Si Kabayan jeung Ajengan (Bagian 1)
"Na ku naon tateh Jang Haji dibaguded bae kawas rada-rada gering?" saur Mama Ajengan bari nyampeurkeun Si Kabayan anu keur moyan dina emper imahna.
"Sumuhun Mama, rada panas tiris. Kawitna mah neang cai ka sawah, teras kahujanan".
"Ku Budrek we salesma mah, biasa na mah lumayan rada matih!"
Si Kabayan ngageroan pamajikanana supaya ngamparkeun samak jeung nyadiakeun leueuteun haturan Mama Ajengan.
"Wengi tadi mah Mama, nganggo sasar tulung-tulungan sagala pun lanceuk teh, sareng salirana mani nyebret panas," ceuk pamajikan Si Kabayan bari ngamparkeun samak.
"Ari sasar atawa gundam mah bisa jadi pangaruh tina panasna badan!" saur Mama Ajengan.
"Naha leres Mama, ruqyah sareng tilawah teh, eta dilarang ku ajaran Islam?" ceuk Si Kabayan.
"Sumuhun, dupi nu kakuping ku abdi mah ruqyah teh bangsa jampe-jampe atanapi rajah-rajah. Dupi tiwalah bangsa jimat-jimat tumbal, sapertos budak cacingeun digantelan kongkorong nu dieusian ku isim-isim."
"Sakanyaho Mama, boh jampe-jampe (du'a) atawa tumbal-tumbal, henteu sakabehna dilarang ku ajaran Islam. Nya eta mah gumantung kana sipatna bae. Mungkin aya jampe-jampe anu matak musrik, tapi mungkin oge aya anu luyu jeung ajaran Rasul Allah. Malah Imam Sjafi'i waktu ditaros ku Ar-Robi nyaurkeun, yen ngajampe teh lamun ku kalimat-kalimat tina kitab Allah jeung dzikir mah eta diwenangkeun. Nya kitu deui saperti anu diriwayatkeun ku Ibnu Sunny, saurna: 'Kungsi salah sawios garwa Rasulullah SAW bisul dina rema pananganana, lajeng ku Rasulullah diwurukan du'a anu kieu unina, Allaahumma mushagghiral kabîr wa mukabbiras shaghîr, shagghir maabii (Nun Allah Dzat anu ngaageungkeun perkawis alit, sareng ngaalitkeun perkawis ageung, mugi Gusti ngaalitkeun kana (ieu bisul) abdi."
"Atuh kapan dina Bukhori kacatur para sahabat mangjampekeun salah saurang pamingpin kabilah anu diseureud babakaur, sarta tuluy arunjukan ka Rasulullah SAW. tapi ku anjeunna henteu diwagel. Dina hadis-hadis sejen kacarioskeun Rasulullah oge ngalandongan nu diseureud babakaur teh, ngawasuhna ku cai uyah, teras dijampean ku Surat Qulya jeung palak-binnas, jeung rea-rea deui."
"Hal ieu nuduhkeun, yen henteu sakabeh jampe jeung tumbal teh dilarang. Atuh nu ngeunaan elmu gaib, nu biasa sok dipake nambaan nu gering, eta oge sakanyaho Mama mah henteu kabeh elmu sihir. Sabab ari elmu sihir mah, (biasana) jalanna teh ku ngabdikeun diri ka mahluk-mahluk anu gaib, sarta hasilna oge (biasana) tina sihir mah ngan saukur rupa-rupa kamudaratan bae."
"Tapi kade Jang Haji, ulah salah harti. Mama mah lain nganjurkeun diubar ku jampe-jampe atawa ku elmu-elmu gaib. Eta mah gumantung kana kaayaan panyakitna bae. Atuh lamun panyakit pisik (raga) nya tangtuna oge kudu diutamakeun tatamba ka dokter-dokter, kilinik-kilinik, jeung sajabana. Ngan lamun katarajang ku panyakit rohani, jaba ti tatamba ka dokter ahli jiwa, lamun rek diubar ku du'a-du'a (ruqyah, tiwalah) oge,eta ku ajaran Islam teu dilarang, asal sipat-sipatna bae ulah ngarempak kana tetekon agama."
"Nanging nya eta atuh Mama, abdi mah tatamba ku elmu sihir oge parantos ngalaman," ceuk Si Kabayan bari seuri.
"Kumaha hasilna?" saur Mama Ajengan.
"Alah, numawi..."
"Numawi kumaha?" (*)
Nyambung ka Bagian 2 |