha...ha...ha...ari sugan Ama teh rek babagi raskin. Tohobaat...Abdi mah teu wantun ari diadukeun ka tukang teluh mah." Kituna teh bari medal sila kaluar tina pariungan.

Ki Sogati kalah nuturkeun lanceukna, "Punten Ama, Abdi mah lapar teu acan neda ieu teh. Permios moal ngiringan."

Ngadenge pok-pokan dua anakna kitu, Ki Lurah pohara ambekna sasat diera-era ku anak di hareupeun umum. Awakna ngagidir, huntuna kekerot, leungeun tikekereket nahan ambek. Ki lurah Bangsit jug nangtung bari ngogorowok, "Siah...anak-anakan kitu patut ngawiwirang ka aing, dipodaran siah sakalian!"

Ki Lurah ngajengkat, maksudna rek ngajewang anak-anakna, ngan hadena gancang diburu ku punduh anu titadi mata simeuteun bakat ku reuwas nempo kajadian kitu.

"Olot lain molohok! Pegatan atuh bisi galungan!" Kituna teh bari ngagabrug Ki Lurah Bangsit anu awakna ngagidir bakat ku era jeung ambek.

"Atos Mas Lurah, ulah kateterasan, apan putra teh aya keneh nu sanesna, geura mangga taros itu Si Bungsu Wanogati. Eta mah moal ngerakeun, pasti sanggupeun."

Ki Wanogatii ngadenge ngaranna disebut ku Ki Punduh, manehna cengkat bari nyampeurkeun ramana, Ki Lurah Bangsit.

"Parantos Ama ulah kateterasan. Insya Allah abdi sanggem milari piubareun ieu sasalad panyakit. Mugi Ama ngadu'akeun sareng mercantenkeun ka abdi kanggo ngajak sadaya punduh sareng kokolot milari jurigna nu jadi bibit panyakit."

Sabada dipeper ku punduh sarta ngadangu kasanggupan putra bungsuna, Ki Lurah bangsit balik deui ka tempatna bari pok nyarita ka nu hadir. "Tah sukur atuh ari anak Ama teu sagebleg bari bago kasanggupan mah. Cik pok caritakeun ka Ama kumaha rarancang hidep teh. Barandungan Punduh, Olot, jeung barantuan!"

Gancangna carita, Ki Wanogati medar rencana keur neangan piubareun jeung sumber panyaktina. Ki Wanogati menta dibantuan ku punduh jeung kokolot di unggal lembur sangkan ningkatkerun ronda kampung bisi aya jalma luar anu nyiliwuri ngadon ngacowkeun lembur. Ki Wanogati oge menta idin ka ramana yen sing saha bae nu boga dosa ngacowkeun kaamanan lembur atawa ngahaja ngaliarkan panyakit ka rahayat, baris diusir ti lembur, dibaung ka tempat jauh.

Teu lila ti harita, geus jul-jol jalma nu lapor yen ieu panyakit teh sumberna tina cai nu diparake ku rahayat. Tetela cai nu ngamalir ka lembur sarta diparake beberesih jeung diinum teh ti girangna geus diawuran racun. Sabada diintip ku ronda kampung, tetela nu boga pamolah kieu teh taya sanes anak Ki Lurah anu opat jeung sawatara jalma anu implut lantaran sieun dirogahala ku anak-anak Lurah Bangsit.

Teu dililakeun deui, sanggeus sidik saha-sahana nu jadi jurig panyakit, ngan kerewek-kerewek bae eta jelema nu boga dosana ditewakan sarta langsung diusir ti lembur Cipawenang, dibuang ka hiji tempat di suku gunung nu jauh ti dinya. Di antara nu dibuang teh kaasup opat anak Ki Lurah nyaeta Ki Gagak Sangkur, Ki Sacagati, Ki Sogati, jeung Ki Cengkok. Opatanana teu aya nu wani ngalawan najan ka Adina memang teu wani jeung gelutna.

Tah, ti harita di kacamatan Wado, Kabupaten Sumedang aya desa anu katelah Legok Cibuang. Ayeuna eta pangbuangan jalma liwar teh geus jadi lembur anu subur ma'mur sarta rahayatna hirup tingtrim jauh tina pacengkadan, papaseaan. Eta teh taya sanes jasa Ki Wanogati anu teras ngurus jalma-jalma buangan harita. Di dinya Ki Wanogati ngadegkeun masjid jeung muka pasantrenna. Jalma-jalma buangan teh terus diwuruk dipasantrenna nepi ka sadar kana kasalahanana sarta tarobat ka Pangeran moal deui-deui boga laku goreng. Maranehna terus bebetah sarta ngarunday baranahan di dinya nepi ka jadi lembur gede tug dugi ka kiwari. (*)


Helins (Mangle No. 2301)
Sasakala Legok Cibuang Sasakala Legok Cibuang Reviewed by Rupa Sundapura on 17.53 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.