Si Kabayan Maling Dawegan

Dina hiji poe Si Iteung hayang pisan ngadahar dawegan. Manehna terus nitah salakina, Si Kabayan, anu harita keur sare di bale-bale imah. Atuh sanajan hoream oge, kencling Si Kabayan indit. Ti dituna mah karunyaeun ka pamajikanana nu harita keur nyiram dua bulan. Lamun teu diturutkeun sok bisi kumaha onam.

Dongeng Si Kabayan

Dina pikirna Si Kabayan, "Tibang buah kalapa mah loba di kebon mitoha oge."

Kabeneran kebon mitohana teh teu jauh. Barang anjog ka kebon, Si Kabayan terus ulak-ilik, tapi teu manggih dawegan hiji-hiji acan. Cape tatanggahan, pangangguran manehna ngalieuk ka beulah kenca, kasampak kebon kalapa Pa Haji keur meujeuhna meuhpeuy. Diilikan hiji-hiji, sugan manggih dawegan, ari heg teh mani loba.

Jorojoy dina pikiran Si Kabayan rek ngala sahulu dua hulu mah. Terus manehna luak-lieuk, kabeneran Pa Hajina euweuh.

Kalacat we Si Kabayan naek tangkal kalapa. Leungeunna metik dawegan nu nyampak hareupeun beungeutna. Sahulu geus dipuragkeun. Barang leungeunna rek ngarawael nu kadua, torojol Pa Haji datang, teung dimana jolna.

"Heh, maneh keur naon, Kabayan? Maling kalapa uing nya?" Pa Haji teu sirikna muncereng basa mireungeuh Si Kabayan aya di luhur.

"Aduh punten, Pa Haji! Punten pisan! Numawi abdi teh nuju milari jalan ka langit," tembal Si Kabayan mere alesan bari balaham-belehem. (*)

Si Kabayan Maling Dawegan Si Kabayan Maling Dawegan Reviewed by Rupa Sundapura on 12.29 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.